Babasan Jeung Paribasa

adam lali tapel
poho ka baraya jeung poho ka lemah cai

adat kakurung ku iga
adat nu hese digantina

adean ku kuda beureum
beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur

adigung adiguna
gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana

ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan)

Tuesday, December 9, 2008

Latihan UAS Kelas 9

1.Carita pondok dina basa Inggris disebutna…..
a. love story c. slow story
b. rapid story d. short story
jawaban: D
2. Carpon diwangun ku sababaraha unsur, diantarana saperti ieu di handap, iwal……
a. panata gerak c. tokoh/palaku
b. tema carita d. setting/latar
jawaban : A
3. Anu disebut titimangsa dina surat nyaéta…..surat
a. alamat c. eusi
b. tanggal d. tanda tangan
jawaban: B
4.Nu ngabédakeun surat résmi jeung surat pribadi nyaéta surat résmi mah sok maké…….
a. tanggal surat c. kop surat
b. mesin ketik d. amplop
jawaban:c
5.Surat téh atuh moal …….ari teu make adrés mah
a. mayar c. dibaca
b. nepi d. ditawar
jawaban: B
6.Surat téh nuju ditawis ku Pa Lurah. Ditawis maksudna…….
a. dibayar c. dibaca
b. ditanda tangan d. dianteurkeun
jawaban: B
7.Surat nu ditulis kalawan résmi pikeun kaperluan dines ku hiji organisasi atawa lembaga swasta disebut……
a. surat résmi c. susuratan
b. surat pribadi d. surat catétan poéan
jawaban: A
8. Van Persie : ...........?
Ronaldo : Pangestu
Ucapan yang tepat untuk mengisi pertanyaan Van Persie, nya éta …
a. sampurasun c. kamana wae
b. kumaha damang d. Punten
jawaban: B
9.Neng Rini sok disebut kembang désa. Kembang désa hartina?
a. pikaresepeun c. panggeulisna
b. pangbageurna d. pikalucueun
jawaban: C
10.Pagawéan ngalarapkeun ipték dina kahirupan sapopoé nya éta ....
a. nyangu maké raiskuker c. mais peda dina hawu
b. ngaliwet maké kastrol d. nipung béas dina lulumpang
jawaban: A

Latihan UAS Kelas 8

Upacara Ngahormat Paré
Kabiasaan anu geus maneuh pikeun masyarakat Sumedang umumna mah teu béda jeung masyarakat lianna di tatar Sunda. Kabiasaan anu punjul nyaéta tradisi dina ngahormat paré satuntasna panén. Malahan di kacamatan Rancakalong mah tradisi ngahormat paré téh leuwih punjul dibanding dérah séjéna. Upacara ngahormat paré téh sok diayakeun dina wangung kasenian tarawangsa. Tarawangasa nya éta pagelaran seni anu maké alat musik tarawangsa (rebab jangkung) jeung kacapi.
1. Upacara ngahormat paré sok digelar dina wangun naon ?
a. kasenian kuda lumping c. kasenian ngahormat paré
b. kasenian tarawangsa d. kasenian wayang golék
jawaban: B
2. Kabiasaan naon un leuwih punjul dina ngahormat paré
a. satuntasna panén c. satuntasna kasenian
b. saacanna panén d. satuntasna pagelaran
jawaban: A
3. Naon baé pakakas (peralatan) kasenian tarawangsa?
a. rebab jeung kacapi c. rebab jeung bonang
b. kacapi jeung suling d. rebab jeung suling
jawaban: A
4. Anu (yang) di maksud nayaga nya éta (adalah) ....
a. jalma anu sok maénkeun wayang c. jalma anu sok (suka) nari
b. jalma anu sok maénkeun alat waditra (kesenian) d. jalma anu sok nembang
jawaban: B
5.Kumaha kabiasaan masarakat Sumedang umumna ?
a. teu beda jeung masyarakat nu laina c. beda jeung masyarakat nu laina
b. teu beda jeung nagara nu laina d. beda jeung nagara nu laina
jawaban: A
6. ”Van Persie milu rapat dugi ka rengsé.”
Rengsé sarua hartina jeung…
a. mimiti c. anggeus
b. sawaréh d. tengah-tengah
jawaban: C
7. Saha kakasihna anjeun téh ?
Kecap kakasihna miboga (mempunyai) harti....
a. kabogohna c. salira
b. ngaran d. Jalma
jawaban: B
8.Dina aturan nulis surat pribadi anu kahiji nya éta …
a. bubuka c. panutup
b. eusi d. dibukaeun
jawaban: A
9. Schumacher : ...........?
Cinta Laura : Pangestu
Ucapan yang tepat untuk mengisi pertanyaan Schumacher, nya éta …
a. sampurasun c. kamana wae
b. kumaha damang d. punten
jawaban: B
10 “Si Emed mah sombong pisan, abong jelema beunghar” (si Emed sombong, mentang-mentang orang kaya). Kalimah di atas sesuai dengan babasan (ungkapan ).....
a. gedé leungeun c. panjang lengkah
b. panjang leungeun d. gedé hulu
jawaban: D

Monday, December 8, 2008

Latihan UAS kelas 7

  1. Michael : ...........?

Jessica : Pangestu

Ucapan yang tepat untuk mengisi pertanyaan Michael, adalah ...

a. wilujeng wengi c. kamana waé

b. kumaha damang d. dimana waé

  1. Di bawah ini kalimah pananya basa Sunda yang menanyakan tempat adalah ....

a. iraha ka Jakarta? c. kumaha damang budi?

b. di mana bumina Pa Mr.Bean? d. sabaraha harga minyak goréng di Jakarta?

  1. Robinho : ...........?

Ronaldo : Rampés

Ucapan yang tepat untuk mengisi pertanyaan Robinho, adalah ...

a. wilujeng wengi c. punten

b. sampurasun d. kumaha damang

  1. Sakur (setiap ) anu kalakonan, karandapan, jeung kasaksian dina kahirupan sapapoé disebut ........

a. pangalaman d. kabiasaan

b.pangaweruh (pengetahuan) c. amal ibadah


  1. Lamun urang nyaritakeun pangalaman ka batur (orang lain ) kaasup kana kaparigelan ... .

a. maca c. nulis/ngarang

b. ngaregepkeun d. nyarita

  1. Pangalaman anu geus dilakonan (dilaksanakan) dina kahirupan sapopoé (sehari-hari ) sok ditulis dina ..........

a. buku catetan pelajaran c. buku catetan poéan

b.buku carita d. E-mail (sérélék)

  1. Di handap aya conto tulisan carita pangalaman ti Kang Nano S, salasaurang seniman Sunda. Pék baca heula ku hidep kalawan daria!

Pangalaman Kang Nano nalika (sewaktu) aya di Jepang sapopoéna mah jalan-jalan. Da maksud mimiti gé rék ulin, sakalian néang (menjenguk) si Bungsu Roby, nu keur aya di Jepang. Saliwat mah meureun jiga nu beunghar (kaya), sabaraha pibiayaeunana indit (berangkat) ka nagara Sakura, anu kawéntar (terkenal) sakitu mahalna. Kurunyung (datang) aya nu ngondang mentas di Jepang. Sagala biaya transportasi, ditanggung ku panitia. Kang Nano di Ka Osaka, ka Nagoya, ka Tokyo, jeung ka Fujinomia rék mintonkeun kasenian Sunda.

Naon ide poko paragraf di luhur (atas)?
a. Jepang
kawéntar (terkenal) sakitu mahalna
b.
Ngalanglang (melanglang ) ka Kota Jepang
c.
Jepang kota metropolitan
d. Jepang miboga tradisi nu béda

  1. Ka kota mana waé Kang Nano S. salila aya di Jepang téh?

a. Osaka, Nagoya,Tokyo jeung Fujinomia

b. Osaka, Hiraku, Foduka jeung Moduka

c. Osaka, Nagoya, Beijing jeung Fujinomia

d. Osaka, Nakula,Tokyo jeung Fujinomia

  1. Ari jol anu boga neang kebon, ngan gogodeg baé bari nangkeup harigu. "Ieu ku ruksak! Euleuh, ka pentil pentilna dipotongan! Lain da ari urut jelema anu maling mah. Ieu mah tétéla peucang anu ngaruksak téh...." Gambaran rasa haté anu kumaha kalimah di luhur téh?

a. handeueul campur sedih c. handeueul campur bungah

b. handeueul campur ambek d. handeueul campur telenges

  1. Ditilik tina eusina, kaasup kana golongan naon dongéng “Sireum jeung Gajah” téh?

a. babad c. fabel

b. légenda d. mite

  1. Dongéng nu nyaritakeun asal-usul kajadian hiji tempat, barang, sasatoan (binatang) atawa

tutuwuhan (tumbuh-tumbuhan) disebut.......

a. babad c. fabel

b. légenda d. mite

  1. Naon disebut tempat jeung waktu lumangsungna dina hiji carita.....

a. latar c. tokoh

b. galur d. tema

  1. Di handap ieu kaasup dongéng sasakala nya éta?

a. si Kabayan ngala nangka c. sireum jeung gajah

b. kuya jeung monyet d. tangkuban parahu

  1. Bapa nuju ........koran di kantor

a. maca c. dahar

    b. baca d. Lumpat

  1. Umumna dongèng ngandung atikan ( pendidikan).....

a. moral c. pamohalan ( tidak masuk akal)

b. barudak (anak-anak) d. tatakrama ( prilaku)


Tuesday, November 11, 2008

Konsep Kageulisan

“Konsep Kageulisan”
“The beauty is in the eye of the beholder”
Rambut

1.Rambut galing muntang
2.Rambut hideung meles
3.Rambut ombak banyu
Beungeut
1.Ngadaun sereh
Taar
1.Taar teja mentrangan

Halis
1.Halisna ngajeler paeh
Bulu panon
1.Bulu panon carentik
Soca
1.Socana cureuleuk


Damis
1.Damis gula sapasi
2.Damis katumbiri

Pangambung
1.pangambungna uwung-uwungan

Gado
1.Gado endog sapotong
Lambey

1.Lambey jeruk sapasi


Waos
1.Waosna gula gumantung

Tak-tak
1.Tak-tak wayang

Panangan
1.Panangan ngagondewa

Ramo
1.Ramo pucuk eurihan

Imbit
1.Imbit dempak biola

Iga
1.Igana kawas gambang

Cangkeng
1.Cangkeng lenggik nanding papanting
2.Lengkeh papanting

Bitis

1.Bitisna babalingbingan
2.Bitisna ngabuah pare
3.Bitis jaksi sajantung

Kulit
1.Kulitna hejo carulang
2.Pakulitana koneng umyang

Monday, October 13, 2008

Wayang golek


Wayang golek adalah bentuk teater rakyat yang sangat populer. Orang sering menghubungkan kata “wayang” dengan “bayang” karena dilihat dari pertunjukan wayang kulit yang memakai layar, dimana muncul bayangan-bayangan. Di Jawa Barat, wayang ada yang menggunakan boneka (dari kulit/wayang kulit atau kayu/wayang golek) dan ada yang dimainkan oleh manusia (wayang orang). Berkenaan dengan wayang golek, ada dua macam wayang golek, yakni wayang golek papak (cepak) dan wayang golek purwa yang ada di daerah Sunda. Semua wayang, kecuali wayang wong, dimainkan oleh dalang sebagai pemimpin pertunjukan yang sekaligus menyanyikan suluk, menyuarakan antawacana, mengatur gamelan, mengatur lagu dan lain-lain.

Wayang golek biasanya memiliki lakon-lakon, baik galur maupun carangan yang bersumber dari cerita besar Ramayana dan Mahabrata dengan mempergunakan bahasa Sunda disertai iringan gamelan Sunda (salendro), yang terdiri atas dua buah saron, sebuah peking, sebuah selentem, seperangkat bonang, seperangkat bonang rincik, seperangkat kenong, sepasang goong (kempul dan goong) dan ditambah dengan seperangkat kendang (sebuah kendang indung dan tiga buah kulanter), gambang serta rebab.

Sejak 1920-an, pertunjukan wayang golek selalu diiringi oleh pesinden. Popularitas pesinden pada masa-masa itu sangat tinggi, sehingga mengalahkan popularitas dalang wayang golek itu sendiri, terutama ketika zamannya Upit Sarimanah dan Titim Fatimah sekitar tahun 1960-an. Lakon yang biasa dipertunjukkan dalam wayang golek adalah lakon karangan. Hanya kadang-kadang saja dipertunjukkan lakon galur. Hal ini seakan menjadi ukuran kepandaian para dalang menciptakan lakon carangan yang bagus dan menarik. Beberapa dalang wayang golek yang terkenal diantaranya Tarkim, R.U. Partasuanda, Abeng Sunarya, Entah Tirayana, Apek, Asep Sunandar Sunarya, Cecep Supriadi dan lain-lain.

Pola pengadegan wayang golek adalah sebagai berikut : 1) Tatalu, dalang dan pesinden naik panggung, gending jejer/kawit, murwa, nyandra, suluk/kakawen, dan biantara ; 2) Babak Unjal, Paseban dan bebegalan ; 3) Nagara sejen ; 4) Patepah ; 5) Perang gagal ; 6) Panakawan/goro-goro ; 7) Perang Kembang ; 8) Perang raket ; dan 9) Tutug.

Salah satu fungsi wayang di masyarakat adalah ngaruwat (ritus inisiasi), yaitu membersihkan yang diruwat dari kecelakaan (marabahaya). Beberapa orang yang diruwat (sukerta), antara lain: Wunggal (anak tunggal); Nanggung Bugang (seorang adik yang kakaknya meninggal); Suramba (empat orang putra); Surambi (empat orang putri); Pandawa (lima putra); Pandawi (lima putri); Talaga Tanggal Kausak (seorang putra dihapit putri); Samudra Hapit Sindang (seorang putri dihapit dua orang putra) dsb.

Wayang golek sebagai seni pertunjukan rakyat memiliki fungsi yang relevan dengan masyarakat lingkungannya, baik kebutuhan spiritual maupun materialnya. Hal demikian dapat kita lihat dari beberapa kegiatan di masyarakat, misalnya ketika ada perayaan, baik hajatan (pesta kenduri) dalam rangka khitanan, pernikahan dan lain-lain, adakalanya diiringi dengan pertunjukan wayang golek. Secara spiritual masyarakat mengadakan ruwatan guna menolak bala, baik secara komunal maupun individual dengan mempergunakan pertunjukan wayang golek.

http://sunda.web.id/kesenian-jawa-barat/wayang-golek/
http://www.wayanggolek.net/detailchar.php?id=arjuna

Thursday, September 11, 2008

Latihan UTS Kelas IX


1. Pun bapa angkat ka singapur lamina dua sasih. ( bapa berangkat ke singapur selama dua bulan)

Dua sasih téh lilana sarua jeung…..
a. dua bulan c. sapoé

b. saminggu d. sasasih

2. Tiap taun umur urang nambahan. Beuki lila urang téh beuki…..

a. ngora (muda) c. kokoloteun

b. ngolotan (semakin tua) d. bubudakeun (seperti anak-anak)

3. Indit téh ulah… teu puguh, tenang we da loba keneh waktu !

a. ancad laer (santai) c. rusuh

b. pangajak d. antri

4. Ungkara (susunan kata menjadi kalimat) “hideung cakeutreuk”

dilarapkeun ka jalma nu...

a. kulitna hideung (warna kulitnya hitam) c. buukna hideung

b. pakéanna hideung d. panonna hideung

5. Nanon hartina panjang leungeun téh…

a. sok puak-paok (suka mencuri) c. sombong

b. sok cudah-ciduh d. Pipintereun

6. Anu lewih kolot ti urang disebut…

a.  sahandapeun    c. kokoloteun

b. saluhureun d. Bubudakeun

7. Albert Einstein téh ilmuan anu…. teori relativitas

a. nyutat c. ngaropea

b. mikawanoh d. ngarumuskeun

8. ”Aya ronda mah sok haneuteun.”

Maksudna tina kecap haneuteun nyaéta….

a. henteu tiris c. henteu tiiseun

b. henteu tiis b. henteu hariwang

9. “Si Udin mah jalma...., euweuh kanyaho”. Kecap nu diperlukeun pikeun

ngalengkepan kalimah di luhur nya éta...

a. batok nangkub c. cangkir batok

b. kurung batok d. Babatok

10. Cing pék sebutkeun mana nu kaasup kalimah “salam”

a. dasar si Borokokok c. ari jadi jalma téh ulah gede hulu

b. wilujeng siang, Pa! d. naha bet teu ngawilujengkeun?

11.Barudak keur …caramah ilmiah kalawan saregep.

a. mencrong (melihat) c. ngaregepkeun (menyimak)

b. nyurakan (bersorak) d. ngibing (menari)

12.Bakat ku pules, sare téh asa ….padahal mah aya kana opat jamna.

a. beunta wae c. ngampleng

b. sakerejep d. teu reup

Wednesday, September 10, 2008

Monday, September 1, 2008

Béwara

Perguruan Darul Hikam (DH) mundut lungsur ka sakumna para pangatik ti TK, SD, SMP jeung SMU pikeun ilubiung dina kagiatan ”Kajian Islam Kontemporer” (KIK) saban Kemis. Anu baris dijejeran ku panyatur Hj. Neni Sri Imaniati, Wahyu Nurhayati, Mulyadi, jeung Boyke Ramdani.

