Babasan Jeung Paribasa

adam lali tapel
poho ka baraya jeung poho ka lemah cai

adat kakurung ku iga
adat nu hese digantina

adean ku kuda beureum
beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur

adigung adiguna
gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana

ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan)

Saturday, December 5, 2009

Kisi-Kisi Bahasa Sunda UAS Ganjil Kelas IX

1. Carpon "Sumbangan"
2. Surat Resmi
- karangka surat resmi
3. Kecap Bilangan
- saraju
- sawidak
- salosin
- salikur
4. Kaulinan Barudak
kaulinan barudak dina mangsa baheula.
a. sorodot gaplok
b. boy-boyan
c. gatrik
5. Artikel
( Nyaeta Tulisan anu midangkeun hasil talaah atawa analisis ngeunaan hiji hal, dumasar kana fakta jeung data terus di muat dina média massa )


Latihan Soal

1. Surat anu ringkes atawa pondok disebutna.........
a. surat pribadi c. mémo
b.uleman d. surat kakuasaan
2. Carita pondok dina basa Inggris disebutna…..
a. love story c. slow story
b. rapid story d. short story
3. Nu ngabédakeun surat résmi jeung surat pribadi nyaéta surat résmi mah sok maké…
a. tanggal surat c. kop surat
b. mesin ketik d. amplop
4. Tulisan anu midangkeun hasil talaah atawa analisis ngeunaan hiji hal, dumasar kana fakta jeung data terus di muat dina média massa disebut......................
a. éséy c. carpon
b. artikel d. wawaran

Kisi-Kisi Bahasa Sunda UAS Ganjil Kelas VIII

1. Sajak
Pengertian Sajak
( Sajak adalah Karya sastra Sunda wangun ugeran (puisi) nu teu ka ugeur ku patokan atawa wangun bebas)
2. Sisindiran
a) Cau naon cau naon
Cau kulutuk di juru
bau naon bau naon
bau hitut nu di juru

b) Teu Puguh Monyet hideungna
Teu puguh tungtungna
wangsalna = Lutung
3. Wawaran
4. Pancaraken
5. Wayang
6. éséy ?


Latihan Soal
1. Meuncit meri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panykit
---------------------------
Kalimah pikeun ngalengkepan paparikan di luhur nya éta ……………
a.kabogoh ngajak ka rakit c. kabogoh embung ka batur
b.kabogoh bogoh ka batur d. kabogoh direbut batur
2. WASIAT KONGLOMERAT
Taufik faturahman

Lamun Apih paéh
Pangbungkuskeun ku salambar boéh
Lading ngélékéték

Tema sajak ”Wasiat Konglomerat” di luhur (di atas) nya éta?
a. perjuangan c. keagamaan
b. keadilan d. kematian

Latihan Soal Bahasa Sunda UAS Ganjil Kelas VII

1. Wacana
(Dewi Sartika )
Dewi sartika dibabarkeun di Bandung, tanggal 22 Désémber 1884 ti kalangan menak Sunda anu ngabogaan (mempunyai) pangkat bupati di Bandung. Anjeunna (beliau) mangrupakeun pahlawan pendidikan, sabab anjeuna geus ngadegkeun (mendirikan) sakola pikeun (untuk) istri (perempuan) anu mimiti (yang pertama) nu disebut Sakola Kautamaan Istri.
1. Dewi Sartika dibabarkeun ti kalangan menak Sunda.
Kecap ménak ngandung harti ....
a. jalma aya c. jalma biasa
b. jalma raja d. jalma bangsawan
2. Sakola naon (apa) anu didirikeun ku Dewi Sartika?
a. Sakola Rayat (rakyat) c. Sakola Kautamaan Istri
b. Sakola Dasar d. Sakola utama istri
3. Naon basa Indonesiana tina kecap soca .........
a. soca c. mata
b. panon d. Paninggalan
2). Dongeng Nyaeta carita rekaan lir enya-enya anu miboga unsur pamohalan

3)Berdasarkan jumlahnya pupuh dalam sastra Sunda ada ....
a. 12 pupuh c. 14 pupuh
b. 13 pupuh d. 17 pupuh
4). Di bawah ini yang termasuk ke dalam pupuh wanda sekar alit adalah,......
a. sinom c. magatru
b. asmarandana d. dangdanggula
5). Aya warung sisi jalan ramé pisan; citaméng
Awéwéna luas luis geulis pisan; ngagoréng
Lalakina-lalakina los ka pipir nyoo monyét; nyanggeréng
Pupuh nu di luhur ka asup kana.....................
a. balakbak c. ladrang
b. sinom d. pucung

6)babagian Anggota badan (Babagian salira)
a. taar = dahi
b. pangambung= hidung
c. soca =mata
d. cepil=telinga

Saturday, May 23, 2009

Kisi-kisi Ujian basa Sunda

Kisi- Kisi Ujian Sekolah Basa sunda

1. babagian Anggota badan
a. taar = dahi
b. pangambung= hidung
c. soca =mata
d. cepil=telinga

2. Charlie Chaplin : Sampurasun?
Hillary Clinton : Rampés
Ucapan nu di luhur téh ka asup kana kecap sapaan.

3.Kecap wewengkon sarua hartina jeung daérah

4.Karya sastra yang suka digunakan dalam upacara pernikahan atau sunatan, yaitu nyawér
5.Kebiasaan dalam kehidupan urang Sunda, nyawér merupakan tradisi warisan karuhun. sehingga, dahulu sawer érat kaitannya dengan kepercayaan
6.Seiring dengan perkembangan zaman, kegiatan nyawér tidak selamanya dikaitkan dengan keparcayaan atau ritual, tapi dianggap salah satu media untuk menyampaikan pepatah
7. Pupuh yang sering digunakan dalam sawér yaitu
a. Kinanti
b. Sinom
c. Asmarandana
d. Dangdanggula
8. Kecap panganteb nyaéta kecap anu ngantebkeun bagian kalimah anu pentingkeun. Contona, kitu, kieu, ogé, téh, mah, waé, deuih, baé, teuing, pisan, leuwih


9. Conto kecap panganteur
a. léos indit
b. gék diuk
10. Pangnyandakkeun bawang sasihung di dapur.
11. Pangmanggulkeun béas sakarung ka Pasar!
12. Saha kakasihna anjeun téh ?
Kecap kakasihna miboga (mempunyai) harti ngaran
13. Carpon nyaéta carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana parondok. Medalna dina taun 1930 anu judulna nya éta dog dog pangréwong.

14.Wawacan nyaéta carita atawa karangan anu diwangun ku patokan pupuh

15.Biantara téh sarua jeung pidato

16.Dongéng sikabayan kaasup kana dongéng parabel

17.Surat anu ringkes atawa pondok disebutna mémo

18.Mang udin mah héjo tihang. Arti tina héjo tihang nyaéta resep pundah-pindah

19.Lahirna novél Sunda dina taun 1914

20.Carita wayang (baik itu wayang golék maupun wayang kulit) sumberna tina kitab Ramayana jeung Mahabrata anu asalna ti nagara India

21. Ungkara (susunan kata menjadi kalimat) “hideung cakeutreuk” dilarapkeun ka jalma nu kulitna hideung

Thursday, April 2, 2009

Babasan jeung Paribasa

Daptar babasan jeung paribasa

1. Buruk-buruk papan jati = sanajan ngewa atawa ngambek ka dulur (baraya) anu landes, tapi ari manehna meunang karerepet mah, teu weleh hayang nulungan jeung ngahampura kasalahanana. Teu tega ngantep.
2. Datang katingali tarang, undur katingali punduk = datang kanyahoan, balik (indit) oge kanyahoan, menta idin heula.
3. Galéhgéh gado = saréséh, soméah, akuan.
4. Gedé gunung pananggeuhan = boga baraya atawa sobat luhur pangkat, gedé dunya anu dipaké andelan pibisaeun nulungan.
5. Hade gogog hade tagog = hade basa, budi parangi, jeung sikep: nyaho tata – titi.
6. Hadé ku omong goréng ku omong = sagala rupa perkara biasana dianggap hade atawa goréng ku batur gumantung kana caritaan urang atawa basa anu dipake ku urang.
7. Handap asor = daek ngahargaan atawa ngahormat ka batur.
8. Indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat = kasalamatan jeung kabagjaan nu jadi anak gumantung kana karidoan jeung do’a indung–bapa.
9. Kabawa ku sakaba-kaba = kabawakeun teu puguh lampah ku batur, kapangaruhan ku batur nepi ka teu eucreug.
10. Kawas gula jeung peueut = sarua layeutna atawa geugeutna.
11. Kawas hayam panyambungan = talamba-tolombo dina riungan lantaran euweuh nu wawuh.
12. Kawas himi-himi = meh salilana babarengan duaan, tara daek papisah.
13. Kawas lauk asup kana bubu = hese kaluar tina hiji lingkungan atawa organisasi lantaran katalian ku jangji atawa ku aturan.
14. Kawas tatah = teu hideng sorangan kudu di utuh-etah bae.
15. Lantip budi = gancang ngarti kana maksud atawa kahayang batur sanajan teu diceplakkeun.
16. Letah leuwih seukeut manna pedang = raheut hate ku omongan leuwih peurih karasana tibatan raheut biasa.
17. Lolondokan = bisa ngaluyuken diri jeung kaayaan lingkungan atawa kaayaan jaman.
18. Lungguh tutut bodo keong, sawah sakotak kaider kabeh = siga nu lungguh katenjona, padahal bangor.
19. Macan biungan = jelema anu teu akur jeung batur salembur.
20. Mani hayang utah iga = ngarasa kacida sebelna nenjo atawa ngadenge kalakuan batur anu pikaijideun.
21. Maot nulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja = sing bener waktu keur hirup supaya ulah diomongkeun ari geus maot.
22. Matak andeul-andeuleun = matak ngurangan kapercayaan nepi ka handeueul nu nitah.
23. Matak pajauh huma = matak teu silipikanyaah, tara dibere rejeki jeung dulur lantaran parasea.
24. Maung ompong, bedil kosong, kareta kosong = jelema anu boga komara mah sanajan geus teu nyekel kakawasaan oge teu weleh dipikaserab.
25. Maung sarungkun = tunggal baraya, lain nu lian (sakaruhun), tapi dina bendengna (teu hadena) alah batan jeung deungeun-deungeun haseum.
26. Mipit teu amit ngala teu menta = naon-naon the kudu bebeja heula.
27. Misah badan misah nyawa = teu sarua boh lahir boh batin.
28. Nepi ka pakotrek iteuk = nepi ka pakokolot.
29. Nepung-nepung bangkelung = ngaraketkeun kabarayaan ku jalan bebesanan.
30. Nyiruan teu resepeun nyeuseup nu pait-pait = umumna jalma tara resep sosobatan jeung nu miskin.
31. Nyoo gado = ngaheureuykeun jalma nu pantes dihormat.
32. Pindah cai, pindah tampian = ngaluyukeun diri kana adat jeung kabiasaan di tempat anyar.
33. Pindah cai dibawa tampianana = aya di pangumbaraan mageuhan adat kabiasaan sorangan.
34. Pondok jodo, panjang baraya = sanajan pondok jodo, sing nuluy (ulah pegat) jadi baraya.
35. Sabata sarimbangan = sauyunan, layeut.

sumber:http://su.wikipedia.org/wiki/Daptar_babasan_jeung_paribasa

Friday, January 23, 2009

Tatarucingan

Tatarucingan teh nya eta hiji kaulinan warisan buhun, jaman keur leutik kuring jeung babaturan sok tatarucingan. Tah dihandap ieu tatarucingan anu kuring masih keneh inget. Lamun budak baheula mah atawa kolot ayeuna pasti apal kana tatarucingan iyeu. Iyeu mah ngan saukur jang miara budaya sunda, hapunten pisan mun cara panulisanana masih keneh kirang sae.



+ disebut sakali hirup disebut dua kali paeh, naon?

- kuda



Ari kuda mah sato hirup. Ari kuda-kuda mah waragad tukang bangunan anu di jieuna tina kai.



- hayam rintit nongeng kalangit

+ ganas



#Budak leutik mamawa damar

^ cicika—mun na basa Indonesia mah kunang-kunang



= budak leutik mamawa imah

0 keong



# aki-aki ragrag surak

= baralak—dahan kalapa nu geus garing



= aki aki ragrag sila

# tai munding



= indungna di usapan, anakna di tincakkan

# taraje—dina basa Indonesia mah “tangga”



+ budakna ceurik, indungna ngisikan, bapana udud

# kareta api



# dicagap aya di lieuk euweuh

= ceuli



= isuk-isuk panjang, mun geus beurang jadi mondokan

# kalangkang



Sakitu wae heula, engke deui urang sambung deui. Hatur nuhun
sumber:http://kisunda.multiply.com/journal/item/42/tatarucingan

Mangga diaos, kadé tipaparétot!

Kajadian basa di Sérang, jéger-jéger anu biasa mangkal di términal diserang ku pulisi Sérang, jegér-jegér ditémbakan jeger jeger… jéger ngababatang di sisi serang sawaréh berebet ngaberebet lalumpatan, bérébét-bérébét sora bedil ngabérébét jéger-jéger dibérébét ku pulisi, kapaksa kuring milu ngaberebet ngajleng ka sisi serang na galengan, perang euy…… perang euy! Tingali jukut jeung tutuwuhan séjénna pérang ka idek ku nu ngaberebet, bari ngadepong ras inget kana kerak di imah… moal paéh kitu……. da kamari téh diparaban kerak!

Sumber : http://sunda.wordpress.com/2007/03/10/taling-pepet/