Babasan Jeung Paribasa

adam lali tapel
poho ka baraya jeung poho ka lemah cai

adat kakurung ku iga
adat nu hese digantina

adean ku kuda beureum
beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur

adigung adiguna
gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana

ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan)

Monday, August 4, 2008

Purwakanti

Purwakanti nya éta sarupaning mamanis basa anu digunakeun kana sora boh vokal boh konsonan. Iskandarwassid (2003: 120) nétélakeun wangenan purwakanti sakumaha kaunggel di handap ieu:
“Purwakanti téh nya éta padeukeutna sada atawa sora kecap-kecap dina ungkara kalimah, klausa atawa prasa, utamana dina wangun ugeran (puisi); pernahna boh ngarandeg, ngajajar, horisontal (dina sakalimah, sajajar, sapadalisan) boh ngaruntuy, pértikal (antara jajaran, padalisan )”
Salmun (1936: 32-46) nétélakeun yén purawakanti dibagi-bagi jadi sapuluh rupa, éta purwakanti téh ngawengku:
1) Pangluyu, nya éta purwakanti nu ngaluyukeun sada atawa wianjana dina kecap-kecap.
Contona nya éta:
Nya jorok nya botrok (rok-rok)
Nu méncrang mani hérang
2) Maduswara, nya éta purwakanti anu mamanisna téh sora.
Contona:
Diri anu ngarasa nyeri (i-i)
Raga nu ngarasa lara (a-a)
3) Cakraswara, nya éta sora anu patukeur tempatna dina kecap.
Contona:
Hirup jeung hurip ( hirup-hurip)
Alus teu karana pulas (alus-pulas)
4) Laraspurwa, nya éta engang anu sarua sarta ayana di hareup, dina ngamimitian kecap.
Contona:
Numawi matak mandawa (ma-ma-ma)
Kolot-kolot kokorobet (ko-ko-ko)
5) Mindoan kawit, nya éta upama kecap anu murwakantina téh kecap-kecap anu panghareupna.
Contona:
Ulah sirik ka pangampih (ulah)
Ulah kabawa ku sakaba-kaba (ulah)
6) Mindoan wekas, nya éta upama anu murwakantina kecap lebah tungtung.
Contona:
Tong nuduh saméméh aya bukti (bukti)
Anu daékeun jeung anu sumakti (sumakti)
7) Laras madya, nya éta anu murwakantina di tengah.
Contona:
Nu hurung sariga layung (sariga)
Nu hérang sariga béntang (sariga)
8) Laras wekas, nya éta nu murwakantina di tungtung engang .
Contona:
Burudul ménak ti kidul (ul-ul)
Nyeri peurih geus kapanggih (ih-ih)
9) Margaluyu, nya éta anu biasana malikan deui kecap anu aya di tungtung ungkara diteundeun di awal ungkara
Contona:
Sing tapik ngawisik diri,
diri kudu diriksa
hadé luar jeung jerona,
jerona kabatinan
10) Mindoan kecap, nya éta maké kecap éta-éta kénéh dina hiji kalimah, tapi béda-béda hartina.
Contona:
Estu matak buntu laku, duméh dagang henteu laku.

Dicutat tina Skripsi Eka Herianto SPd

No comments: