BASA LULUGU JÖŊ BASAPRAJA
TARÉKAH SAŊKAN LANA*)
Ku Ayatrohaédi
(Ruruntuk pagawé nagri)
PamukaTaun 1864 Pamaréntah Hindia Walanda mindahkön pakәmitan Preanger Regent-schappen ti Cianjur ka Banduŋ. Dibandiŋkön jöŋ Batawi (nu diawalan ku Kalapa, néma ka Jayakarta, Batavia, mәntog di Jakarta), Buitenzorg (awitna mah Pakwan Pajajaran tur ayöna nәlah Bogor), Sumәdaŋ (mataholaŋna diwastu diya diŋaran Kutamaya), Ciamis nu karuhunna sohor Galuh téa), atawa Cirәbon (jujutanana ti Caruban, Sarumban, Carbon, malah kuŋsi diwalandakön jadi Cheribon), Banduŋ téh orok kénéh pisan. Mun harita gupernur jéndral H.W. Daendels nu kamashur katelah Mas Galak téa tö boga hojah ñiön dayöh añar saŋkan tö jolok töiŋ mah, sigana tug tәpi ka kiwari ogé uraŋ moal boga dayöh maŋaran Banduŋ nu jadi kaagul katut karöös urang saréréa, kaasup pisaröksökönana.
Saŋgös dibәnum jadi pakәmitan, orok téh morontod, boŋsor. Bubuhan sagala ka-pәrluanana dipupujuhkön pisan. Paŋpaŋna nu aya hubuŋanana jöŋ atikan, pamaréntahan, kabudayan, talimarga, jöŋ lian-lianna. Di antarana, ŋadәgkön sakola nu ŋajarkön basa Sunda. Basa Sunda nu diajarkön, taŋtuna ña anu kiwari ku uraŋ saur manuk disәbut basa lulugu téa.
2. Nu kumaha basa lulugu téh?
Lantaran Banduŋ jadi pakәmitan tur sakola nu ŋajarkön basa Sunda ogé babakuna aya di diña, munasabah pisan mun aya aŋgapan yén nu disәbut basa lulugu téh ña basa uraŋ Banduŋ, dialek atawa basapraja Banduŋ. Kuma tö rek kitu göra. Kapan D.K. Ard-winata (nu sok sanajan bapana uraŋ Bugis) nu bukuna loba digunakön minaŋka bacaan di sakola, matuh di Banduŋ. Atuh Suriadiraja, guru basa nu ñusun sawatara buku ajar jöŋ bacaan basa Sunda (Panjoengsi Basa, Gandasari) ogé sarua, matuh di Banduŋ.
Ku kituna, lamun dina Koŋrés Basa Sunda taun 1927 aya nu nulis makalah nu ösi-na maŋrupa patarosan, “(kәcap-kәcap) basa wәwәŋkon mana döi nu bisa diasupkön kana basa lulugu?”, sahәntöna ogé ña matak jadi patarosan. Atawa, jadi alәsan pikön nétélakön yén ari kitu mah basa lulugu téh lain basapraja Banduŋ, copelna ña tö sarua (sagәmblәŋ-na) jöŋ basa uraŋ Banduŋ. Ku kituna, basa lulugu basa Sunda mah hәntö tuturut mundiŋ ka döŋön. Kapan cék para widyabasaman mah, nu disәbut basa lulugu basa Pәrancis ña éta basapraja Paris, Iŋgris basapraja London, Sәpañol basapraja Madrid. Umumna basa-praja dayöh nu jadi pakәmitan nagarana. Nu rada béda téh basa lulugu Itali: lain basa-praja Roma, tapi basapraja Firenza atawa Florence, lantaran Dante Alighieri, sastrawan Itali nu kacida kawәntarna, matuh di éta dayöh.
Patarosan dina koŋrés bisa disurahan yén basa lulugu Sunda nu diajarkön téh, ari kitu mah ŋahaja dijiön! Saha nu ñiönna? Babari ñukcrukna: Moal saha, taŋtuna ña Suria-diraja. Sahәntöna anjönna ŋiriŋ marajian morojolna orok nu jadi basa lulugu. Sok sanajan tö cәples, jasa Suriadiraja téh tö kuraŋ ajen mun dibandinŋkön kana jasa Einar Haugen, jalma nu ŋalantarankön uraŋ Norwegia kiwari boga basa soraŋan. Kapan saméméhna mah, maŋsa Norwégia masih kabawah ku Dénmark, nu aya téh ukur basa Dénmark basapraja Norwégia. Saŋgös jadi nagara katut baŋsa nu sapantar, satata, sadarajat boh jöŋ Dénmark boh jöŋ Swédia, Haugen boga pamadәgan: hadéna mah nagara baŋsa nu mandiri boga basa soraŋan. Saŋkan kacapaŋan basa cicirén baŋsa ulah saukur kaagul uraŋ Sunda. Padahal dina pakumbuhan sapopoé maŋsa kiwari, nu löwih sәriŋ kabanduŋan téh, lamun lain basa Batawi atawa basa Malayu, ña basa nu siga basa Iŋgris!
Haugen taya röröhna, taya bosәnna “ŋadagaŋkön” basa ciciptanna, ŋagunakön meh sakumna sarana nu kaәroŋ bias ŋarojoŋ usaha. Babakuna ña sarana atikan, bacaan, tulisan, bari taŋtuna tara poho kana maksudna. Hasilna? Uraŋ Norwégia kiwari boga basa soraŋan, basa Norwégia, sok sanajan ari nurutkön widyabasa mah éta téh ukur basapraja basa Dénmark.
3. Ari basapraja, naon?
Dumasar kәkәcapanana mah, basapraja bisa dirucat jadi basa jöŋ praja. Duana-na ogé kәcap nu kacida lomana dina pakumbuhan uraŋ. Kapan aya kotapraja, swapraja, pamoŋpraja, lain? Dalah kiwari nambahan ku pulisi praja nu lain pulisi, sarua jöŋ gubәrnur jendral atawa sekretaris jendral nu tö kudu jéndral. Kapan maŋsa dijajah ogé, boh ku Kumpәni boh ku Hindia Walanda, di sakuliah Indonésia ŋan aya sauraŋ nu jadi gubәrnur jéndral téh. Mana urusan réréana mah bérés (sok sanajan kumaha ñurahanana ogé!). Saŋgös mәrdika, babakuna jaman orba, meh kabéh kaluŋguhan gubәrnur dicaŋkiŋ ku jéndral. Atuh kaharti mun urusan jadi löwih pakucrut ogé!
Tapi, saŋgös “dikawinkön” jadi basapraja, göniŋ réa nu araya di diö ogé kәruŋ? Ah, löwih loma kana istilah atawa kәcap dialék, öy! komәntarna. Tah, istilah dialék nu aya réŋkolna dina surat ogé: “Ngahirup-huripkeun Basa Sunda Lulugu jeung Dialék”, kitu unina (sabab ñutat, éjahanana ogé sakumaha buktina waé). Saәñana, sakuraŋ-kuraŋ-na sabasasundaön, istilah basapraja löwih mәrәnah manna dialék. Kapan hartina basapraja téh ‘basa nu digunakön ku praja atawa rahayat (di daérah atawa wәwәŋkon), padahal istilah dialék nah sahәntöna kudu bari iŋәt kana sajarah sagala!
Méré ŋaran hiji basapraja téh bisa babari, tapi tö mustahil hésé. Babari da uŋgal padumukan ogé bisa dipaké pikön ŋaranan basa sapopoé maranéhna. Lantaran babari, jadi hésé muguhkön. Aya basapraja Priangan, tapi ogé aya basapraja Sumәdaŋ, basapraja Buahdua, basapraja Ujuŋjaya. Aya basapraja Cirәbon, Majalәŋka, Jatiwaŋi, Buntu, Əntuk. Ti nu ŋawәŋku karәsidénan, kabupatén, kawadanan, kacamatan, désa, nәpi ka dukuh.
Hartina, nәpi ka kiwari ogé, sawala ŋönaan basa jöŋ basapraja can réŋsé. Barina ogé, tö kudu diréŋsékön, ŋarah para widyabasaman tö wәléh boga hanca. Aya éta ogé nu gös disaluyuan mah ŋönaan naon nu disәbut basapraja téh. Cenah, basapraja téh ñaéta pacaturan nu digunakön di hiji pakumbuhan, nu aya bédana jöŋ pacaturan di pakumbuhan lian (babakuna nu nataŋga), ŋan hәntö ari nәpi ka talimarga tö ñambuŋ mah, bubuhan éta pakumbuhan téh masih kawәŋku ku basa nu sarua. Sok sanajan aya waé salah paham mah, babakuna mun aya kәcap nu sarua tapi béda hartina. Babakuna kәcap nu aya patalina jöŋ kaayaan éta pakumbuhan. Contona, mun urang Kuniŋan ñәbut giraŋ, maksudna pasti ‘kulon’. Padahal, pikön uraŋ Jatiwaŋi hartina ‘kidul’, ari kör uraŋ Ciamis ‘kalér’. Boa kör uraŋ Tasik mah hartina ‘wétan’. Nu jadi cukaŋ lantaran gunuŋ Cirәmay nu ŋalaŋlauŋ di diña, tәmpat mimiti ŋamalirna waluŋan di daérah éta …
Aya döi cara ŋaranan basapraja. Hәntö dumasar ŋaran tәmpat kumaha kahayaŋ nu miboga eta pacaturan. Nu iö mah dasarna téh pangawәruh basa. Mun sög dititenan, uraŋ Sunda di daerah pawetanan, kayaniŋ Tasik, Ciamis, Majalәŋka, Kuniŋan, jöŋ Sumәdaŋ, tö sirikna uŋgal ŋambәkan wae kәdal ucap pakbәlәdug, paksәŋok, atawa pakgubrag téh. Padahal uraŋ pakulonan (Banduŋ, Cianjur, Sukabumi, Bogor parat ka Bantәn) dina kәdalna ogé ŋabәlәdug, ŋagubrag, töiŋ kumaha ari paksәŋok mah. Dumasar cirri-ciri nu aya dina pacaturanana, moal aya basapraja Priaŋan atawa Bantәn téh; nu aya ñaeta basa-praja pak- jöŋ basapraja ŋa-. Cara séjénna, kahirupan sapopoé nu digunakön téh. Upamana waé, kumaha disәbutna ‘kapala désa’ di pakumbuhan. Mun iö nu dipaké, mörön nu aya téh basapraja jaro, lurah, jöŋ kuwu.
4. Kumaha tarékah saŋkan lana?
Jadi, manan maseakön basapraja mana nu masih bias diasupkön kana basa lulugu, löwih ŋabadamikön kumaha tarekahna saŋkan boh basa lulugu boh basapraja bisa lana di-gunakön dina pakumbuhan sapopoé. Lain sakaiŋәt lamun ti aŋgalna kénéh aya dua ŋaran nu disabit-sabit: Suriadiraja jöŋ Haugen téh. Maksudna, batan hésé néaŋan carana, asa löwih hadé nurutan hojah éta dua inohoŋ. Kapan saәñana mah éta-éta kénéh waé nu tәpi ka kiwari digunakön ogé. Nu béda téh ukur carana, kawantu kiwari mah téknologi gös mәlәsat kadia kilat. Hartina, saranana mah éta-éta kénéh, ŋan kudu ŋamaŋpaatkön tékno-logi.
Jadi, sarana nu éta-éta kénéh téh maŋrupa atikan, bacaan, sawala, aturan (ka-wijaksanaan). Dina söhsöhanana, kabéh ogé ñokona dina kawijaksanaan, di antara nu ŋa-jirim dina dasar hukum, tujuan, cara, sarana atikan. Lian ti eta, tö kuraŋ-kuraŋ pәntiŋna ña taŋtuna ogé “bahan atahna”: murid. Tapi murid mah rék dikumahakön ogé nurut waé, da puguh tö tәraŋ nanaon.
Ku kituna, lamun nәpi ka kajadian walikota Taŋәraŋ kuŋsi brukbrak balaka moal rék ŋajarkön basa daérah (Sunda) di daérahna, tö salah-salah töiŋ. Sabalikna, éta téh tö bәnәr. Alәsanana, masrakat Taŋәraŋ dina pakumbuhan sapopoé méh tara ŋagunakön basa Sunda; jadi jaŋ naon ŋaajarkön nu méh mubadir? Hanjakalna, nolak basa daérah sabab mubadir, tapi ŋahucuhkön basa Iŋgris ti teka kénéh! Sarua mubadirna mah, ŋan basa Iŋgris mah aya onjoyna: dina maŋsana barudak téh pasti kudu diajar basa Iŋgris. Kapan para pamiŋpin ogé tara kәndat mәcut saŋkan para nonoman dialajar basa kosta (babakuna ña basa Iŋgris), cәnah mah “untuk mәŋәjar ketәrtiŋgalan di bidaŋ ilmu dan téknologi”. Pañaŋkana, mun rek jadi ahli ñiön jajamu, tәtәp kudu bisa basa Iŋgris, lain basa Jawa, Sunda, atawa Bali …
Sigana walikota Taŋәraŋ kitu kalakuan téh lantaran basa daérah (Sunda) dina kurikulum kiwari dijadikön muatan lokal nu bisa naon baé anu moal diujikön. Padahal baréto mah basa daérah jadi basa paŋantör nәpi ka kәlas tilu; ti kәlas opat jadi mata ajar wajib (di SR, lain di SD!).
Padahal Koŋrés Pamuda Sunda satәŋah abad nu kaliwat, dina salah sahiji hasilna ŋadoŋsok Pamaréntah saŋkan ŋajuŋjuŋ luŋguh basa daérah jadi basa rәsmi kadua di daérahna masiŋ-masiŋ. Padahal, réa pisan warisan karuhun nu can kaboŋkar naon waé ösina, lantaran kiwari nu bias maca naskah buhun jumlahna ukur wәwәlasan, ari naskahna dina hәntö ŋarewu ogé, ukur ŋaratus mah pasti …
Lian nu dituliskön dina basa lulugu (ah, harita mah can aya basa lulugu kétah!), naskah buhun tö kuraŋ-kuraŋ nu dituliskön dina basapraja. Kaasup nu dina basa Cirәbon. Ku kituna, basapraja ogé kuduna mah ulah diharamkön diajarkön, maŋrupa cukaŋ saŋkan ŋarti basa lulugu.
5. Pamunah
Antukna mah kabéh ogé mulaŋ ka uraŋ. Kapan saur Haji Hasan Mustapa ogé,
Ŋalantuŋ batur sakuruŋ
kuraŋ pakuraŋ pakuriŋ
kuriŋ pakuraŋ pakuraŋ
kuraŋ pakuraŋ pakuriŋ
kuriŋ pakuriŋ pakuraŋ
kuraŋ pakuraŋ pakuriŋ
2 comments:
OH KITU, kakara eungeuh kuring mah. Nuhun ah.
OH KITU, kakara eungeuh kuring mah. Nuhun ah.
Post a Comment