Babasan Jeung Paribasa

adam lali tapel
poho ka baraya jeung poho ka lemah cai

adat kakurung ku iga
adat nu hese digantina

adean ku kuda beureum
beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur

adigung adiguna
gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana

ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan)

Monday, August 4, 2008

BASA SUNDA DI PANGUMBARAAN

ku Dédi Gumelar (Miing Bagito)

Alhamdulillah, sim kuring masih kénéh dipaparin umur ku Gusti Alloh Swt., dugi ka tiasa ngiring ilubiung icikibung dina Kongrés Basa Sunda VIII di Kabupatén Subang. Ieu téh mangrupi kasempetan nu kadua kalina sim kuring dipentés sasanggem dina forum Kongrés Basa Sunda. Kapungkur nalika Kongrés Basa Sunda VII Taun 2001 di Garut, sim kuring ogé dipentés kedah ngadugikeun kamandang perkawis kamekaran basa Sunda. Mung jejerna anu bénten téh. Nalika di Garut mah sim kuring téh medar perkawis “Basa Sunda di Kalangan Artis”. Ari ayeuna janten diperedih kedah medar perkawis “Basa Sunda di Pangumbaraan”. Bet janten ngalegaan ambahanana téh. Nanging sanaos kitu, ieu téh mangrupi pangajén anu kalintang ageungna kanggo sim kuring mah. Hatur nuhun kana kapercantenanana, mugia baé aya mangpaatna kanggo urang sadayana, hususna kanggo kamekaran basa Sunda ka payunna.
Tangtosna baé naon anu badé dipedar ku sim kuring téh tebih kana disebat pedaran ilmiah mah. Ieu mah sakatimu-timu baé, bahanna kénging ruwal-rawél dumasar kana pangalaman anu karandapan sareng anu karaos ku sim kuring salami di pangumbaraan. Mangga nyanggakeun.
Cariosna sim kuring ayeuna nuju ngumbara di Jakarta. Sanaos antawis Jakarta sareng lembur sim kuring di Pandéglang, Banten, ayeuna mah tiasa didongkang ku waktos anu mung ukur jamjaman, namung sim kuring ku ayeuna mah langkung sering aya di Jakarta. Anu manima Jakarta, tempat pamungpungan rupa-rupa sélér bangsa sa-Nusantara. Ti nu hideung ka nu bodas, dugi ka nu bulé aya di dinya. Ditambih deuih ku sesebatan Kota Méropolitan, tempat aworna warna-warni kahirupan. Tangtos baé mibanda sosio-kultural anu ganjor sareng lembur sim kuring, anu sanaos ayeuna tos misah raga sareng Propinsi Jawa Barat janten kalebet ka Propinsi Banten, namung ari dina leresan kasundaanana mah henteu acan robih. Tetep Sunda boh jiwa boh ragana. Éta katingal, di antawisna baé tina basa anu digunakeunana. Angger basa Sunda, sanaos tangtosna ogé basa Sunda dialék Banten. Atuh dugi ka danget ieu urang Pandéglang sareng sabudeureunana masih kalebet sélér bangsa Sunda ti Banten. Dina kontéks éta, kalungguhanana henteu bénten ti sélér bangsa Sunda ti Priangan, ti Subang, sareng sajabina. Dugi ka danget ieu, masih kénéh dianggap sami-sami urang Sunda. Komo deui ayeuna sim kuring masih kénéh diangken, malih kedah sasanggem deuih dina ieu Kongrés Basa Sunda.
Ku margi aya paripaos “kudu pindah cai pindah tampian” téa, otomatis salami sim kuring ngumbara téh kedah nyaluyukeun diri sareng kaayaan di pangumbaraan. Kitu deui dina leresan kedah ngagunakeun basana. Sadidinten sim kuring kapaksa kedah ngagunakeun basa Indonesia, seseringna mah basa Indonésia dialék Jakarta, anu langkung populér disebut basa Batawi téa. Malih sakapeung mah diwuwuhan ku “basa gaul”, utamina upami nuju ngariung sareng kalangan tertentu, anu sering disebat ku infotainment mah kalangan selebritis. Namung upami kaleresan patepang atanapi ngempel sareng urang Sunda deui mah atanapi anu kawitna ti Tatar Sunda, sapertos Bandung, sim kuring ogé osok ngagunakeun basa Sunda. Duka kumaha, karaosna asa langkung anteb, langkung teleb, sareng langkung akrab upami ngagunakeun basa Sunda. Perkawis leres-henteuna, merenah-henteuna basa Sunda anu digunakeun ku sim kuring sabatur-batur, éta mah sanés deui. Mangga nyanggakeun ka para ahli basa Sunda.
Kiwari, numutkeun sim kuring mah aya kamekaran anu pikabungaheun. Seueur artis sareng kalangan anu disebat selebritis téa, mibanda kasang tukang ti Tatar Sunda, boh urang Sundana sorangan boh anu kantos lami nganjrek di Tatar Sunda. Salawios contona, mangga baé titénan présénter di TV-TV swasta nasional. Sakapeung mah apan celetak-celetukna téh tos teu asa-asa deui upami ngagunakeun kekecapan sareng istilah-istilah basa Sunda. Komo upami nuju ngariung di luar panggung mah. Éh, da teu asa di Jakarta atuh, tapi asa di Tatar Sunda wé dina hog-hagna, dina sempal guyonna, sareng sajabina téh. Ieu ngandung hartos, yén tatali émosional urang Sunda kana basana téh, nya éta basa Sunda, tetep nganteng sanaos di mana baé ayana. Rupina kana seni-budayana ogé henteu tebih ti kitu. Duka kumaha, upami sim kuring patepang sareng urang Sunda deui di pangumbaraan, da mani asa papendak jeung dulur atuh. Komo upami pendakna di luar Pulo Jawa mah. Dina diperedih bantosanana ogé, upamina, asal anu kadada-kaduga da mani asa terus jeung hate atuh. Aya tatali émosional anu sesah dicarioskeunana.
Sabada sim kuring ngobrol sareng sababaraha urang Sunda anu aya di luar Tatar Sunda, sanés baé anu nuju ngumbara di Jakarta, tétéla geuning aya rasa anu sami. Aya katineung, aya kasono, ka dituna aya kanyaah sareng kahéman kana budayana sorangan. Kalebet basa sareng sastrana, basa sareng sastra Sunda. Namung “kendalana” ogé ampir sami deuih. Di antawisna kirangna referénsi, boh anu mangrupi buku bacaan boh media sanésna anu tiasa katampi. Boh anu ngagunakeun basa Sunda, boh anu medar perkawis kasundaan sanésna. Ieu panginten émutaneun urang sadayana, anu sami-sami mikanyaah sareng kagungan patékadan kanggo ngamumulé basa, sastra, katut seni-budaya Sunda.
Ngalangkungan ieu kongrés, Sim kuring miharep aya tarékah kanggo ngahiap sareng ngaraéh urang Sunda nu aya di pangumbaraan. Perkawis cara sareng programna, mangga baé nyanggakeun ka sadayana. Margi numutkeun sim kuring, urang Sunda anu aya di pangumbaraan téh (di mana baé ngumbarana), mangrupi poténsi anu tiasa janten aya mangpaatna enggoning ngamumulé sareng ngamekarkeun budaya Sunda, tangtos baé kalebet basa sareng sastra. Malih tiasa janten sanés dina widang seni-budaya wungkul. Mung masalahna kumaha cara umajak sareng ngalap mangpaatna? Éta mah, sakali deui, mangga nyanggakeun ka sadayana. Urang sami-sami émutan. Mung insya Alloh, upami parantos aya kasapukan, sim kuring ogé moal cicingeun.
Cag, sakieu baé heula. Hapunten upami basana kirang tata, kirang merenah gékgékanana. Hapunten deuih upami pedaranana anu henteu ninggang kana kekecrék. Ieu mah minangka ngiring bingah baé kana lumangsungna Kongrés Basa Sunda VIII di Subang, piraku sugan upami teu aya mangpaatna pisan mah.
Hatur nuhun.



No comments: