Babasan Jeung Paribasa

adam lali tapel
poho ka baraya jeung poho ka lemah cai

adat kakurung ku iga
adat nu hese digantina

adean ku kuda beureum
beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur

adigung adiguna
gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana

ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan)

Monday, August 4, 2008

BASA SUNDA DINA MÉDIA CITAK

BASA SUNDA DINA MÉDIA CITAK

LOBA TEUING TINIMBANGAN? *)


ku Abdullah Mustappa

Katompérnakeun taun 1952, kantor Jawatan Kabudayaan di Bandung ngaluarkeun majalah, ngaranna Budaya, dina basa Sunda. Ukuranana 14,5 sm ka 21,5 sm, kandelna 42 kaca (teu kaasup jilidna). Di béh handap, aya katerangan: Wawaran Jawatan Kabudayaan Jawa Kulon Kamantrén PP & K1.

Nu hayang disabit di dieu, lantaran aya patalina jeung tulisan, nya éta istilah Jawa Kulon. Majalah Budaya téh mangrupa wawaran atawa kalawarta anu medal kalawan mayeng tur dikaluarkeun ku hiji kantor ti Jawatan pamaréntah. Matak beunang disebutkeun istilah Jawa Kulon gé sasat resmi anu jolna, atawa rék ditawarkeun, ku pamaréntah.

Tapi sakaterang mah, istilah Jawa Kulon téh henteu popular atawa terus dipaké jadi sesebutan resmi dina hirup sapopoé. Malah ayeuna mah, apan sasat geus tara kadéngé deui. Sakur média citak dina basa Sunda nu ayeuna aya kénéh, taya hiji gé anu nyebut Jawa Kulon. Kum waé saréréa gé nyebutna téh Jawa Barat.

Naon sababna pangna istilah Jawa Kulon sasat henteu ditarima lain baé ku urang Sunda tapi ogé ku urang Jawa Barat umumna, tangtu aya alesanana. Éta alesan téh bias nyoko kana urusan basa, atawa bias baé nyoko kana alesan séjén, kaasup soal sikep pulitik urang Sunda. Dina Kongrés Pamuda Sunda, nu diayakeun dina taun 1956 upamana, salasahiji proklamasi téh apan lain netepkeun sesebutan propinsi Jawa Barat jadi Jawa Kulon tapi jadi propinsi Sunda. Nu diusulkeun jadi propinsi Jawa Kulon mah nyaéta Jawa Tengah. Di sagigireun éta, aya anu ngahudang kapanasarn: nepi ka mana silih pangaruhanana antara masarakat jeung media citak dina urusan basa? Nu dimaksud di dieu tangtu wé antara media citak basa Suda jeung kahirupan sapopoé urang Sundana sorangan.

Nurutkeun catetan Roesjan, urang Sunda geus boga média citak dina taun 1894. nya éta ku kaluarna Sunda Almanak anu medal sataun sakali, dicitak ku Van Dorp di Semarang. 2) Kangaranan almenak anu kaluarna sakali dina sataun, bias kaharti lamun pangaruhna kana hirup kumbuh urang Sunda sapopoé téh teu sabaraha.

Duawelas taun ti harita, kaluar Panemu Guru. Nu ieu mah leuwih kerep, medalna dua bulan sakali. Disebutkeun, “nu jadi rédaksina réngréngan ‘Mantri Sunda’ di Bandung, basana puguh wé bérés”.

Sigana mah di dieu huluwotanana téh.

Media citak basa Sunda, ti baheula nepi ka ka ayeuna, méh salawasna dikokolakeun ku réngréngan Mantri Sunda téa. Dalah anu narulis milu ngeusianana ogé henteu jauh ti dinya. Kitu deui nu macana. Nu matak nepi ka ayeuna, media citak Sunda mah loa pisan ulukutek dina urusan sakola jeung guru.

Nu digolongkeun kan réngréngan MantriSunda téh (wayahna, rang terus sebut kitu baé susuganan bakal aya maunatna), tangtuna gé aranjeunna anu pangaweruhna kana basa Sunda geus diaku kalayan resmi. Nu matak munasabah lamun basa Sundana disebut bérés gé. Basa Sunda anu diparaké dina tulisan dina media citakna gé, tangtu tuhu kana papagon basa sakumha anu diajarkeun di sakola-sakola.

Di lebah dieu bakal aya pasualan anu kawilang penting tapi salila ieu sigana mah tacan ditembrakkeun kalawan daria. Geus jadi cecekelan saréréa anu sapopoéna icikibun dina media cita, yén basa an dipaké dina media citak mah (kayaning Koran atawa majalah anu medlna kerep; tapi lain bangsaning jurnal anu medalna ampleng-amplengan), nya éta basa sapopoé. Hartina ragam basa anuhirup jadi alat komunikasi di masarakat. Mindeng kajadian, basa anu komunikatif téh gugon kana pakem atawa patokan basa anu bérés téa.

Mémang lain urusan gampang pikeun nyirikeunana téh. Basa anu dipaké tur hirup sapopoé apan terus robah. Di sagigireun aya nambahanana, aya ogé nguranganana. Jeung soal ieu téh kajadian jeung kaalaman ku basa naon baé. Ngan bédana téh meureun, dina basa séjén mah robah-robahna basa téh terus dititénan jeung dicatet,dina basa Sunda mah tacan nepi ka dinya. Salasahiji ukuranana, nepi ka kiwari tacan aya kamus basa Sunda anu medal kalawan periodic, boh uggal taun boh dua taun sakali. Padahal kamus téh penting minangka catetan ngeunaan tilem-timbulna kecap-kecap, boh nu anyar boh nu heubeul.

Ari basa Sunda anu dipaké dina media citak téa, kumaha?

Dina majalah Budaya téa aya salasahiji tulisan nu ku nu nulisna disebut reportage (reportase atawa laporan jurnalistik). Judulna, Sindang Sakedap ka Toko Buku “Tempo”! (éjahanana disaluyukeun sareng ayeuna):

Upama urang mapay turut sisi jalan Dago téh urang ngalangkungan jalan Merdéka tadi; leresan parapatan jalan Acéh jalan Dago, parantos katon papan-wawaranana dicét konéng nganggo seratan: Toko-buku “TEMPO’ CV. Ti luarna kénéh salebeteun kaca anu harérang, témbong rui-rupi buku ngagelar anu diatur rapih pisan. Sumangga urang lebetan; tangtos urang diangken kalayan sugemana ku para juru-ladénna, kitu deui ku Pangasuhna.

Took-buku “TEMPO” ieu nembé pisan campleng satengah taun ngadeg, parandéné kitu parantos sagala rupi buku anu macem kumaha baé anu teu aya di dinya; sasat sayag sapuratina, teu éléh géléng ku took-toko buku anu arageungna ogé di Kota Bandung. 3)

Bandingkeun jeung basa Malayu anu dipaké dina Koran Bintang Betawi (17 Juni 1905). Judulna, Komedie Bengalan di Gambir:

Semalem ada brapa banyak orang sudah dateng menonton di komedie Bengalan di tanah lapang Gambir sampe tida ada tempat lagi buwat orang-orang bangsa anak negri.

Dari permaenannya itu yang sudah di kasi tenjuk semuanya bagus apa lagi badutnya yang di kasi beklai sama orang yang amat lucuny, maka siapa yang blom tau menonton ini komedie baiklah dengen mata sendiri. 4)


Saméméh Sipatahunan, media citak basa Sunda umumna medalna téh bulanan atawa mingguan. Jadi aya waktu anu cukup pikeun para rédakturna dina mémérés tulisnana. Jadi dina mangsana medal téh, basana kapiara sajalan jeung patokanana. Dina media anu saperti kitu, beunang disebutkeun langka aya tulisan anu wandana laporan jurnalistik. Dina ayana ogé, sakumaha anu katémbong dina Manglé sabada frekuensi medalna jadi mingguan. Leuwih loba nyaritana batan ngalaporkeunana.

Béda jeung anu kaalaman ku Sipatahunan anu kudu medal unggal poé. Di sagigireun alesan-alesan séjén (bangsaning modal jeung urusan manajemén) anu jadi sabab tutupna éta Koran téh apan lantaran medalna leuir baé. Béda jeung koran-koran basa Indonésia anu subuh gé geus nepi ka nu maca, Sipatahunan mah bias kakara katarima isukna lamun dikirim ka tempat nu jauh mah. Ari pangna kitu, lantaran nyokona dina gawé rédaksi.

Para waratawan jeung rédaktur téh henteu bias nulis kalawan gancan lantaran kudu nyalin sakumna warta anu méh kabéh sumberna dina basa Indonésia (atawa basa asing). Naon sababna urang Sunda nu jaradi rédaktur ari nulis berita dina basa Indonésia bias gancang tapi teu kitu mun kudu nulis dina basa Sunda?

Nepi ka ayeuna soal éta téh tacan aya bongbolonganana.

Waktu Tatang Sumarsono kapapancénan kudu nerbitkeun deui Kujang, anu panghéséna téh cenah néangan sahanu bakal diajak jadi rédaktur jeung wartawan turta bias langsung diajak gawé. Éta kajadian téh kaalaman dina mangsa-mangsa boh Unpad boh UPI unggal taun ngawisuda lulusan ti jurusan Sastra Sunda.

Nepi ka ayeuna tacan kanyahoan kumaha atawa di mana merenahkeun média citak basa Sunda dina hirup kumbuh urang Sundana sorangan. Naha cukup ku jadi média panglipur sakumaha anu mindeng disebut-sebu kiwari? Atawa, naha aya kénéh kamungkinan nyicingan makom minangka bagéan atawa parabot dina pajamanan informasi saperti anu keur karandapan ku urang kiwari? Soal merenahkeun média basa Sunda di mana-mana téh engkéna bakal aya pangaruhna kna peran basa Sundana sorangan.

Nu matak seunggah ka sing saha anu sapopoé ulinna dina média citak basa Sunda téh lain ngan semet héséna néangan tanaga anu tapis make basa Sunda, tapi ogé nyoko dina basa Sundana sorangan. Nepi ka ayeuna, méh naon baé anu arék ditulis basa Sunda sumberna téh keukeuh aya pakaitna jeung basa séjén, babakuna basa Indonésia tapi basa asing gé (utamana basa Inggris) teu kurang-kurang. Wartawan anu ngawawancara atawa rédaktur anu keur narjamahkeun, méh kudu baé digondéng ku kamus. Henteu anggeus ku semet dinya, lantaran ungkara kalimah dina basa Sunda henteu salawasna sajalan jeung ungkara kalimah dina basa séjén. (Bandingkun réportase basa Suda dina majalah Budaya anu ambay-ambayan jeung berita basa Malayu anu togmol dina Bintang Betawi di luhur). Nu disebut narjamahkeun gé lolobana mah leuwih pas lamun disebut nyaritakeun deui. Pdahal pikeun bias nyaritakeun deui téh, nu nulisna kudu tapis lain baé kana dua-tilu basa, tapi ogé ungkara-ungkara spesifik anu mémang geus nyampak dina urusan éta.

Média citak anu alus umumna lain baé ngan semet akurat dina urusan matéri tuisanana, tapi ogé nepi ka mana bias milu nyumbang, ngabeungharan basa nu dipakéna. Dna basa Sunda, sanajan Sipatahunan geus lila teu terbit, tapi aya kénéh sababaraha hiji média citak anu mayeng medal nepi ka ayeuna. Nepi ka mana sumbangan éta média kana kabeugharan basa Sunda?

Lamun tadi dina awal ieu tulisan disabit-sabit soal istilah Jawa Kulon, éta mah minangka salasahiji conto kumaha hiji istilah ditawarkeun ku média citak teu kurang-kurang kahayang pikeun nawarkeun istilah atawa kecap anyar dina basa Sunda anu maksudna susuganan bias ditarima ku balaréa. Tapi lolobana mah iat kitu téh henteu nepi ka prakna. Tinimbanganana tampolana rupa-rupa.

Padahal conto anu positif. Basa nyanghareupan Kongrés Basa Sunda di Cipayung kungsi padungdengan heula néangan kecap dina basa Sunda pikeun ngaganti kecap peserta. Waktu ahirna sapuk milih kecap pamilon, éta gé henteu lulus bangles, aya anu kalawan togmol nyebut éta kecap téh méngpar tina papagon anu geus aya.

Tapi kabuktian éta kecap téh bias ditarima tur diparaké nepi ka ayeuna. Dina urusan make basa Sunda, nu disanghareupan ku média citak basa Sunda ayeuna bias dipastikeun jauh leuwih beurat batan nu disanghareupan ku urang Siatahunan harita. Babakuna sanggeus média komunikasi ceuyah saperti kiwari. Urang Sunda nu aya di Bandung kungsi kagét waktu ngadéngé kecap euy dipaké ku hiji radio kalawan maksud anu béda pisan. Asalna, éta kecap dina ‘wanda’ anu anyar téa, tétéla geing teu matak nanaon. Kitu deui kecap jomlo nu diparaké ayeuna, babakuna di lingkungan artis, geus méngpar tina harti asalna.

Kecap euy jeung jomlo bias disebutkeun jadi ku manéh. Sanajan teu aya réngkolna dina kaputusan kongrés atawa perda tapi diparaké dina lingkunganana. Lingkungan atawa komunitas anu saperti kitu mémang bisa leuwih laluasa, leuwih bébas malah bisa leuwih nganteur kana pangabeuki jeung karesepna. Asal nu diajak nyarita henteu salah harti, bérés.

Ari média citak basa Sunda henteu kitu. Kecap anu tinulis mémang henteu bisa ceplas-ceplos saperti dina lisan. Tapi kuduna mah aya pangjurung anu leuwih kuat nepi ka leuwih panceg, yén taya anu teu robah jeung teu aya basa anu teu kapangaruhan ku basa séjén. Média citak dina basa Sunda, anu dina hirup kumbuh kiwari geus ditarima jadi salasahiji alat komunikasi anu penting, kudu ulah bosen-bosen nawarkeun jeung maké kecap-kecap anyar; bias bener-bener anyar, nyalin kecap tina basa deungeun kana lapal létah urang, ngahirupkeun deui kecap heubeul anu geus tara dipaké, atawa méré harti séjén kana kecap anu geus aya. Komo lamun niat kitu téh dideudeul ku lembaga-lembaga anu aya patalina jeung urusan basa Sunda.

Lamun uarang bias ngumpulkeun sakur kecap nu kungsi aya dina basa Sunda, boh nu hartina alus boh anu goréng, kaasup anu ayeuna geus tara diparaké deui, sigana minangka keur modal anyar mah geus lumayan. Minimal basa Sunda bisa jadi pemegang saham mayoritas dina system komunikasi papada urang sorangan. ***

Cijawura Indah 18 Juni 2005

*) Didugikeun dina Kongrés Basa Sunda di Subang Juni 2005

  1. Henteu aya titimangsa anu écés. Ngan dina ‘Purwaka’ ti Pangasuh (kaca 3) ditulis Bandung Nopember 1952. Di kaca 2 ogé aya iklan pertunjukan mal Mr Devdatta Jetley anu bakal lumangsung di YPK tanggal 24-25-26 Desember 1952)

  2. Majalah Budaya nomer 1 kaca 9

  3. Majalah Budaya nomer 2 kaca 12

  4. Koran Tempo, 17 Juni 2005





















No comments: