Babasan Jeung Paribasa

adam lali tapel
poho ka baraya jeung poho ka lemah cai

adat kakurung ku iga
adat nu hese digantina

adean ku kuda beureum
beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur

adigung adiguna
gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana

ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan)

Friday, January 23, 2009

Tatarucingan

Tatarucingan teh nya eta hiji kaulinan warisan buhun, jaman keur leutik kuring jeung babaturan sok tatarucingan. Tah dihandap ieu tatarucingan anu kuring masih keneh inget. Lamun budak baheula mah atawa kolot ayeuna pasti apal kana tatarucingan iyeu. Iyeu mah ngan saukur jang miara budaya sunda, hapunten pisan mun cara panulisanana masih keneh kirang sae.



+ disebut sakali hirup disebut dua kali paeh, naon?

- kuda



Ari kuda mah sato hirup. Ari kuda-kuda mah waragad tukang bangunan anu di jieuna tina kai.



- hayam rintit nongeng kalangit

+ ganas



#Budak leutik mamawa damar

^ cicika—mun na basa Indonesia mah kunang-kunang



= budak leutik mamawa imah

0 keong



# aki-aki ragrag surak

= baralak—dahan kalapa nu geus garing



= aki aki ragrag sila

# tai munding



= indungna di usapan, anakna di tincakkan

# taraje—dina basa Indonesia mah “tangga”



+ budakna ceurik, indungna ngisikan, bapana udud

# kareta api



# dicagap aya di lieuk euweuh

= ceuli



= isuk-isuk panjang, mun geus beurang jadi mondokan

# kalangkang



Sakitu wae heula, engke deui urang sambung deui. Hatur nuhun
sumber:http://kisunda.multiply.com/journal/item/42/tatarucingan

Mangga diaos, kadé tipaparétot!

Kajadian basa di Sérang, jéger-jéger anu biasa mangkal di términal diserang ku pulisi Sérang, jegér-jegér ditémbakan jeger jeger… jéger ngababatang di sisi serang sawaréh berebet ngaberebet lalumpatan, bérébét-bérébét sora bedil ngabérébét jéger-jéger dibérébét ku pulisi, kapaksa kuring milu ngaberebet ngajleng ka sisi serang na galengan, perang euy…… perang euy! Tingali jukut jeung tutuwuhan séjénna pérang ka idek ku nu ngaberebet, bari ngadepong ras inget kana kerak di imah… moal paéh kitu……. da kamari téh diparaban kerak!

Sumber : http://sunda.wordpress.com/2007/03/10/taling-pepet/