Babasan Jeung Paribasa

adam lali tapel
poho ka baraya jeung poho ka lemah cai

adat kakurung ku iga
adat nu hese digantina

adean ku kuda beureum
beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur

adigung adiguna
gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana

ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan)

Saturday, August 30, 2008

Saturday, August 23, 2008

KUMPULAN SOAL KELAS VII

LATIHAN ULANGAN TENGAH SEMESTER GANJIL


A. Pék ku hidep pilih salahsahiji jawaban anu merenah dina soal di handap !


1. Sakur anu kalakonan, karandapan, jeung kasaksian dina kahirupan sapapoé disebut ....

A. pangalaman C. kabiasaan

B.pangaweruh D. amal ibadah

2. Lamun urang nyaritakeun pangalaman ka batur kaasup kana kaparigelan ... .

A. maca C. nulis/ngarang

B. ngaregepkeun D. nyarita

3. Pangalaman anu ahéng nu karandapan dina kahirupan sapopoé sok ditulis dina .... .

A. buku catetan pelajaran C. buku catetan poéan

B.buku carita D. buku pangalaman

4. Jadi jalmi téh teu kénging gedé hulu. Gedé hulu hartina...

A. Sombong C. Bageur

B. Sopan D. Ramah

5. Palaku utama dina carita Gunung Tangkuban Parahu téh nya éta

A. Dayang Sumbi C. Si Tumang

B. Bagong putih D. Sangkuriang

6. Dongeng anu nyaritakeun sasatoan téh kaasup kana carita ... .

A. babad C. fabel

B. légenda D. mite

7. Ari jol anu boga neang kebon, ngan gogodeg baé bari nangkeup harigu. "Ieu ku ruksak! Euleuh, ka pentil pentilna dipotongan! Lain da ari urut jelema anu maling mah. Ieu mah tétéla peucang anu ngaruksak téh...." Gambaran rasa haté anu kumaha kalimah di luhur téh?

A. handeueul campur sedih C. handeueul campur bungah

B. handeueul campur ambek D. handeueul campur telenges

8. Manéhna mah .... baé, nepi ka sukuna bareuh. ;Kecap anu luyu pikeun kalimah di luhur nya éta... .

A. tatakol C. teuteunggeul

B. tujang-tajong D. babadug

9. Kuring ... buku loba pisan ka sakola poé ieu mah. Pikeun nyampurnakeun kalimah di luhur hidep kudu milih kecap ... . A. mawa C. ngabantun

B. nyandak D. nyekel

10. Dina paguneman hiji anu ngomong silitempas téh palakuna aya ....

A. ahmad C. dedi

B. dani D. lobaan

11. Kecap pananya pikeun nanyakeun tempat, nya éta ... .

A. saha C. di mana

B. iraha D. naon

12. Di handap aya sababaraha kalimah, ngahaja teu maké tanda baca.

Pék, tuduhkeun ku hidep nu kaasup kalimah pananya!

A. Heug baé rék ditandonkeun ogé C. Naha sabaraha kitu hutang indung kuring téh

B. Paparin Bapa Lurah kamari D. Ah, moal dibéré nganjuk deui

13. Di handap ieu papasingan dongéng dumasar kana eusi jeung palakuna, iwal

A. Parabel C. Novél

B. Fabel D. Legenda

14. Umumna dongèng ngandung atikan.....

A. moral C. pamohalan

B. masyarakat D. barudak

15. Dina dongeng " Gagak Hayang jadi Merak" Nilik kana eusina èta dongèng kaasup kana .....

  A. legenda      C. parabèl

B. mytos/mite D. fabèl

16. Di handap kaasup unsur-unsur instrinsik, iwal!

A. Tokoh C. latar / setting

B. kandelna buku D. amanat

17. Peuting tadi keur anteng wé ngapalkeun, na ari ... téh listrik pareum.

A.reg C. lep

B.pes D. les

18. Léngkah munggaran dina nulis hiji karangan nyaéta ....

A. nangtukeun buku C. nyieun daptar pabukon

B. nangtukeun jejer D. ngamekarkeun rangkay karangan


19. Sanggeus ngareureuhkeun kacapé, manéhna am ... handapeun tangkal kai.

Kecap panganteur anu bener pikeunkalimah di luhur nya éta... .

A. nginum C. dahar

B. saré D. jajan

20. Di handap ieu kaasup dongéng parabél nya éta?

A. si Kabayan ngala roay C. sanghiang sri

B. kuya jeung monyet D. tangkuban parahu

Wednesday, August 13, 2008

Tatakrama

Pangajaran 5

MACA (Maca Ngilo)

Baca sing gemet!

TATAKRAMA,

SILIH HORMAT JEUNG NU LIAN

Urang song mindeng ngadéngé nu nyarita “Sing boga étika atuh ari hayang dihargaan batur mah”. Atawa”Urang Sunda mah katelah hadé tatakrama”. Naon saenyana ari étika jeung tatakrama téh? Naon bédana?

Étika asalna tina kecap ethic basa Yunani, anu pihartieunana nyaéta élmu anu nalungtik mana anu hadé jeung mana anu goréng, katut mana anu bener jeung mana anu salah tina tingkah laku manusa. Ku kituna, étika leuwih deukeut kana sawangan filsafat atawa norma, lain kana prak-prakan hirup kumbuh sapopoé. Kecap séjénna anu méh saharti jeung étika nyaéta moral, ahlak, sopan santun, budi pekerti jeung tata susila.

Ari kecap tatakrama asalna tina basa Sangsekerta, tata hartina aturan, krama hartina sopan atawa hormat. Jadi tatakrama téh ngandung harti aturan tingkah laku atawa adat kabiasaan manusa anu sopan di lingkunganana. Bédana jeung étika, tatakrama mah sipatna leuwih kongkrit. Upamana baé kumaha sakuduna urang anggah-ungguh, kumaha nyarita anu lemes, jsb.

Unggal bangsa boga tatakrama anu béda-béda gumantung kana étika anu dianut ku éta bangsa. Tatakrama bangsa Éropa béda jeung bangsa Jepang. Dina cara ngahormat upamana. Urang Éropa mah lamun ngahormat téh henteu ngarengkuhkeun awak, tapi cukup ku ngangkat suku katuhu sabeulah. Ari urang Jepang, méh sarua jeung di urang, nyaéta ngadoyongkeun awak ka jalma anu dihormat. Kitu deui dina lebah nyarita, urang Sunda boga tatakrama nyarita anu husus nyaéta anu disebut undak-usuk basa. Undak-usuk basa nyaéta tahapan-tahapan basa: basa kasar, basa sedeng (loma) jeung basa lemes.

Sok sanajan béda-béda, tatakramana di unggal bangsa téh maksudna mah sarua nyaéta pikeun silih hormat, silih ajénan, di antara sasama warga masarakat, sangkan hirup tengtrem bagja lahir jeung batin.

Jalma anu teu nyaho atawa teu maké tatakrama sok disebut “teu boga tatakrama”. Jalma anu kieu moal diajénan batur. Upamana baé ngomong kasar, haseum budi, resep ngagulkeun diri sorangan, jsb.

(tina buku Sabasa 3A pikeun kelas 9 semester ganjil kaca 73 – 74)

Diserat deui ku Hĕrni Hĕrningsih (nu ngurus blog), tina buku : Sabasa 3A (Pangajaran Basa Sunda Pikeun Siswa SMP di Kota Bogor), MGMP Basa Sunda Kota Bogor, Drs. Ahmad Hadi (Editor), Tangerang:Pamulang, citakan munggaran, Maret 2004.

Jawab Pananya di handap !

1. Terangkeun naon anu dimaksud étika téh!

2. Naon sababna étika leuwih nyindekel kana sawangan filsafat?

3. Ari anu disebut tatakrama naon? Naon bédana jeung étika?

4. Naon sabab tatakrama unggal bangs béda-béda?

5. Kumaha contona tatakrama di Éropa?

6. Naon nu dimaksud undak-usuk basa téh? Cing sebutkeun contona!

7. Terangkeun naon kagunaan tatakrama téh!

8. Cing sebutkeun conto tingkah laku jalma anu teu boga tatakrama!

9. Sebutkeun deuih conto tatakrama ka indung bapa!

10. Cing tuliskeun sapuluh kecap lemes ka batur anu hidep apal!


sumber: http://tatapakan.wordpress.com/2008/07/08/tatakrama-silih-hormat-jeung-nu-lian/

WAYANG GOLÉK

Pangajaran 6

MACA (Maca Bedas)

Baca galantangkeun sing merenah lentongna!

WAYANG GOLÉK

Salah sahiji kasenian Sunda anu populér di masarakat urang kiwari nyaéta wayang golék. Komo sanggeus bisa disiarkeun dina radio jeung televisi, wayang golék beuki dipikaresep baé ku balaréa, boh di kota boh di pilemburan. Lamun sakalieun aya nu hajat nanggap wayang golék, nu lalajo téh ilaharna sok tumplek ti mana-mendi. Atuh tokoh-tokoh dina pawayangan apan geus dipikawanoh pisan ku masarakat urang, upamana baé Gatotgaca, Arjuna, Bima, Dorna, Semar, Si Cépot, jeung sajabana. Ieu hiji bukti yén kasenian wayang golék téh geus raket pisan jeung batin urang Sunda.

Wayang golék téh hiji pagelaran anu mangrupa gabungan sababaraha unsur kasenian, nyaéta seni sastra (lalakon), seni karawitan (gamelan) seni swara (sindén), jeung seni gerak atawa tari (gerak-gerik wayang)

Anu jadi lulugu dina pagelaran wayang golék nyaéta dalang anu pancénna ngalalakonkeun carita. Kamahéran dalang dina ngaguar carita, ngigelkeun wayang, nepikeun palasipah atawa ngabodor, ilaharna jadi takeran dipikaresep henteuna hiji pagelaran wayang ku nu lalajo. Ku lantaran kitu, dalang téh diperedih pisan kamahéranana dina rupa-rupa widang. Asép Sunandar Sunarya upamana, dalang anu kiwari kamashur, kalandep ku balaréa téh lantaran kamahéranana dina rupa-rupa widang kasenian sarta bisa ngasongkeun hal anu anyar.

Salian ti ngigelkeun wayang, dalang ogé ngagunakeun parabot séjén nyaéta campala jeung kecrék. Campala téh sabangsa palu anu sok ditakolkeun, pikeun ngantebkeun hiji omongan atawa hiji peristiwa anu keur dilalakonkeun. Ari kecrék pikeun ngantebkeun suasana, utamana dina adegan-adegan perang tanding.

Di sagédéngeun dalang, nayagaogé nyekel kalungguhan anu penting. Apan para nayaga pisan anu nabeuh gamelan téh. Waditra kasenian anu ilahar digunakeun dina wayang golék diantarana: kendang, goong, saron, bonang, jengglong, gambang, jeung rebab,

Carita anu keur dilalakonkeun ku dalang, sok diselang-seling ku sinden, nyaéta juru kawih (tukang ngawih) anu nembangkeun lalaguan. Ilaharna lagu anu ditembangkeun ku sindén luyu jeung peristiwa anu keur dilalakonkeun, upamana baé dina peristiwa pikasediheun sindén nembangkeun lalaguan anu sedih, jsb.

Carita wayang téh asalna mah ti India, babonna tina buku Mahabarata karangan Wiyasa jeung Ramayana karangan Walmiki. Mahabarata nyaritakeun turunan Pandawa jeung Kurawa anu marebutkeun nagara warisan karuhunna, tepi ka ahirna perang campuh di Tegal Kuruséta anu kawentar Perang Baratayuda. Ari Ramayang nyaritakeun Rama jeung Sinta. Dina Ramayana aya sempalan carita anu ngalalakonkeun Sinta diculik ku Rahwana, raja nagara Aléngka. Sabada peperangan, Sinta bisa dipimilik deui ku Rama sarta dititah labuh geni (ngaduruk manéh) pikeun ngabuktikeun kasucian dirina.

Sanajan asalna ti India, wayang téh geus jadi banda budaya Sunda. Ku lantaran kitu, salaku urang Sunda tangtu baé urang kudu mili ngariksa sangkan wayang golék tetep langgeng dipikaresep ku balaréa. Sakurang-kurangna urang kudu wanoh sarta mikaresep kasenian wayang golék.

(tina buku Sabasa 3A pikeun kelas 9 semester ganjil kaca 91 – 93)

Diserat deui ku Hĕrni Hĕrningsih (nu ngurus blog), tina buku : Sabasa 3A (Pangajaran Basa Sunda Pikeun Siswa SMP di Kota Bogor), MGMP Basa Sunda Kota Bogor, Drs. Ahmad Hadi (Editor), Tangerang:Pamulang, citakan munggaran, Maret 2004.

Jawab Pananya di handap !

1. Naon buktina yén wayang golék dipikaresep ku masarakat urang?

2. Kasenian wayang golék téh mangrupa gabungan sababaraha unsur kasenian, naon baé?

3. Naon sababna dalang kudu mahér dina rupa-rupa widang kasenian?

4. Salian ti ngigelkeun wayang, dalang téh sok ngagunakeun parabot naon deuih? Naon gunana?

5. Ari nayaga naon pancénna? Waditra naon baé anu digunakeun dina wayang golék?

6. Ari sindén naon deuih pancénna?

7. Ti mana asalna carita wayang téh? Buku naon anu jadi babon (sumberna)?

8. Kumaha carana urang milu ngariksa kasenian wayang golék?

sumber: http://tatapakan.wordpress.com/2008/07/08/wayang-golek/

Monday, August 11, 2008

Carita Pondok

Di Rumah Sakit
Karya: Yan Kusdianto

Budak Kang Jaja sirikna teu unggal usik ngan ngayer waé. Tadina mah disangka meujeuhna indah. Ngan sabot diperhatikeun lila-lila mah, budak téh asa parias. Nu sasarina dihuapan ku indungna rewog ogé ayeuna mah bet cuman-cémén waé. Malah tadi isuk mah mugen pisan, ngan asup dua huap bubur ogé. Geus kitu mah atuh Kang Jaja jeung Ceu Ihat téh kaweur. Dicekokan ku ubar warung téh, weléh teu metu, anggur beuki parna katémbongna. Muntabér jigana budak téh, da sok dibarung jeung utah-utahan sagala.

“Karumahsakitkeun wé atuh!” cék Ceu Ihat bari ngaganti calana budak nu geus kapaciritan.

“Enya nya!... sugan si Adun bagéan jaga.” Kang Jaja ngahaminan usul pamajikanana. “Tapi, moal peuting teuing kitu?” cék kang Jaja bari ningali kana jam dingding nu geus nuduhkeun jam sabelas peuting.

Ari Adun téh amangna budak, adi pituin Kang Jaja nu digawé di rumah sakit, jadi bruder bagéan operasi. Kungsi ditugaskeun jadi mantri di Pasir Kuda, lembur nyingkur jauh mela-melu. Geus nincak taun ka-tilu jadi mantri, nuluykeun deui sakolana, nyuprih pangarti anatomi. Meunang dua taun, tuluy diangkat jadi asistén dokter.

Geus wéh, budak téh buru-buru dibawa ka rumah sakit. Biaya pengobatan mah kumaha engké baé. Da sasarina ogé – basa Ceu Ihat ngajuru – biaya ngubaran téh waragadna tina asuransi pausahaan Kang Jaja. Jeungna deuih, éstuning kajurung ku kanyaah wé indung bapana mah, sasat budak hiji-hijina.

Peuting teuing sabenerna mah rék ka rumah sakit téh. Jam sabelas peuting indit ti imah. Angkot geus mulang ka garasi, paling ogé kana ojég ngajugjug ka rumah sakit téh. Najan ongkosna dua tikeleun, dipaksakeun ogé antukna mah, diduaojégkeun. Kitu sotéh bubuhan nyaah ka budak. Kapan biasana ogé dina carita mah, arang pisan kacaturkeun budak nu bébélaan ka kolot. Aya ogé istilah ‘kanyaah kolot’, jarang aya istilah ‘kanyaah budak’.

Budak diaais ku bapana. Indungna numpak motor nu hijina deui. “Karunya budak téh, keur mah geuring, turug-turug kudu kaanginan sajajalan.” Kang Jaja ngarahuh, jakétna dirungkupkeun kana sirah budak.

Anjog ka rumah sakit geus tengah peuting. Tapi éstuning haneuteun waé. Haneuteun ku nu gering, ku nu ngalampar di koridor, ku perawat nu pasuliwer, haneuteun ku nu kaweur. Teu mikir lila deui, Kang Jaja tuluy muru ka rohang piket. Di lokét pendaptaran kasampak dua urang nu jaga nukangan,. Digeroan weléh teu ngalieuk, haré-haré baé. Duanana keur anteng ngorék komputer, nu hiji maén bonceu, nu hijina deui maén solitér. Ubar kesel digawé jigana mah. Geuning nu gering di rumah sakit téh lain pasén hungkul. Nu jaga ogé butuh ubar; ubar jangar, ubar kesel; bonceu jeung solitér.

Ku rada digorowokeun mah nu jaga téh teu burung ngalieuk, tuluy ngalayanan bari semu nundutan. Budak nu gering téh diperenahkeun di ruang anggur, kelas dua kamar nomer lima; kamar husus pasén barudak.

Ngadago teu sawatara lila teu burung datang ogé nu mariksa. Ngaluarkeun stetoskop, tuluy diantelkeun kana harigu budak.

“Muntabér.” cék nu mariksa kalem pisan, teu cara Kang Jaja jeung Nyi Ihat nu kaweur naker.

Ana kitu mah bener taksiran Kang Jaja, budak téh muntabér, muntah jeung bérak. Geus disuntik mah budak nu tadina rungak-rengik téh téh rerep meueusan, tuluy reup.

Di rohangan anggur téh aya opat blangkar, kabéh gé ngeusi. Nu ngeusina budak satepak hungkul, pada ngalempréh. Sapasén téh sok didagoan paling loba ku duaan, cék palaturan mah. Ngan nya éta atuh, Indonésia, palaturan-palaturan, nu ngarempak mani kompak. Cacak ngajeblag dina témbok ogé, éh da..haré-haré baé atuh. Sakapeung tiluan, opatan, nepika sabondoroyot diabringkeun keur nunggu pasén téh cék nu bohong téa mah.

“Nembé téh dipasihan oralit, énjing urang cék deui, ayeuna mah sina istirahat wé!” carékna bari kutrat-kotrét, tukuy gura-giru indit deui.

“Ambu mah mulang ti heula wé! Isuk ka dieu deui!” cék Kang Jaja pinuh kadeudeuh.

“Enya, atuh.” cék nyi Ihat bari ngaluarkeun dot, biskuit jeung salin budak sapuratina, keur taki-taki.

Kari kang Jaja nu nungguan budakna. Haténa éstu tagiwur, sasat budak samata wayang, diparengkeun ririwit waé. Tara parna kituna mah, sapoé dua poé ogé cénghar deui, karék ayeuna katerap panyakit nu rada pikahariwangeun téh.

“Katerap panyawat naon tuang putra téh Pa?” Ibu-ibu nu di gigireun nanya.

“Saurna mah muntabér.”

“Nuju musim jigana mah, nya? Ieu ogé, pun anak, tos aya saminggonna diopnameu téh.

“Deuh....geuning hawatos.” cék kang Jaja daria.

“Alhamdulillah ieu ogé....kadada kaduga kénéh, tiasa dah bawang dah kapas kénéh, turug-turug ti rumah sakit téh kénging potongan harga deuih. Pédah langganan kitu?”

“Komo murangkalih abdi mah Pa.” Ibu-ibu nu nunggu béh peuntas ngilu ngaréwong. “Murangkalih abdi mah, meus-meus tipes, meus-meus tipes. Bapa mah sapertosna ngaggo askés, nya? Atuh raos, abdi mah teu kénging diskon-diskon acan.”

“Murangkalih abdi mah sumawonna tos teu metu ku obat generik, kedah ku nu patén waé.” Nu nunggu gigireun jol nimpah, teu éléh géléng.

Beuki peuting nu ngecewis anggur beuki récok, nu nunggu di gigireun jeung nu dipeuntas Kang Jaja aduregeng ngomongkeun budakna séwang-séwangan. Beuki dieu beuki raéng, sagala rupa diomongkeun. Budak nu tadina tibra téh jadi gulinggasahan, rungak-rengik, tuluy nyaring. Teu lila hing wéh léwéh. Kang Jaja nyambat budakna bari semu handeudeul. Teu lila kituna mah, da budak téh tuluy reup deui, balas méncrét waé jigana mah, da bangun nu leuleus naker katempona.

Budakna geus saré deui. Lalaunan digolérkeun dina blangkar. Kang Jaja tuluy kaluar ti rohangan, maksud téh rék néang Si Adun, adina téa. Rék ménta dipindahkeun. Geus ditéangan kaditu kadieu, teu burung kapanggih ogé Si Adun téh. Kabeneran Adun karék kaluar ti rohang operasi.

“Dun!” Kang Jaja ngageroan.

“Eh, geuning kang Jaja. Aya naon ieu téh.” Adun bangun semu nu reuwas.

“Si Uji ieu téh, gering!”

“Gering naon kitu?”

”Muntabér.”

“Dimana dirawatna?”

“Di ruang anggur. Puguh kieu ieu téh Dun .... budak téh pindahkeun waé ka Kelas hiji mun bisa mah, VIP kosong kénéh teu? Tatadi akang téh néangan manéh. Tulungan atuh lah!”

“Oh, kitu? Antosan atuh sakedap nya!” teu maké lila, si Adun tuluy gura-giru nguruskeun. Meunang sapuluh menit, jol deui.

“Kumaha?” Kang Jaja mangmang.

“Bisa, ruang Flamboyan kamar nomer dua.” Bari némbongkeun formullir tandatangankeuneun.

”VIP?”

“Enya.” Duanana tuluy leumpang muru rohangan anggur, niat rék mindahkeun budak.

“Lain nanaon Dun, di ruang anggur mah gararandéng, rarécok, budak téh teu bisa saré waé. Atuh rék iraha cageurna. Jeung éta deuih, nu diomongkeuna téh teu pararuguh.”

Kacaturkeun budak téh geus dipindahkeun ka rohangan flamboyan. Tumaninah ayeuna mah, jauh mula-melu jeung rohangan anggur. Di dieu mah fasilitasna ogé kumplit; kulkas, TV, Kamar cai balersih, Full AC deuih. Susterna ogé standby waé, unggal aya pangabutuh, kari mencét bél, teu burung suster ‘cengkir gading’ téh nyampeurkeun bari imut, manis pisan.

Keuna ku paribasa, kadar teu bisa disinglar, takdir mo bisa dipungkir. Budak téh teu dikersakeun cageur cacakan rohanganana dipindahkeun ogé. Cageur henteu, parna teuing henteu, kitu wé, ngalanglayung. Nu jagana genténan, beurang ku Ceu Ihat, peuting ku Kang Jaja. Geus aya samingguna kaya kieu téh.

Dulur-dulur pada ngalongokan, aya nu bari babawaan, nu mawa jeruk, apel, susu. Béakna mah da ku nu jaga wé, bubuhan nu muntabér mah kapan pantrangan dahar buah nginum susu téh, der kalah beuki muncrut.

Poé ayeuna mah nu ngalongok téh Ceu Isoh jeung budakna. Budakna téh lalaki, umurna sapantaran jeung nu ngalempréh.

“Kumaha Kang Jaja? Budak téh sakinten?”

“Nya...kieu geuning. Tapi sukur boga adi nu digawé di dieu, nepi ka bisa diperenahkeun di dieu.”

“Sadintenna séép sabaraha kitu?”

“Nya....kirang langkung mah duaratus lima puluh.” Rébu maksudna mah. Ceu isoh bati gogodeg.

“Paingan atuh raoseun.” Panonna luak-lieuk teu daék cicing ka sakuriling. “Tuh! TV aya, kulkas aya, aya AC-an deuih, énakeun nya Jang?” cék nyi isoh ka budakna.

“Ema...ema....! Ujang gé hayang gering Ma, hayang ka rumah sakit.” Cék budak bari ngajéjéwang daster indungna.

Carita Pondok

Carita pondok atawa mindeng disingkat minangka carpon nyaéta hiji wangun prosa naratif fiktif.
Carita Pondok nyaéta carita rékaan lir enya-enya nu ukuranana parondok. Carpon medal dina taun 1920 dimajalah parahyangan salin ti éta ogé medal antologi carpon anu judulna Dogdog pangréwong dina taun 1930.
Carita pondok condong munel sarta langsung dina tujuanana dibandingkeun karya-karya fiksi anu leuwih panjang, kawas novella (dina pengertian modern) sarta novel. Alatan singgetna, carita-carita pondok hasil ngandelkeun téknik-téknik sastra kawas inohong, plot, téma, basa sarta insight sacara leuwih lega dibandingkeun jeung fiksi anu leuwih panjang. Caritana bisa mangrupa sagala rupa jenis.

Dongéng

Dongéng merupakan bagian dari khasanah sastra Sunda buhun (dulu) yang pada umumnya mengandung unsur pamohalan (tidak masuk akal). Baik pelakunya, tempat, dan waktu berlangsungnya cerita.

Di Sastra Sunda, dongéng dibagi jadi bebrapa bagian diantaranya:
1. Dongéng Fabel (sasatoan)
Dongéng yang isinya menceritakan kehidupan hewan yang tingkah lakunya seperti manusia. Contoh: Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét, Peucang Keuna ku Leugeut, dll.
2. Dongéng Parabel
Dongéng yang isinya menceritakan kehidupan manusia biasa yang tingkah lakunya tidak lazim (tidak sama dengan yang lainya). Contoh: Si Kabayan, Si Lamsijan, Abu Nawas, dll.
3. Dongéng Sagé (babad)
Dongéng yang menceritakan kepahalawanan salah satu tokoh pada zamannya. Contoh: Prabu Siliwangi, Kéan Santang , dll.Legenda (saskala)
4. Legenda
Dongéng yang menceritakan asal usul suatu tempat, hewan, atau tumbuhan. Contoh: Sasakala Gunung Tangkuban Parahu, Situ Bagendit, dll
5. Mite
Dongéng yang berkaitan dengan kepercayaan masyarakat akan mahluk halus. Contoh: Nyi Roro Kidul, Sundel Bolong dll.

Gagak hayang Jadi Merak

Jaman baheula, baheula gé baheula pisan.
Di hiji leuweung geledegan, aya dua tangkal kiara.
Éta tangkal téh kacida gedéna.
Perenahna ngaréndéng di sisi sampalan.
Ari sampalan téh paranti sato jarah nyatuan.
Éta kiara sok dipaké panonoban bangsa manuk.
Anu hiji panonoban bangsa gagak,
ari anu hiji deui panonoban bangsa merak.

Kacaritakeun di antara bangsa gagak,
aya hiji gagak ngora, gagak jalu
keur meujeuhna belekesenteng.
Ngaranna Si Candrika.
Sanajan umurna ngora kénéh,
Si Candrika mah loba onjoyna.
Awakna leuwih kuat jeung keker,
uteukna ogé leuwih pinter deuih.

Sakabéh gagak di éta leuweung
geus boga sangka yén dina hiji mangsa
Si Candrika téh bakal jadi kokolot gagak.
Gaganti kokolot gagak anu ayeuna,
anu umurna geus kacida kolotna.
Anu matak Si Candrika padangajénan,
padangalem jeung ngadama-dama.

Tapi dina hiji mangsa mah aya nu anéh,
Si Candrika téh béda ti sasari.
Anu tadina lincah luluncatan dina kiara,
ayeuna mah jadi cicingeun.
Anu tadina hégar ngelak,
malah sorana ogé sok pangtarikna,
ayeuna mah tara kadéngé sorana.
Ngabetem siga nu keur puasa nyarita.

Gawéna ngan ukur cindeten,
mencilkeun manéh di nu buni.
Kabéh bangsa gagak ngarasa héran.
Ku naon atuh Si Candrika téh?
Hiji ogé taya nu nyahoeun sabab-musababna.
Ari sababna Si Candrika teu daék betus ka sasaha,
ditanya ku itu ku ieu téh anggur ngabetem.

“Keun baé antepkeun ulah diganggu,
meureun keur mangsana mangkat birahi!”
ceuk kokolot gagak.
“Teu umum Olot,” ceuk gagak séjén.
“Anu keur mangkat birahi mah,
biasana sok leuwih motah!”
“Sing inget, Si Candrika mah lain gagak biasa,
tong disaruakeun jeung gagak biasa-biasa atuh!”

Kokolot gagak nétélakeun,
yén anu boga kaleuwihan mah,
biasana sok loba kaanéhanana.
Gagak-gagak séjén ngahaminan.
“Enya ari kitu téa mah,” cenah.
Antukna mah Si Candrika padangantep.
“Keun, engké ogé cageur sorangan!”
ceuk kokolot gagak, yakin pisan.

Padangantep téh Si Candrika taya robahna,
kalah beuki resep nyorangan.
Lamun keur cinutrun dina dahan anu suni,
gawéna ngan nyérangkeun bangsa merak.
Komo mun isuk-isuk atawa pasosoré mah,
dina mangsana bangsa manuk midang.
Panonna terus melong ka merak jalu
anu keur mébérkeun buntutna.

“Leuh, tada teuing resepna lamun aing jadi gagak.
Bulu éndah, patinggurilap mun katojo panonpoé.
Na ari aing, bulu hideung lestreng,
suku pacér pamatuk gedé, meni teu mararatut!”
ceuk Si Candrika dina jero haténa.
“Naha atuh aing téh bet jadi gagak?
Naha atuh henteu jadi merak baé?”

Tétéla Si Candrika téh hayang jadi merak.
Geus lila manéhna teu sugema ku kaayaan dirina,
anu ceuk pangrasana mah manuk goréng patut,
manuk panggoréng-goréngna saalam dunya.
Manuk pangsial-sialna salam dunya.
Tong boroning bangsa manuk deui,
malah bangsa manusa ogé loba anu teu resepeun.

Éta wé basa manéhna teu ngahaja ngaliwat ka lembur,
jelema-jelema patingjorowok,
“Ka ditu sing jauh, ka Sabrang ka Palémbang!”
Malah aya anu ditungtungan ku,
“Balikna mawa kurupuuuk!”
Nyel wé aya rasa keuheul,
aya rasa ambek ka bangsana sorangan.
“Aing kudu jadi merak!” ceuk pikir Si Candrika.

Hayang jadi merak, kudu jadi merak,
terus jadi panyileukan Si Candrika,
anu mangaruhan kana tingkah paripolahna sapopoé.
Lamun keur nyorangan,
manéhna sok nurutan paripolah merak.
Leumpang rada diaced-aced,
terus mébérkeun buntutna.
Buntutna kalah ka rancung teu puguh.

“Leuh, lamun seug aing jadi merak!”
Beuki ambek baé ka dirina,
antukna ambék ka Déwata,
anu nakdirkeun manéhna jadi bangsa gagak.
“Naha atuh aing téh bet kudu jadi gagak?
Déwata henteu adil, henteu adil!”
ceuk Si Candrika.

Hiji poé Si Candrika hiber néangan kahakanan,
bari angger mikiran kahayangna:
hayang jadi merak.
Barang ngaliwat ka hiji walungan,
manéhna nénjo baju merak,
nambru di sisi walungan.
“Lakadalah, itu geuning aya baju merak!”

Ku manéhna dideukeutan.
“Ka mana anu bogana, nya?”
Si Candrika ngomong sorangan.
Luak-lieuk euweuh sasaha.
Buru-buru baé baju merak téh disamber,
dibawa hiber ka nu jauh ti dinya.
Niatna rék dipaké ku manéhna.
Haténa kacida bungahna.

Clé dina tangkal anu suni.
Rap baju merak téh dipaké.
Tétéla logor teuing.
Waktu dicobaan dipaké hiber téh, kokoplokan.
“Kawasna mah kudu dirapet!”
Ceuk pamikirna, lamun éta baju dirapet,
tangtu bakal pageuh napelna.
Manéhna bakal laksana jadi merak.

17. Henteu talangké, manéhna ngala leugeut teureup.
Éta leugeut diulas-olés kana awakna,
tuluy diulas-ales kana baju merak téa.
Rap baju merak dipaké deui.
Pel baé napel rapet pisan.
Dicobaan dipaké hiber,
najan karasana beurat,
tapi leuwih ngeunaheun ti batan tadi.

“Laksana ayeuna aing jadi merak!”
ceuk Si Candrika, paromanna marahmay.
Clé kana dahan pangluhurna.
Terus ngahuleng mikiran lampah saterusna.
Keur kitu torojol aya gagak, clé hareupeunana.
Tétéla Si Culindra, batur ulinna ti leuleutik.
Si Culindra ngadeukeutan ka Si Candrika.

“Keur naon Sakadang Merak, hulang-huleng di dieu?”
ceuk Si Culindra nanya ka nu keur cinutrun.
Ngadéngé omongan Si Culindra kitu,
Si Candrika ngomong dina jero haténa,
“Si Culindra teu apaleun ka aing,
padahal batur ulin aing ti leuleutik.
Nyebutna ogé Sakadang Merak.
Ayeuna aing lain Si Candrika, aing merak! Merak!”

Ana pok téh Si Candrika ngomong,
“Tunya-tanya teuing atuh!”
“Pilakadar nanya, wajar wé da urang téh tatangga,”
témbal Si Culindra.
“Tatangga sih tatangga,
tapi bangsa andika mah teu pantes
cacampuran jeung bangsa merak,”
témbal Si Candrika teugeug.

Si Candrika neruskeun caritaanana,
“Sing ngarumasakeun manéh wé atuh,
boga rupa goréng patut,
bulu hideung lestreng teu béda ti areng!
Béda pisan jeung bangsa kuring mah.
Sirah dimakuta kukuncung,
buntut hurung-hérang éndah!”
Ngomong kituna téh bari ucad-aced.

“Na andika téh sombong-sombong teuing!”
témbal Si Culindra, haténa nyeri dihina kitu.
“Ari geus, da kitu buktina atuh!”
ceuk Si Candrika teugeug.
“Ngahina ka sasama mahluk!”
“Da bangsa andika mah mémang hinaeun!”
Si Culindra teu ngomong deui,
geleber baé hiber ninggalkeun Si Candrika,
anu ayeuna mah geus maké baju merak.

Si Candrika kacida bungahna.
Ceuk pikirna, “Enya, ayeuna mah,
aing téh geus jadi merak.”
Buktina Si Culindra ogé,
batur ulinna ti leuleutik, teu apaleun.
Malah nyebutna ogé Sakadang Merak!
“Aing geus jadi merak! Aing merak! Merak!”
Si Candrika igel-igelan dina dahan.
Buntutna patinggurilap katojo ku panonpoé.

Pasosoré, wanci bangsa manuk baralik.
Balik ka panonobanana masing-masing,
Si Candrika ogé balik.
Ngan ayeuna mah balikna béda.
Balikna kana tangkal kiara panonoban merak.
Lain kana kiara panonoban gagak,
anu perenahna pahareup-hareup.

Si Candrika eunteup di dinya,
ngahiji merak-merak séjén.
Mimitina mah euweuh anu ngaharu-biru,
da mémang mun diténjo saliwat mah,
Si Candrika téh méh taya bédana jeung merak séjén.
Kukuncungna, kitu deui bulu buntutna,
sarua baé jeung merak jalu lianna.

Saperti biasa, unggal soré merak-merak jalu
sok némbongkeun kamonésanana,
adu manis mébérkeun buntutna,
pangpangna pikeun ngirut merak bikang.
Hiji-hiji merak jalu ngibing,
buntutna patinggurilap éndah,
katojo panonpoé nu geus tunggang gunung.

27. Si Candrika ogé teu tinggaleun.
Malah mah aya leuwihna.
Manéhna hayang némbongkeun kabungahna,
pédah ayeuna geus jadi merak.
Bari sari-sari mupuas ka bangsa gagak,
bangsana sorangan anu dipikaijid,
pédah buluna henteu éndah.
Si Candrika leuwih motah ti merak-merak séjén.

Tayohna mah sagala tindak-tanduk Si Candrika,
disérangkeun ku kokolot merak di dinya.
Kokolot merak nyampeurkeun Si Candrika.
Pokna, “Ké heula, Lur, ari andika téh merak ti mana?”
Si Candrika kacida reuwasna,
“Ti dieu, ti ieu leuweung!” témbal Si Candrika gugup.
“Ti leuweung ieu lebah mana?” ceuk kokolot merak.
Si Candrika beuki gugup baé.

29. Pok kokolot gagak téh ngomong deui,
“Lain, Lur, salila nyunyuhun kuncung,
kuring kakara nénjo merak kawas andika.
Suku pacér, pamatuk konéng, sora serak,
henteu jauh bédana ti bangsa gagak.”
“Kuring merak Indo, puguh keur serak ieu téh!”
“Lain, andika mah lain bangsa merak!
Salila kuring nyunyuhun kuncung,
can kabéjakeun di dieu aya merak Indo!”

Si Candrika keukeuh ngaku yén manéhna merak.
Keur kitu, rob atuh merak-merak sejenna daratang,
kabéh ngaronom ka Si Candrika.
“Andika mah lain bangsa merak,
sigana mah bangsa gagak anu maké baju merak!”
ceuk kokolot merak.
“Rék ngacowkeun bangsa merak éta mah!”
ceuk merak séjén, sorana teugeug.
“Laan bajuna! Usir! Usir!” paramerak raong,
tuluy ngepung Si Candrika.

Si Candrika dipaksa kudu ngalaan bajuna.
Si Candrika nurut, bajuna rék diporosotkeun.
Tapi hésé, lantaran geus rapet pisan jeung awakna.
Kawantu dirapet ku leugeut teureup kacida lobana.
Baju Si Candrika padametot ku paramerak.
Tapi angger henteu bisa lesot,
malah henteu ungger-ungger acan.
Kalah buluna baé anu caroplok téh.

Lantaran tanagana leuwih bedas,
Si Candrika bisa leupas tina kepungan paramerak.
Geleber hiber, kalayang kakalangan sakeudeung,
clé baé dina kiara panonoban gagak.
“Aya merak, euy!” ceuk hiji gagak.
Gebeg Si Candrika ngagebek, pok ngomong,
“Kuring lain merak, kuring Si Candrika,
batur andika, bangsa gagak kénéh!”
“Ah, maenya aya bangsa gagak kukuncungan!”

Keur kitu, torojol kokolot gagak,
“Rék naon andika los-los ka dieu?
Tuh, di ditu panonoban merak mah!
Rék ngacowkeun bangsa gagak di dieu?”
Témbal Si Candrika, “Kuring lain merak, kuring gagak.
Kuring téh Si Candrika, piraku Olot poho ka kuring?”
Kokolot gagak nelek-nelek Si Candrika.
“Sorana mah enya, sora Si Candrika.
Matana, mata Si Candrika deuih,”
kokolot gagak ngahuleng salila-lila.

Sanggeus ngahuleng, pok kokolot gagak ngomong,
“Lain, andika mah lain Si Candrika.
Si Candrika mah bangsa gagak.
Buluna hideung cara bulu kuring.
Andika mah bangsa merak anu nyamur.
Andika mah rék ngacowkeun di dieu téh, nya?
Rék ngacowkeun bangsa gagak? Hayo jawab!”
Najan Si Candrika nyaritana nepi ka susumpahan,
kokolot gagak angger henteu percayaeun.

35. Torojol Si Culindra, pok ngomong semu ambek,
“Tah, ieu merak anu tadi ngahina bangsa gagak téh!”
“Culindra, kuring sobat anjeun, Si Candrika!”
“Teu bisa! Si Candrika mah bangsa gagak.
Kuring apal enya ka Si Candrika,
manéhna mah moal ngahampas bangsana sorangan!”
“Kuring Si Candrika!” ceuk Si Candrika
bari ugal-ugil rék ngalaan baju merakna,
tapi teu bisa, da geus pageuh napelna.

“Éta mah pangacow!”
“Usir! Usir!”
“Podaran wé sakalian!”
Gagak-gagak réang bari rék ngarempug Si Candrika.
Nénjo galagat kitu, Si Candrika buru-buru hiber.
Tuluy hiber teu eureun-eureun.
Wanci sareupna nepi ka sisi lembur.
Clé waé di dinya.

Si Candrika kacida nalangsana.
Diusir ti ditu ti dieu.
Ku bangsa merak teu diaku,
sumawonna ku bangsana sorangan mah.
Anu matak peurih mah
teu diaku jeung diusir ku bangsana sorangan,
bangsa gagak anu ngagedékeun manéhna.
Bangsa anu miharep ka manéhna,
sangkan dina hiji mangsa jadi kokolot gagak.

Ka mana kudu lumampah?
Ras inget ka bangsa manusa.
Manusa mah teu resepeun téh ka bangsa gagak,
ari ka bangsa merak mah kacida resepeunana.
Haténa kaubaran.
Geus gilig dina haténa,
manéhna rék nepungan bangsa manusa,
itung-itung ngabuang manéh.
Isukna, wanci haneut moyan,
Si Candrika hiber ngajugjug ka pilemburan.
Nepi ka pilemburan, clé dina hiji suhunan.
“Aya merak! Aya merak!” ceuk hiji budak.
Teu lila rob atuh jelema ka dinya,
ningali Si Candrika.
Kabéh ogé raresepeun kana merak mah.
Teu cara ka bangsa gagak.

Nyaho kitu, Si Candrika jadi loba ceta.
Ucad-aced, buntutna dibébérkeun.
“Euleuh, itu mani éndah kitu!”
“Patinggurilap nya, euy, kawas berlian!”
“Nyaho kitu silaing berlian?”
“Henteu!”
Si Candrika beuki cetaan.
Atuh puguh wé jelema téh beuki raresepeun.

Keur kitu torojol kokolot lembur,
bari mawa bedil angin.
“Halik barudak, ulah ngahalangan, urang témbak!”
“Kadé ulah keuna kana buntutna, lebar!”
“Moal atuh,” ceuk kokolot lembur bari nyengir.
Dikécéng sakeudeung,
ceplék bedil anginna dibekaskeun.
Mimisna keuna pisan kana hulu Si Candrika.

Koléang Si Candrika ragrag,
leng teu inget di bumi alam.
Barudak sarurak ramé pisan.
Teu lila ti harita, buntut merak Si Candrika
jadi papaés di tepas imah kokolot lembur.
Sakapeung aya hiji-dua anu dibawa ngapung,
dipaké bubuntut langlayangan!

Tuesday, August 5, 2008

Mikaweruh Kawih


Kawih nya éta bagian tina kasenian sunda anu diwangun ku dua unsur nya eta unsur seni jeung unsur sastra. Musik ngalahirkeun lagu (nada dan wirahma) sedengkeun sastra nya eta mangrupa rumpaka atawa lirik lagu.

(kawih yaitu bagian dari khasanah seni Sunda yang dibentuk oleh dua unsur yaitu unsur seni dan sastra)
Yang digunakan dalam kawih yaitu tangga nada pentatonis, yang patokanya berdasarkan: Da-mi-na-ti-la-da
Dua unsur yang membentuk kawih:
1. Seni Musik = sebagai pengiring
2. Seni Sastra = Syair/ rumpaka lagu
Dalam kesenian Sunda antara kawih dan tembang tidak jauh berbeda, letak perbedaannya adalah kalau kawih terikat oleh ketukan sedangkan tembang (seperti pada tembang Cianjuran) tidak terikat oleh ketukan.

Di handap ieu mangrupakeun kumpulan kawih Sunda boh kawih anu dipirig ku alat musik Sunda (kacapi suling) atawa anu dipirig ku alat musik alat musik moderen:

Tanah Sunda

Tanah Sunda ( wibawa )
Gemah ripah (tur endah )
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda ( sawawa )
Sing Towéksa (perceka )
Nyangga dharma anu nyata
Ref :Seuweu Padjadjaran
Muga tong kasmaran
Sing tulaten jeung rumaksa
Miara pakaya
Memang sawajibna
Getén titén rumawat
Tanah pusaka

Miharti kecap:
Wibawa : wibawa/ berwibawa
Gemah ripah : subur makmur
Nu ngumbara : yang merantau
Suka betah : betah
Seuweu Padjadaran: keturunan Pajajaran
Miara Pakaya : memelihara kekayaan (tanah Sunda)
Getén titén rumawat: dengan teliti merawat

Angkrék Japati
Angkrék japati na cangkring keur karembangan
sisi wahangan barodas
kareta api geus datang sinyar geus muka
reg di stoplas Cibodas
gupay-gupay anaking
gupay-gupay digupaykeun ku manéhna
reumbay-reumbay anaking
reumbayna nginjeum cipanon ti manehna.

Angin Priangan
Seungit angin priangan
ngusapan embun-embunanduh, embun-embunan
hawar-hawar rerendahan ngahariring
ayun ambing, ayun ambing.
Seungit angin kahyangan
sumerep na lelembutanduh, na lembutan
hawar-hawar rerendahan ngahariring
éling-éling, mangka éling.
Dengkleung déngdék
dengkleung déngdék sisi lamping
anu déwék, enya anu kuring
tanah wasiat, tanah duriat
anu matak tibelat nya rarasaan.
Dengkleung déngdék
dengkleung déngdék sisi lamping
anu déwék, enya anu kuring
tanah katresna jati sarakan
anu tetep nyarengan nya lelembutan.

Bulan Langlayang Peuting
[Bulan téh langlayangan peuting
nu ditatar dipulut ku tali gaib
entong salempang mun kuring miang
ditatar ti Tatar Sunda
dipulut nya balik deui ka dieuieuh, masing percaya.] x 2
[Bedil geus dipélorangranat geus disoréndang
ieu kuring arék miang
jeung pasukan Siliwangi
ka Jogja hijrah taat paréntah.] x 2
[Bulan téh langlayangan tineung
nu ngoleang dipulut ku angin gaib
entong salempang mun kuring anggang
kapirarai tanah Sundaka
cipta mun balik enung mapagkeun
ieuh, di dora lembur.] x 2
[Bedil geus dipéloran
granat geus disoréndang
ieu kuring arék miang
jeung pasukan nusa
atika wétan muru bijil balebat.] x 2

Dina Jandela
Tina jandéla urang silih gupayan
lemu paneuteup deudeuh jeung geugeut neuteup eunteub
tara nu nyora simpé henteu nyarita
ngukir ciptaan tresna jeung asih marengan
Lir nu keur ngimpi, lir nu keur ngimpi
gambar lamunan naon geuning nu katepi.
lir nu disirep, lir nu disirep
geter katineung reureuh geuning, rep rerep.
Tina jandéla urang silih kiceupan
imut kareueut raga katresnaan padeukeut
langit keur lenglang jauh tina kamelan
gurang jadikeun galeuh pasini lawungkeun.

Hareupeun Kaca
Hareupeun kaca ngajanteng salila-lila
roman alum gurat duka atra narémbongan
hareupeun kaca sagala nu karandapan
lalakon katukang-tukang nungtut narémbongan.

Reueuk rumeuk dina eunteung
semu keueung semu nineung
jiwa awaking nyarita jiga nu nganaha-naha
duh ieung geuning jiga nu nganaha-naha.
Béjakeun deudeuh, bejakeun
rumasa geus katalimbeng.

Hariring Nu Kungsi Nyanding
Purnama nu kungsi leungit
ayeuna nganjang ka buruan deui
anu kungsi kapiati
kiwari urang ditepangkeun deui.
Hariring nu kungsi nyanding
ayeuna datang ngahaleuang deui
hayu pataréma tineung
cacapkeun meungpeung aya kasempetan

Ayeuna mangsa nu éndah
hayu urang suka bungah
caang bulan opat belas
narawangan haté bangbras
Ayeuna mangsa nu éndah
hayu urang suka bungah
caang bulan opat belas
narawangan ati bangblas.

Imut Malati
Imut malati
wengi tadi geuningan patepang deui
nu kapiati ti kapungkur
jungjunan dianti-anti

Ti Gunung Putri
sareng saha salira lungsur ka landeuh
lagu kamari ngagalindeng
lalakon gending kadeudeuh

Najan sakedap jorélat tunjung balébat
éstu mo hilap karaos matak tibelat
ku henteu terang mulihnaku henteu terang mulihna
eeh, naha iraha.

Najan mung imut saulas sakilat ilang
tansah kairut hanjakal teu sering tepang
ku henteu terang léosnaku henteu terang léosna
eeh, geuning kamana.

Kembang Impian
Antara lolongkrang kiceup
urang pateuteup
bulan pias enteupna lalangsé kayas
kaca jandéla nu muka
kaca katresna nu muka
peuting téh teuing ku jempling
asih téh teuing ku wening

Pangharepan lir laut nu jero
teu katepi ku sora panggero
urang teuleuman ku geter deudeuh duaan
urang tataran ku karep jeung pangharepan.

Tong teuing ngedalkeun lisan
urang guneman
na ciptaan bagja deukeut patémbongan
geter ti ati ka ati
hiber jadina pasini
saranggeuy kembang impian
sungkemeun kana lamunan.

Kembang Tanjung Panineungan
Anaking jimat awaking
basa ema mulung tanjung rebun-rebun
di pakarangan nu reumis kénéh
harita keur kakandungan ku hidep
geus opat taun katukang
ema nyipta mulung béntang
nu marurag peuting tadi
béntang seungit ditiiran pangangguran.

Anaking jimat awaking
basa ema mulung tanjung rebun-rebun
beut henteu sangka aya nu datang
ti gunung rék ngabéjakeun bapa hidep
nu opat poé teu mulang
ngepung gunung pager bitis
cenah tiwas peuting tadi
layonna keur ka dieukeun, dipulangkeun.

Harita waktu layonna geus datang
ema ceurik ieuh, balilihan
ras ka hidep ieuh na kandungan
utun inji budak yatim deudeuh teuing
harita waktu layon geus digotong
ema inget ieu kana tanjung
dikalungkeun napasaran
kembang asih panganggeusan ieuh, ti duaan

Anaking jimat awaking
lamun ema mulung tanjung reujeung hideup
kasuat-suat nya pipikiran
tapina kedalna téh ku hariring
hariring éling ku éling kana tanjung
nu dipulung éh, kembang tanjung
nu nyeungitan pakarangan
nu nyeungitan haté urang, panineungan

Longkéwang
[Baheula mun pareng nganjang
suguhna imut nyi lanjang
asih nu nganteur harepan
pasini na kasadrahan.] x 2

Mmmh, deudeuh teuingna peuting héab naraka
aya nyawa milar raga
bébéné mulang ti heula
bébéné mulang ti heula.

Mmmh, deudeuh teuing
na peuting hujan cimata
aya waruga palastra
jajaka raheut haténa
jajaka raheut haténa.

[Ayeuna mun pareng nganjang
nu témbong ukur kalangkang
mega mendung na jajantung
lagu liwung na bangbarung.] x 2
.. lagu liwung na bangbarung.

Malati di Gunung Guntur
Malati di Gunung Guntur
seungitna sungkeman ati
bodas sésétraning asa
jadina tina mumunggang leuweung larangan.

Malati di Gunung Guntur
hanjakal henteu dipetik
béja geus aya nu boga
ngahaja melak di dinya tara guriang.

Ayeuna kurang geus jauh
malati sosoca gunung
boa geus aya nu metik duka kusaha.

Kamari jol aya beja
malati ratna mumunggang
majar can aya nu metik duka kunaon.

Malati di Gunung Guntur
ligar dina panineungan, na panineungan
na saha nu baris metik
kuring mah da puguh jauh
biheung kadongkang.

Purnama Urang Nu Boga
Hibar deui purnama, hibar na ati
nyanding kembang malati nu kapiati
aya asih sumérén dina lahunan
aya deudeuh gumulung jero tangtungan
urang teang, enung,
poé isuk bulan sumedang wangi
urang seuseut, enung,
asih suci ari sumujud sari pangaji

Gelar deui lalakon, gelar ayeuna
nyampak lagu wirahma deudeuh kameumeut
taman éndah dicipta tempat ngabungbang
tepung teuteup duaan bunder kageugeut
langit béngbras, euis, bulan pinuh ngagenyas sutra kadéwan
angin lamping, eulis, ngelus laun ari haréwos béja kiriman
Hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan, geuning
hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan
purnama urang nu boga
ari purnama urang nu nampa.

Sagagang Kembang Ros
Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri
sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening.

Runtuyan haréwos jangji pasini katampi
moal weléh mikahéman, ieuh asih nu wening.
Sarining kembang jatining asih
jadi angkeuhan, duh urang duaan.

Ngaca pangharepan panteng kayakinanna dasaring ati urang duaan.
Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri
sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening.

Salam Manis
Ieu salam manis
manis salam kuring
nya ieu pisan nu salawasna nyanding
nyaring ngahariring

Ieu salam manis
manis salam kuring
nya ieu pisan nu salilana nganteng
anteng kapitineung
Datangkeun kuring deukeutkeun
deukeutkeun kuring raketkeun
duh, dunungan
datangkeun kuring deukeutkeun
deukeutkeun kuring raketkeun

Salempay Sutra
Salempay sutra disulam jeung dikarawang
tawis soca ti jungjunan, duh.. ti jungjunan.
Salempay sutra disulam mangrupa kembang
tawis asih ti kakasih, duh.. ti kakasih.

Ngaraketkeun hubungan batin duaan
mupus waswas jeung cangcaya
di juruna disulam ngaran singgetan
ngaran kuring jeung manéhna.

Salempay sutra disulam jeung dikarawang
tawis soca ti jungjunan, duh.. ti jungjunan.
Hiji tawis soca duh salempay sutra
jadi jimat pangreugreug ati disulam narawang duh salempay sutra geuning nyidem harepan.
Salempay sutra disulam mangrupa kembang
tawis asih ti kakasih, duh.. ti kakasih.

Samoja
Kedalna asih na bulan pinuh mamanis
hiji jangji pasini na rasmining wanci
mangsa samoja jongjon kembangan
duh eulis, langit lénglangangin rintih dina ati, aduh.

Lalakon lawas na bulan pinuh katineung
aya jangji pasini nu henteu ngajadi
mangsa samoja geus ngarangrangan
duh ieung, langit angkeub
samagaha dina haté, duh.
Ayeuna kantun waasna, jungjunan
lalakon ka tukang ditéang ngan ku ciptaan
kamari nu pamit, kamari nu pamit
datang deui na kalangkang.
Ayeuna tinggal ngangresna, jungjunan
lalakon nu pegat disambung ngan ku ciptaan
kamari nu leungit, kamari nu leungitrék lebeng mo deui datang.

Sariak Layung
Sariak layung di gunung
iber pasini patepung lawung
teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung
eeh, ngawangwang nu dipigandrung, aduh

Haréndong meuhpeuy harideung
jalan satapak rarambu leuweung
kumalangpang ronghéap nu kapitineun
geeh, ronghéap nu kapitineung, duuh

Surya surup layung hibar
ka tanjakan sawangan diumbar
geus ngolébat, ieuh, samar-samar
hariring asihna kapireung ngalalar
Angin tiis ti mumunggang
katitipan haréwos kamelang
tawis deudeuh, ieuh, nu maranti
sungkeman kahéman saranggeuy malati.

Wengi Énjing Tepang Deui
Disimbutan ku halimun
diaping ku indung peutinglalaunan ngalayangna
sukma ninggalkeun jasmani
emh, aduh, sukma ninggalkeun jasmani
ngalayang ka awang-awang
rét nepangan ka nu tebih
nepungan ka urang gunung
malati di pinggir pasir
kakara pisan ligar
nakapendakna tacan lami
katuruban dangdaunan
kahempi ka nagara sari.

Kembang diburu dirungrum
sawengi henteu kapanggih
patapan henteu kalanglang
raraosan mah sawarsih
emh, aduh, raraosan mah sawarsih
hawar-hawar sora hayam
ciri parantos janari
nu nyumput téh humarurung
teungteuingeun milik diriharianeun teuing kadar
misahkeun anu keur asih
kembang nganggo dihalangan
ditundung ku indung peuting.

Gunung geus aya di pungkur
indit haté mah murilit
duh, indit haté mah murilit.
Miang gé da sumoréang
Parangtritis kapiati
aduh enung pileuleuyan
wengi énjing tepang deui,
duh, aduh, wengi énjing tepang deui.

Panon Hideung

Panon hideung
Pipi koneng
Irung mancung
Putri Bandung
Putri saha
Di mana bumina
Abdi reseup.....Ka anjeunna

Siang wengi
Kaimpi-impi
Hate Abdi
Sara redih
Teu emut dahar
Teu emut nginum
Emut ka nu geulis ......Panon Hideung

Indung
Nu Ngawih: Wina

Duh indung duh indung
Naha anjeun téh dimana
Abdi keueung duh indung
Na kunaon anjeun téh ngantunkeun abdi
Milari nu janten indung
Lamina mangtaun-taun
Saupami aya kénéh
Na di mana atuh ayeuna

reff
Kalér kidul tos dijugjug
Ngulon wetan didatangan
Tapi anu jadi indung
Teu aya laratananan
Ya Allah maha uninga
Na di mana indung abdi
Gusti Nu Maha Suci
Mugi pitulung ka abdi
Duh indung duh indung

Budak Saha
Wina

Dipikir siang jeung wengi
Hirup téh naha nyorangan
Dirasa-rasa da puguh aya nu boga
Ema bapa anjeun di mana

Teu sangka ku nasib diri
Hirup téh pahatu lalis
Lami gedé cicing di yayasan
Ema bapa anjeun di mana

Duh Gusti ari abdi budak saha
Teu puguh laratanana
Batin ceurik balilihan
Ari abdi budak saha
Ieu haté terus tumanya
Na di mana anu ngandung
Na di mana nu ngayuga
Ari abdi budak saha
Ieu haté terus tumanya
Na di mana ari indung
Na dimana ari bapa

Anak Jalanan
nu ngawih: Kustian

Ceuk batur mah kuring téh budak jalanan
Gawé ukur ngamén dina kendaraan
Sabenerna haté ngarasa nalangsa
Puguh hirup ragap taya
Kolot teu apal di rupa
Jeung deui duka di mana

Mun panas kapanasan
Mun hujan kahujanan
Mun reup peuting ngadon saré di émperan
Pakukuh hirup di jalan
Henteu boga patempatan
Pikeun pangbalikan

Ti mana ti mana atuh ti mana
Diri kuring ti mana atuh asalna
Kumaha atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina
Ya Allah paparin abdi pituduh
Na di mana kolot abdi téh ayana

Mikaweruh Sawér (Mengetahui tentang sawér)



Sawér yaitu bentuk karya sastra Sunda buhun (jaman dahulu) yang sering digunakan dalam upacara nyawér. Dalam pelaksanaan sawér/ nyawér biasanya naskah sawér suka ditembangkeun (ditembangkan), dikawihkeun (dinyanyikan) atau dideklamasikan. Tradisi nyawér dalam kehidupan masyarakat Sunda merupakan warisan karuhun (nenek moyang) secara turun temurun.
Dalam upacara nyawér erat kaitannya dengan kepercayaan. Tapi seiring dengan perkembangan zaman, kegiatan nyawér tidak selamanya dikaitkan dengan keparcayaan atau ritual. Kegiatan sawér dianggap salah satu media untuk menyampaikan pepatah, memberi pepeling (nasehat) dan memberi do,a.
Berdasarkan bentuknya sawér banyak ditulis dalam bentuk papantunan, kawih, sair, pupuh, sajak dan prosa. Tapi kebanyakan sawér banyak ditulis dalam bentuk sair. Sedangkan umumnya pupuh yang sering digunakan dalam puisi sawér yaitu pupuh yang termasuk dalam wanda (bentuk) pupuh sekar ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana dan Dangdanggula).
Berdasarkan isinya ada yang disebut dengan sawér orok (bayi), sawér sunatan, dan sawér kawinan (pernikahan). Sawér tersebut merupakan sawér yang sering digunakan dalam kehidupan urang Sunda.

Conto Sawér Pengantin:

Bahasa Sunda
Mungguh rumah tangga tangtu
Lir kapal jero jaladri
Garwa minangka layarna
Carogé lir juru mudi
Di lautan satujuan
Sapapait samamanis
Guguru ka lauk laut
Sanajan caina asin
Awakna teu katépaan
Mandiri dina pribadi
Mangpaat keur nu lian
Jadi pamungpungan asih

Bahasa Indonesia (artinya)

Rumah tangga yang yang sebenarnya
Seperti kapal dalam samudra
Istri sebagai layarna
Suami seperti nakhoda
Di lautan satu tujuan
Sepahit semanis (harmonis dalam hidup)


Berguru kepada ikan di laut
Walau airnya asin
Badanya tidak tertular (asin)
Mandiri dalam pribadi
Manfaat untuk yang lain
Jadi tempat berkasih sayang

(sumber:http://buncir.blogspot.com)

Wangunan Adat Sunda Buhun

Aya sababaraha (beberapa) rupa (jenis) wangunan sunda buhun (lama) teh, diantarana:

· Suhunan jolopong: suhunan nu lempeng (lurus). Mun basa indonesia mah, atap pelana. Siga (saperti) pelana kuda. (Suhunan Jolopong merupakan bentuk rumah yang atapnya memanjang), disebut oge (juga) suhunan panjang, gagajahan, jeung regol.
· Jogo (tagog) anjing: Wangunan anu bentukna saperti anjing keur jogo (duduk) Suhunan hareup (nu siga bangus/ mulut anjing) ngiuhan émpér imah (menutupi teras rumah).

· Badak heuay: Dedegna imah badak heuay rada deukeut ka jogo (tagog) anjing, ngan luhureun sirahnya aya ceulian-susuhunan tambahan, kahareup. (bentuk rumah badak heuay seperti tagog anjing tapi diatas kepala suhunan ada tambahan atau atap belakang dan depan menyerupai badak sedang menguap)

· Parahu kumureb: Potonganana (bentuknya) siga tangkuban parahu pisan, trapesium tibalik, di Tomo Sumedang, disebutna jubleg nangkub.


· Capit Gunting: Potongan imah anu tungtung suhunanana make kai atawa awi dicagakeun saperti gunting rek nyapit.
· Julang ngapak: Julang ngapak mun diténjo ti hareup (dari depan), suhunan kénca katuhuna (kanan kiri) siga jangjang (sayap) manuk, julang-suhunanana opat nyambung nu di sisi nyorondoy. Sambunganana di tengah, maké tambahan siga gunting muka di punclutna. (Julang ngapak seperti burung yang sedang terbang)

· Buka palayu: suhunan siga imah Betawi aya émpér (teras) panjang dihareup.
· Buka pongpok: rada mirip buka palayu, ngan pantona dirobah ka arah jalan

·Rupa-rupa Wangunan jeung Pamakéanana
Umum:

o gedong: imah alus (bagus) tur badag (gede) anu biasana ditémbok
o joglo: adegan imah leutik basajan (bentuk rumah kecil)
o balé kambang: imaha anu diwangun disaluhureun balong, jsb. ('kambang' 'ngambang'), (yang dibangun diatas kolam, empang, dll)
o poporogok: imah siga saung, leutik tapi lumayan
o pakuwon: pakarangan tur imah nu sorangan
o ranggon: saung anu luhur pisan kolongna atawa anu diwangun dina tangkal kai nu luhur
o régol: panto gedé lawang pakarangan (en:gate, de: tor)
o saung: adegan leutik, biasana teu didindingan, ayana di sawah, kebon, paranti reureuh.

Pamaréntahan:
o babancong: wangunan leutik di sisi alun-alun baheula, panggung paragi gegedén, ayeuna mah siga tempat nu nongton kelas VIP di stadion.
o balandongan: adegan samentara pikeun narima sémah dinu hajat atawa tempat hiburan.
o balé désa: kantor pamong désa (kantor desa)
o balé kota: kantor walikota atawa bupati
o balé watangan: pangadilan
o gedong songko: imah bupati baheula
o kadaton, karaton
o pandapa (pendopo): tepas lega bagian hareup gedong kawadanaan, balé kota, jsb.
o kaputrén: bumi jeung pasaréan (tempat tidur) putri raja
o kaputran: bumi jeung pasaréan putra raja
o bénténg: adegan anu tohaga, biasana ngurilingan kota pikeun nahan panarajang musuh
o bui, panjara: paragi ngerem jelema nu meunang hukuman.
Transportasi:
o hanggar: minangka garasi pikeun kapal udara
o stasion: pangeureunan (tempat berhenti) karéta
o halteu: pangeureunan beus

Tatani (pertanian) jeung Dagang:
o jongko, warung: tempat dagang, di pasar biasana eusina pinuh ku jongko
o palalangon: saung luhur di leuweung atawa di huma paranti ngintip sato atawa nungguan huma
o leuit: gudang tempat nyimpen paré
o gosali: tempat gawéna panday (pandai besi)
o bédéng: imah-imah atawa adegan leutik paragi nu digarawé proyék wangunan jeung di kebon (rumah kecil tempat orang yang bekerja di kebun/ proyek bangunan)

Sato (hewan):
o pakandangan: kandang gedé atawa nu loba kandang (kandang besar atau tempat yang didalamnya banyak kandang)
o gedogan, istal: kandang kuda
o karapyak: kandang munding (kerbau) atawa sapi nu dikurilingan ku pager
o pagupon: kandang japati (merpati)
o paranjé: kandang hayam (ayam)

Ibadah:
langgar, tajug
Masigit (masigit)
Gareja (greja)
Dioropea ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Wangunan_Sunda", & Ahmad Hadi

Kamus Indonesia- Sunda


A
Abadi = langgeng
Abu = Kekebul
Abu Rokok = Calacah
Ada = Aya
Adalah = Nyaeta
Adik = Rai, Adi, Pun Adi
Air = Cai
Ajar = Wuruk, Atik ; Belajar = Diajar ; Ajaran = Wurukan, Atikan
Akan = Bade, Arek
Akan = Bakal
Aku = Abdi/ simkuring
Alis = Halis
Alis = Halis = Kening
Anak = Budak, Murangkalih
Anak Adik = Suan
Anak Kakak = Alo
Anak Kecil = Budak Leutik, Murangkalih
Aneh = Aheng
Angsa = Soang
An-jing = Gogog
Apa = Naon ; Mau Apa = Bade Naon, Erek Naon
Api = Seuneu
Asam = Haseum, Asem (Benda)
Asin = Asin
Asin Sekali = Molelel
Atas = Luhur
Ayam = Hayam

B
Ba-bi hutan = Bagong
Badan = Awak, Waragad
Bagian = Bagean
Bagus = Sae, Alus
Bahagia = bagja
Bahu = Taraju, Pundak, Taktak
Baju = Raksukan, Anggoan, Acuk
bakar = duruk
Ballpoin = Pulpen
Bambu = Awi/Haur
Bangun Tidur = Gugah, Hudang (bahasa kasar)
Bantu = Bantos ; Bantuan = Bantosan ; Membantu = Ngabantos, Ngabantuan
Bapak = Pun Bapa, Tuang Rama
Baru = anyar
Barusan = Nembe, Bieu, Karek Bieu
Batas = Wates
Batu = Batu
Batu Kapur = Apu
Bawah = Handap
Bayangan = Sawangan
Bayang-bayang = Kalangkang
Bayi = Orok
Bebek = Entog
Begitukah = Baruk
Bekas = Tilas, Urut
Belakang = Pengker, Tukang
Belalang = Simeut
Belalang Sembah = Congcorang
Benar = Leres, Bener
Beol = E'e', Miceun, Modol
Berangkat = Mios, Angkat, Indit
Berapa = Sabaraha
Berapi-api = Nyeuneu
Berasal dari mana = Kawit timana / kawit timanten
Berbinar-binar (mata) = Cureuleuk
Berdasarkan = Dumasar
Bergembira = galumbira
Bergoyang = Ngageol, Ngagitek
Berkaitan = Patali
Berkelahi = Gelut
Berkilau = Mencrang
bertemu=papendak
Besar = Ageung, Gede, Badag
Besi = Beusi
Besok = Enjing, Isuk
Besok Lusa = Pageto
Betet = Ekek
Betis = Bitis, Wetis
Bibir = Lambey, Biwir
Bidang = Widang
Bilangan = Wilangan
Binangkit = sagala bisa
Bintang = Bentang
Biru = Bulao
Bisa = Tiasa
Bisa kenalan gak = Tiasa wanoh teu
Bodoh = Bodo, Boloho
Bra = Kutang, Beha
Buka = Muka
Bukan = Sanes, Lain
Bukit = Gugunungan
Bulan = Sasih (Almanak), Bulan
Bulan Sabit = Bulan Sapasi
Bumi = Dunya
Burung = Manuk
Burung Hantu = Bueuk
Buta = lolong/ teu ninggali

C
Cabang = Cagak
Cabe = Cabe
Capung = Papatong
Cantik = geulis
Cari = Teang, Pilari, Neang ; Mencari = Milari, Neangan, susud
Celana = Lancingan, Calana
Celurit = Arit
Cicak = Cak cak
Coba = Cobi ; Mencoba = Nyobian, Nyobaan, Ngajaran
Cobek = Coet
Cubit = Ciwit
Cuci = Wasuh, Ngumbah
Cuci Baju = Nyeuseuh
Cuci Piring = Kukumbah Piring
Cukup = Cekap
Cukur = Cukur
Cuma/Saja = Mung, Ngan

D
Dada = Dada, Payun
Dagu = Gado, Angkeut
Dahaga = hanaang
Dahi = Taar, Tarang
Danau = Situ
Dari = Ti
Dari Tadi = Titadi
Darimana = Kawit, Timanten
Datang = Dongkap, Sumping, Mulang, Balik (bahasa kasar)
Dekat = Caket, Deukeut
Delapan = Dalapan
Dengan = Sareng, Eujeung
Depan = Payun, Hareup
Desa = Lembur
Dia = Manehna
Dikesampingkan = Disingkahkeun
Dingin = Tiis (benda), Tiris (suhu)
Dompet = Loket
Dua = Dua
Dua Belas = Dua Belas
Dua Puluh Lima = Salawe
Duda = Duda
Dulu = Heubeul ; Dahulu = Baheula
Dunia = Dunya

E
Elang = Heulang
Elus = Usap
Empat = Opat
Enam = Genep

G
Gabung = Rampak
Gadis = Parawan
Garam = Uyah
Garuda = Dadali
Garuk = Garo
Gatal = Ateul
Geli = Getek
Gelitik = Eleketek
Gembira = Gumbira
Gemuk = Bayuhyuh
Gerah = Hareudang, Kareunang
Gergaji = Ragaji
Gerobak = Gorobak
Gigi = Waos, Huntu
Gila = Gelo, Teu Eucreug
Golok = Bedog
Gula = Gula

H
Habis = Seep, Beak ; Menghabiskan = Nyeepkeun, Meakeun
Hangat = Haneut
hantu = jurig/ ririwa
Hanya = ngan
Hari = Dinten, Poe
Harimau = Maung
Hebat = Edun
Hewan = Sasatoan
Hidung = Pangambung, Irung
Hijau = Hejo
Hisap = Seuseup
Hitam = Hideung
Hitam Legam = Hideung Lestreng
hujan = hujan
Huruf = Aksara
Hutan = Leuweung
Hutan Gundul = Leuweung Carengcang
Hutan Rimba = Leuweung Geledegan

I
Ibu = Pun Biang, Indung
Ibu Jari = Jempol
Ijin = Widi ; Diijinkan = Diwidian
Ikan = Lauk
Ilmu = Elmu
Ingat = emut/inget
Ingin = Hoyong, Palay, Hayang
Ingkar Janji = Jangji Sulaya
Istri = Garwa,Pun Bojo, Pamajikan
Itik = Meri
Itu-itu juga = Eta-eta keneh
Iya = Muhun, Sumuhun

J
Jadi = Janten ; Sedang Terjadi = Lumangsung
Jahil = Jail
Jahit = Kaput ; Menjahit = Ngaput
Jalan (benda) = Galur
Jalan (kerja) = Papah, Leumpang
Jam Berapa = Tabuh Sabaraha
Jam berapa sekarang = Tabuh sabaraha ayeuna
Janda = Randa
Janda Kembang = Randa Bengsrat
Janji = Jangji
Jari = Ramo
Jari Manis = Jarhiji
Jari Telunjuk = Curuk
Jari Tengan = Panengah
Jauh = Tebih
Jelas = Eces ; Menjelaskan = Ngaceskeun
Jelek = Awon, Butut
Jemari = Ramo, Reuma
Jendela = Jandela
Jengkel = Keuheul
Jepit = Capit
Jidat = Tarang, Taar
Jijik = Geuleuh
Jilat = Letak, Lamot
Jitak = Teke
jumpa = patepang
Jurang = Gawir

K
Kabarnya gimana baik = Kumaha damang
Kaget = Soak, Reuwas
Kain = Layon, Kaen
Kakak = Raka, Lanceuk, Pun Lanceuk
Kakak Ipar = Dahuan
Kakek = Aki
Kaki = Sampean, Suku
Kalah = Kawon, Eleh, Keok
Kalian = Aranjeun, Maraneh
Kambing = Embe
Kami/Kita = Urang
Kamu = Anjeun, Hidep, Maneh (bahasa kasar)
Kanan = Katuhu
Kandang = Kurung
Kapan = Iraha
Karet Penghapus = Panghapus
Kasian = Karunya, Deudeuh
Katak/Kodok = Bangkong
Kawin = Nikah
Kayak/Seperti = Siga
Kayaknya = Sigana
Kayu = Kai
Kebahagiaan = kabagjaan
Kecil = Alit, Leutik
Kecoa = Cucunguk
Kelakar = Ngabodor
Kelingking = Cingir
Keluarga = Kulawarga
Kemarin = Kamari
Kemarin Lusa = Mangkukna
Kemauan = Kahoyong, Kahayang
Kenyak = Wareg
Kepala = Mastaka, Hulu, Sirah
Keras = Teuas ; Mengeras = Ngabagel, Neuasan
Kerbau = Munding
Keringat = Kesang
Kerja = Damel, Gawe ; Pekerjaan = Padamelan, Pagawean
Kertas = Keretas
Kesana = Kaditu
Kesini = Kadieu
Ketek = Kelek, Ingkab
Ketel = Katel
Ketika/Saat = Basa, Waktos
Kira-kira = Kinten-kinten
Kiri = Kenca
Kolam Ikan = Balong
Kolam Lumpur = Leuwi
Kota = Dayeuh
Kota Pinggiran = Pasisian
Kucing = Ucing
Kuku = Kuku, Tanggay
Kumis = Kumis, Rumbah
Kuning = Koneng
Kunyit = Koneng
Kupu kupu = Kukupu
Kura-kura = Kuya
Kurang = Kirang
Kursi = Korsi
Kurus = Peot
Kutilang = Cangkurileung
Kutu busuk = Tumbila

L
Lagu = Tembang, Kawih, Langgam
Lain = Sanes, Sejen
Lainnya = Sejena
Lalat = Laleur
Lama = Heubeul (barang), Lami, Lila
Lapang = Tegal
Lapangan = Tegalan
Lapar = lapar
Lari = Lumpat
Layang-layang = Langlayangan
Lebih = Langkung, Leuwih ; Melebihi = Alabatan
Leher = Tengek, Beuheung
Lemah = Leuleus
Lemari = Lomari, Almari
Lempar = Baledog
Lidah = Letah
Lihat = Ningal , Tempo ; Kelihatan = Katembong
Lima = Lima
Luas = Lega
Lucu = Pikaseuriuen
Lumpur = Leutak
Lupa = Hilap
Lutut = Tuur
Lutut = Tuur = Dengkul

M
Maaf = Hapunten, Hampura
Main = Ameng, Ulin
Makan = Tuang (untuk orang lain) , Neda (untuk diri sendiri), Dahar (bahasa kasar)
Malam = Wengi / Peuting
Malas = Hoream
Mancung = Bangir
Mandi = Ibak, Mandi
Manis = Amis
Manis Sekali = Kareueut
Masa = Maenya, Piraku
Masalah = Perkawis, Mas alah
Masih ada = Aya Keneh
Mata = Soca, Panon
Mata Hari = Panon Poe
Mata kaki = Mumuncangan
Mau = Hoyong, Kersa
Mau makan dengan saya = Kersa tuang sareng abdi
Mau Menanyakan = Bade tumaros
Melamun = Ngimpleng, Ngalamun
Melarang = Nyaram, Nyarek
Membakar = ngaduruk/ ngadurukan
Membangun = Ngawangun
Membuka Rahasiah = Ngabolekerkeun
Memutuskan = Mutuskeun
Menakut-nakuti = Nyingsieunan
Menang = Kenging, Meunang
Menantu = Minantu
Menanyakan = Naroskeun, Tumaros
Mencair = Le eh
Mengenai = Ngenaan
Mengenang = Mieling
Menggaruk = Gagaro, Ngagaro
Menggigil = Ngadegdeg, Ngahodhod
Menginap = Mondok
Mengingat = ngemut
Menjawab = Ngawaler
Menunggu = Ngantosan, Ngadagoan
Menyaksikan = Nyiksenan
Menyerupai = Mangrupakeun
Menyesal = Kaduhung
Merah = Beureum
Merasa = Rumaos, Ngarasa
Merasa = Rumaos, Ngarasa
Merayakan = Ngareah-reuah
Mereka = Maranehna
Merem = Peureum
Merinding = Muringkak
Merpati = Japati
Mertua = Mitoha
Merupakan = Mangrupa
Minum = Eueut, Nginum
Mo-nyet = Wanara
Muda = Anom, Ngora
Mudah = Gampil, Babari, Enteng, Gampang
Mungkin = Panginten, Meureun

N
Naik = Naek ; Menaiki = Nerekel
Nama = Nami, Wasta, Ngaran
Namanya Siapa = Namina Saha
Nangis = Ceurik
Narik = Metot
Nenek = Nini
Ngantuk = Tunduh
Ngilu = Linu
Ngobrol = ngadubako
Ngomong = Nyarios
Ngumpul = ngariung
Nyala = Hurung
Nyamuk = Reungit
Nyanyi = Ngalanggam, Ngawih
Nyapu = Sasapu

P
Padam = Pareum
Pagi = Enjing-enjing, Isuk-isuk
Pagi Buta = Janari
Paha = Pingping
Panas = Panas
Panjang = Panjang
Pantat = Imbit, Bujur
Parit = Solokan
Pasir = Keusik
Payudara = Susu, Pinarep
Pelangi = Layung
Peluk = Keukeup ; Dipeluk = Dikeukeupan
Pematang Sawah = Galengan
Pemerintah = Pamarentah
Pemukul = Paneunggeul
Pendek = Beke, Pendek ( Ukuran tubuh )
Pendek = Pondok
Pengantin = Panganten
Penitih = Panitik
Pensil = Patlot
Penyakit = panyawat
Pepohonan = Tatangkalan
Peralatan = Parabot
Perasaan = Raraosan
Pergi = Angkat, Mios, Indit
Perjaka = Bujangan
Perkenalkan = Nepangkeun
Permisi = Punten
Perut = Patuangan, Beuteung
Pesek = Pegek
Piknik = Pelesir
Pinggang = Cangkeng, Angkeng
Pinggiran Rumah = Pipir
Pintar = Pinter
Pintu = Panto
Pipi = Damis, Pipi
Pipit = Piit
Pisau = Peso
Plastik = Palastik
Pohon = Tangkal
Polisi = Pulisi
Pria = Pameget, Lalaki
Pukul = Teunggeul
Pulang = Mulih, Uih, Balik
Punggung = Tonggong
Pusat = Puseur
Putih = Bodas

R
Rambut = Buuk
Rangkul = Tangkeup
Rawa = Ranca
Rawit = Cengek
Remaja = Wanoja, Rumaja
Rias = Dandan
Ribut = Pasea
Rindang = Hieum
Ruangan = Rohangan
Rumah = Rorompok, Bumi, Imah
Ruwet = Rungsing

S
Sahabat = Sobat
Sahabat Dekat = Sobat Dalit
Sakit = nyeri, Kasakit ; Penyakit = Panyakit
Salah = Lepat, Teu Leres
Sama = Sami, Sarua ; Sesama = Papada
Sambal = Sambel
Sambat = Nyambat
Sambit = Sabet, Kadek
Sampah = Runtah
Sana = Ditu ; Sebelah Sana = Palih Ditu
Sandal = Sendal
Sandal Jepit = Sendal Capit
Sandar ber-hak = Kelom
Sapu Ijuk = Sapu Injuk
Sapu Lidi = Nyere
Saring = Ayak
Saringan = Ayakan
Satu = Hiji
Satu Juta = Sajuta
Satu Ribu = Sarebu
Saudara = Baraya, Dulur
Saya = Abdi, Kuring, Urang, Uing, Aing
Sayang = nyaah
Sayap = Jangjang
Sebagian = Sapalih, Sawareh
Sebaliknya = Sabalikna
Sebelah = Sapalih, Sabeulah
Sebelahan = Gigireun
Sebelas = Sabelas, sawelas
Sebut = Nyebat ;Menyebutkeun = Nyebatkeun
Sedang = Nuju
Sedang sakit = udur
Sedih = tunggara
Sehat = Walagri
Sekarang = Ayeuna
Selangkangan = Palangkakan
Selokan/Parit = Solokan
Semacam = Sarupaning
Semangat = Sumanget
Sembilan = Salapan
Sempit = Heureut
Semua = Sadaya, Kabeh
Semut = Sireum
Senang = bungah
Sepatu = Sapatu
Sepuluh = Sepuluh
Sepuluh Ribu = Sapuluh Rebu
Serak (suara) = Peura
Seratus = Saratu
Seratus Ribu = Saratus Rebu
Seribu = Sarebu
Siang = Siang, Beurang
Siapa = Saha
Silakan = Mangga
Silau = Serab
Singlet = Kaos Sangsang
Sini = Dieu ; Sebelah Sini = Palih Dieu
Sisa = Sesa ; Menyisakan = Nyesakeun
Sisi = Gigir
Sobek = Soweh, Sowek
Sore = Sonten
Suami = Caroge, Salaki
Sudah = Parantos, Atos, Enggeus
Sudah Lama tinggal di sini = Tos lami linggih di dieu
Sudah makan belom = Tos tuang teu acan
Sungai = Susukan
Susah = Sesah, Hese

T
Tadi = Tadi
Tahi Lalat = Karang
Takut = Sieun
Tampar = Cabok, Gampleng, Tampiling
Tanah = Taneuh
Tanah Lapang = Tegalan
Tanda = Tanda ; Menandakan = Nandakeun
Tangan = Panangan, Leungeun
Tangga Bambu = Taraje
Tapian = Nyiru
Tau = Terang, Uninga, Nyaho
Tegel = Tehel
Teguh = Panceg
Telapak Tangan = Dampal Leungeun
Telat = Laat
Telinga = Cepil, Ceuli
Teman = Rerencangan, Babaturan
Temu = Pendak, manggih ; Ketemu = Kapendak, Kapanggih
Tenggelam = titeleum
Tentang = Perkawis
Teras = Tepas
Terbaha-bahak = Nyakakak, Ngabarakatak
Terbaik = Nyongcolang
Tergoda = Kagoda
Teringat-ingat = Kasuat-suat
Terkam = Kerekeb, Gabrug
Terkena Petir = Kabentar Gelap
Termasuk = Kalebet, Kaasup
Tersengat Listrik = Kasetrum
Tersenyum = Imut
Tersesat = Kasasab
Tertawa = Seuri
Tiang = Tihang
Tidak = Henteu
Tidak Akan = Moal
Tidak Mau = Alim, Teu Hoyong, Embung
Tidak Tau = Duka, Teu Terang, Teuing
Tidur = Kulem, Bobo, Sare (bahasa kasar)
Tiga = Tilu
Tikus = Beurit
Tinggal dimana = Linggih dimana
Tinggalnya dimana = Linggih Timanten
Tinggi (Tempat ) = Luhur
Tinggi (Ukuran Tubuh) = Jangkung
Tiri = Tere
Tolong = Bantos, Tulung ; Pertolongan = Bantosan, Pitulung
Topi = Kerepus, Topi
Tua = Sepuh, Kolot
Tujuh = Tujuh

U
Tusuk = Tojos
Uang = Artos, Duit
Uang Logam = Receh, Kencring
Uban = Huis, Salatu
Udel = Bujal
Ular = Oray
Ulat = Hileud
Ulekan = Mutu
Untuk (Kegunaan) = Paranti
Untuk = Pikeun, Kanggo, Jang
Urakan/Norak = Kampungan
Usia = Yuswa, Umur

W
Wafat = ngantunkeun/ maot
Wajah = Raray, Beungeut
Wajan = katel
Waktu = Waktos
Wanita = Mojang, Istri, Awewe
Waria = Banci, Bencong
Warna = Kelir

Y
Ya = Muhun, Heueuh
Yang = Anu
Yang Dipakai = Anu Dianggo, Nu Dipake
Yaitu = nyaeta
Yakin = yakin
Yakni = nyaeta
(sumber:http://www.ngariung.com)