Babasan Jeung Paribasa

adam lali tapel
poho ka baraya jeung poho ka lemah cai

adat kakurung ku iga
adat nu hese digantina

adean ku kuda beureum
beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur

adigung adiguna
gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana

ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan)

Monday, August 4, 2008

GERAKAN NGAGUNAKEUN BASA SUNDA

GERAKAN NGAGUNAKEUN BASA SUNDA
DI LINGKUNGAN PAMARÉNTAH
Ku Bupati Bandung


BUBUKA
Kasang Tukang
Pancén utama Basa Sunda nya éta alat komunikasi, sedengkeun konstruksina mangrupa ayat-ayat anu panjangna kauger tur puguh watesna (Yudibrata, 1990:11).
Kiwari Basa Sunda téh mibanda kalungguhan jadi basa daérah luyu jeung UUD 1945, Bab XV, penjelasan pasal 36 yén wewengkon-wewengkon anu mibanda kénéh basa daérah saperti Basa Sunda, Jawa, Madura jeung Bali anu dipiara tur diparake kénéh ku masarakatna, basa daérahna bakal dipiara tur diajénan ku nagara. Ari sababna éta basa-basa téh mangrupa salah sahiji unsur kabudayaan Nasional.
Sakumaha anu dicindekkeun ku Seminar Politik Bahasa Nasional di Jakarta tahun 1975 yén patali jeung kalungguhannana jadi basa daérah, Basa Sunda téh mibanda kagunaan jadi lambang kareueus daérah, lambing identitas daérah, pakakas gaul di lingkungan kulawarga jeung masarakat daerah, basa panganteur di sakola dasar ti mimiti kelas I nepi ka kelas III, pangrojong basa Nasional jeung pangrojong sarta pamekar kabudayaan Nasional (Bahasa dan Sastra tahun I No. 1975).
Pon kitu deui dina Garis-garis Besar Haluan Negara, hususna dina widang kabudayaanana, ditétélakeun yén pembinaan basa daérah dilaksanakeun dina raraga mekarkeun basa Indonésia katut budaya Nasional minangka salah sahiji sarana idéntitas Nasional.
Luyu jeung pedaran di luhur, Basa Sunda minangka salah sahiji unsur budaya daérah perlu dipiara jeung dimumulé. Lumangsungna interaksi jeung komunikasi di lingkungan masarakat Sunda kudu “ajakan” pikeun Basa Sunda jadi basa daérah.
Masalah
Ayana kontak budaya masarakat Sunda jeung tatamu ngabalukarkeun loba dipakéna “Basa Indonésia – Jajakartaan” dina komunikasi masarakat Sunda jeung sasama masarakat Sunda pon kitu deui jeung tatamu. Upama situasi teu nyunda ieu téh henteu ditarékahan tinangtu bakal langka nu bisa Basa Sunda, antukna éksistensi Basa Sunda gé bisa-bisa musnah.
Ku kituna, pamaréntah daerah Propinsi, Kabupaten jeung Kota di Jawa Barat perlu netepkeun kawijakan nu bisa méré hawa keur hirup-huripna Basa Sunda.

GERAKAN NGAGUNAKEUN BASA SUNDA DI LINGKUNGAN PAMARÉNTAHAN
Dumasar Undang-undang Nomor 32 taun 2003 ngeunaan pamaréntahan daérah, dijéntrékeun yén hal-hal anu pangpokona dina sistim pamaréntahan daérah nya éta pelaksanaan otonomi daérah nu lega tur konkrit anu dipaparinkeun ka Propinsi, Kabupatén jeung Kota. Hartina, pamaréntahan Kabupatén téh boga kawenangan dina ngayakeun pamaréntahan ti mimiti rarancang, pelaksanaan, pengolahan jeung évaluasi.
Rarancang Gerakan Ngagunakeun Basa Sunda
Luyu jeung Peraturan Daérah Nomor 5 taun 2003 BAB II Pasal 2 ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara Daérah, gerakan ngagunakeun Basa Sunda saestuna ngandung rupa-rupa tujuan :
a.pikeun ngantebkeun éksistensi makéna Basa Sunda nepi ka jadi faktor pangrojong pikeun tumuwuhna jati diri jeung kareueusna daerah.
b.ngantebkeun kalungguhan tur pancén Basa Sunda.
c.nangtayungan, ngamekarkeun, tur ngamanpaatkeun Basa Sunda pikeun pamekaran budaya Nasional.
d.ngaronjatkeun ajén makéna Basa Sunda.
e.(Perda No. 5, 2003:3)
Ayana kawijakan ngeunaan gerakan ngagunakeun Basa Sunda di lingkungan pamaréntahan téh implikasina mah bakal karasa dina sakumna widang kamasarakatan di masarakat Sunda.
Numutkeun Koentjaraningrat (1994:16-17) aya dalapan pranata kamasarakatan. Patali jeung kawijakan ngagunakeun Basa Sunda, aya genep pranata nu diperedih pikeun miara jeung ngamumulé Basa Sunda. Éta pranata téh ngawengku scientific institutions, educational institutions, aesthetic and recreational institutions, religius institutions, domestic institutions jeung political institutions-na sorangan.
Kawijakan diayakeunna panataran, seminar, lokakarya, kongrés, sawala, aprésiasi, panaluntikan jeung kagiatan sarupa séjénna ngagunakeun Basa Sunda, mangrupa usaha ngahirup-huripkeun Basa Sunda dina widang paélmuan.
Kawijakan ngagunakan Basa Sunda di sakola tur nyadiaan bahan-bahan bacaan Basa Sunda mangrupa usaha miara Basa Sunda di lingkungan atikan.
Kawijakan maparin pangajén ka sastrawan atawa pinunjul pasanggiri nu ngagunakeun média Basa Sunda mangrupa usaha ngaronjatkeun Basa Sunda dina widang budaya jeung pariwisata.
Kawijakan netepkeun yén Basa Sunda kudu tetep dipaké dina hutbah, caramah jeung acara kaagamaan séjénna mangrupa usaha ngamekarkeun Basa Sunda dina widang kaagamaan.
Kawijakan dipakéna Basa Sunda di lingkungan masarakat jeung kulawarga geusan ngantebkeun éksisténsi Basa Sunda dina interaksi masarakat Sunda.
Patali jeung usaha ngamumulé Basa Sunda di lingkungan pamaréntahan sorangan, aya dua kawijakan anu ditetepkeun, éta kawijakan téh ngawengku:
a.netepkeun Basa Sunda jadi basa resmi kadua di sagédéngeun Basa Indonésia nalikan ngalaksanakeun pancen pamarentah daérah.
b.sakabéh pagawé kudu ngagunakeun tur ngawasa Basa Sunda pikeun mancén gawé di lingkungan pamaréntahan daérah luyu jeung aturan perundang-undangan nu lumaku.

Pelaksanaan Gerakan Ngagunakeun Basa Sunda
Pelaksanaan gerakan ngagunakeun Basa Sunda di lingkungan pamaréntahan Kabupatén Bandung ditegeskeun deui ku ayana instruksi Bupati Bandung ping 6 Oktober 2004 dina Pasanggiri Biantara Basa Sunda.
Ku kituna, kawijakan-kawijakan anu asalna mangrupa rarancang sakumaha dipérélékeun saméméhna, saterusnamah dilaksanakeun ku sakumna pranata masarakat.
Munggaran widang budaya jeung pariwisata maparin pangajén ka pinunjul Pasanggiri Basa Sunda ping 6 Oktober 2004. Dilajengkeun di widang pamaréntahan, Basa Sunda dipaké jadi basa resmi kadua contona baé, Bupati, Camat, Kepala Désa jeung aparat liana, maké Basa Suna lain ukur dina interaksi teu resmi tapi dina interaksi resmi, modél méré pangjajap.
Pon kitu deui dina widang atikan, ti mimiti TK nepi ka Paguron Luhur, boh guruna, boh muridna, boh karyawanna wajib ngagunakeun Basa Sunda unggal poé Juma’ah.
Di lingkungan masarakat sunda nu sipatna informal jeung non formal, Basa Sunda dipaké dina interaksi sosial.
Hutbah jeung caramah dina kagiatan kaagamaan ditepikeun maké média Basa Sunda.
Diayakeunna sawala, panataran jeung kagiatan séjénna nu ngagunakeun Basa Sunda boh nu diayakeun ku pamaréntah sorangan boh hasil rukun gawé jeung pranata liana.

Pengolahan jeung Évaluasi Gerakan Ngagunakeun Basa Sunda
Dumasar pelaksanaan gerakan ngagunakeun pamaréntahan tadi, aya sababaraha anu katitén.
Pasanggiri nu diayakeun can ngalibatkeun sakuma lapisan masarakat sabab pamilonna diwatesanan pikeun pihak nu tangtu.
Ayana kabiasaan dipakéna Basa Sunda sacara kontinuitas di lingkungan pamaréntahan, ngabalukarkeun matak gejedna komunikasi nalika maké Basa Sunda, pangpangna mah dina situasi teu resmi loba anu salah ngalarapkeun basa.
Rupa-rupa parobahan geusan mangaruhan nonoman sunda, antukna teu saeutik anu leungiteun cekelan, kaasup dina kabasaannana. Patali jeung éta hal aya istilah “gengsi”dina maké Basa Sunda, ieu hal hésé leungitna can pati disosialisasikeun. Sabab masih aya barudak sakola nu teu apal kana éta kawijakan tur nu apal ogé, teu pati maliré éta kawijakan.
Ieu hal luyu jeung nu ditétélakeun ku Steward yén patali jeung ajén basa bisa disebutkeun yén dimana baé unggal basa téh aya anu dianggap worthy minuhung ajénna. Ku kituna mindeng digunakeun. Basa Sunda dianggap teu worthy ku barudak ayeuna (Fishman, 1977 : 352).
Upama dititénan anu tetep konsistén ngagunakeun Basa Sunda dimana waé jeung iraha waé nya éta seniman tradisional dina magelarkeun kasenianana.
Pohara hétérogénna masarakat sunda ayeuna ngabalukarkeun kasempetan maka Basa Sunda boh informal boh non formal téh héngkér pisan. Babakuna di lingkungan kulawarga, ibu-ibu henteu ngusahakeun Basa Sunda jadi basa indung atawa basa ka hiji. Padahal dina ngawasa basa kahiji téh merlukeun usaha sakumaha anu ditétélakeun ku Samsuri (1981:3) yén pinterna budak maké basa téh lantaran dipaké di lingkungan kulawargana jeung lingkungan masarakatna.
Patali jeung kawijakan ngayakeun panataran, sawala jeung kagiatan séjénna nu ngagunakeun Basa Sunda kawilang euyeubna.
Dumasar péréléan di luhur, rarancang gerakan ngagunakeun basa sunda di lingkungan pamaréntahan geusan méré kasempetan keur miara jeung nagmumulé Basa Sunda. Hanjakal dina pelaksanaannana, tong boro kawijakan pamaréntah nu jieun keur miara Basa Sunda dina widang séjénna dakon di lingkungan pamaréntahanana sorangan gé, bisa ka baca ku urang yén hésé rék ngabiasakeun ngagunakeun Basa Sunda, sok dina sanajan komunikasi teu resmi.

PANUTUP
Bisa dicindeukeun yén kawijakan ngenaan gerakan ngagunakeun basa sunda di lingkungan pamaréntahan ngawengku sababaraha tahapan. Kahiji tahapan rarancang, nya éta nyieun kawijakan. Kadua pelaksanaan kawijakan. Katilu pengolahan jeung évaluasi, nya éta luyu henteuna kawijakan nu geus dijieun jeung kanyataan dilapangan.
Kawijakan ngagunakeun Basa Sunda nu dirancang ku pamaréntah téh lumaku keur sakumna widang kamasarakatan. Nu jadi poko dina ieu gerakan téh nya éta masarakat sunda ngabiasakeun maka Basa Sunda jadi media komunikasi di lingkungan. Ieu hal maksudna, nya éta urang sunda. Sok sanajan dina pelaksanaan éta kawijakan téh can nyumponan harepan jeung udagan, lebah dieu urang kudu bisa ngungkulan éta pasualan.
Kukituna, rarancang nu geus dijieun téh saterusna kudu disosialisasikeun sarta dimasarakat perlu dimekarkeun iklim sosial nu mangaruhan suasana kabasaan masarakat sunda sangkan sakumna kawijakan bisa dilaksanakeun.
Pancen miara jeung ngamumulé Basa Sunda téh pancen urang saréréa. Urang Sunda boh pituin boh tatamu nu cicing di tatar Sunda kudu soson-soson make Basa Sunda dina komunikasi sapopoé. Mudah-mudahan idéntitas kabudayaan urang sunda tetep nanjeur tur mekar.

DAPTAR PABUKON
Fisman. 1977 Reading In The Sociology Of Language. New York: Mounton Publisher.
Halim, Amran. 1975. Fungsi Politik Bahasa Nasional Dalam Bahasa dan Sastra. Nomor I Tahun I.
Koentjaraningrat. 1994. Kebudayaan, Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramédia.
Pusat Pengembangan dan Pembinaan Bahasa 1975. Hasil Perumusan Seminar Politik Bahasa Nasional. Jakarta: Depdikbud.
Samsuri. 1981. Analisa Bahasa. Jakarta: Erlangga.
Yudibrata, Karna. 1990. Bagbagan Maké Basa Sunda. Bandung: Rahmat Cijulang.

SUMBER SÉJÉN
Undang – undang Nomor 32 Tahun 2003 tentang Pemerintah Daerah.
Peraturan Daérah Propinsi Jawa Barat Nomor 5 Tahun 2003, tentang Pemeliharaan Bahasa dan Aksara Daerah.

1 comment:

CAKRA said...

Eta undang2 sae pisan, janteun pamarentahan di Tatar Sunda teh, kedah ngagunakeun basa Sunda.

Hirup Sunda Pituin, Hirup Tarumanagara, Hirup Sunda, Hirup Galuh, Hirup Himbar Buana, Hirup Padjajaran, Hirup Sumedang Larang, Hirup urang Sunda sadaya na.