Saturday, August 30, 2008

Saturday, August 23, 2008

KUMPULAN SOAL KELAS VII

LATIHAN ULANGAN TENGAH SEMESTER GANJIL


A. Pék ku hidep pilih salahsahiji jawaban anu merenah dina soal di handap !


1. Sakur anu kalakonan, karandapan, jeung kasaksian dina kahirupan sapapoé disebut ....

A. pangalaman C. kabiasaan

B.pangaweruh D. amal ibadah

2. Lamun urang nyaritakeun pangalaman ka batur kaasup kana kaparigelan ... .

A. maca C. nulis/ngarang

B. ngaregepkeun D. nyarita

3. Pangalaman anu ahéng nu karandapan dina kahirupan sapopoé sok ditulis dina .... .

A. buku catetan pelajaran C. buku catetan poéan

B.buku carita D. buku pangalaman

4. Jadi jalmi téh teu kénging gedé hulu. Gedé hulu hartina...

A. Sombong C. Bageur

B. Sopan D. Ramah

5. Palaku utama dina carita Gunung Tangkuban Parahu téh nya éta

A. Dayang Sumbi C. Si Tumang

B. Bagong putih D. Sangkuriang

6. Dongeng anu nyaritakeun sasatoan téh kaasup kana carita ... .

A. babad C. fabel

B. légenda D. mite

7. Ari jol anu boga neang kebon, ngan gogodeg baé bari nangkeup harigu. "Ieu ku ruksak! Euleuh, ka pentil pentilna dipotongan! Lain da ari urut jelema anu maling mah. Ieu mah tétéla peucang anu ngaruksak téh...." Gambaran rasa haté anu kumaha kalimah di luhur téh?

A. handeueul campur sedih C. handeueul campur bungah

B. handeueul campur ambek D. handeueul campur telenges

8. Manéhna mah .... baé, nepi ka sukuna bareuh. ;Kecap anu luyu pikeun kalimah di luhur nya éta... .

A. tatakol C. teuteunggeul

B. tujang-tajong D. babadug

9. Kuring ... buku loba pisan ka sakola poé ieu mah. Pikeun nyampurnakeun kalimah di luhur hidep kudu milih kecap ... . A. mawa C. ngabantun

B. nyandak D. nyekel

10. Dina paguneman hiji anu ngomong silitempas téh palakuna aya ....

A. ahmad C. dedi

B. dani D. lobaan

11. Kecap pananya pikeun nanyakeun tempat, nya éta ... .

A. saha C. di mana

B. iraha D. naon

12. Di handap aya sababaraha kalimah, ngahaja teu maké tanda baca.

Pék, tuduhkeun ku hidep nu kaasup kalimah pananya!

A. Heug baé rék ditandonkeun ogé C. Naha sabaraha kitu hutang indung kuring téh

B. Paparin Bapa Lurah kamari D. Ah, moal dibéré nganjuk deui

13. Di handap ieu papasingan dongéng dumasar kana eusi jeung palakuna, iwal

A. Parabel C. Novél

B. Fabel D. Legenda

14. Umumna dongèng ngandung atikan.....

A. moral C. pamohalan

B. masyarakat D. barudak

15. Dina dongeng " Gagak Hayang jadi Merak" Nilik kana eusina èta dongèng kaasup kana .....

  A. legenda      C. parabèl

B. mytos/mite D. fabèl

16. Di handap kaasup unsur-unsur instrinsik, iwal!

A. Tokoh C. latar / setting

B. kandelna buku D. amanat

17. Peuting tadi keur anteng wé ngapalkeun, na ari ... téh listrik pareum.

A.reg C. lep

B.pes D. les

18. Léngkah munggaran dina nulis hiji karangan nyaéta ....

A. nangtukeun buku C. nyieun daptar pabukon

B. nangtukeun jejer D. ngamekarkeun rangkay karangan


19. Sanggeus ngareureuhkeun kacapé, manéhna am ... handapeun tangkal kai.

Kecap panganteur anu bener pikeunkalimah di luhur nya éta... .

A. nginum C. dahar

B. saré D. jajan

20. Di handap ieu kaasup dongéng parabél nya éta?

A. si Kabayan ngala roay C. sanghiang sri

B. kuya jeung monyet D. tangkuban parahu

Wednesday, August 13, 2008

Tatakrama

Pangajaran 5

MACA (Maca Ngilo)

Baca sing gemet!

TATAKRAMA,

SILIH HORMAT JEUNG NU LIAN

Urang song mindeng ngadéngé nu nyarita “Sing boga étika atuh ari hayang dihargaan batur mah”. Atawa”Urang Sunda mah katelah hadé tatakrama”. Naon saenyana ari étika jeung tatakrama téh? Naon bédana?

Étika asalna tina kecap ethic basa Yunani, anu pihartieunana nyaéta élmu anu nalungtik mana anu hadé jeung mana anu goréng, katut mana anu bener jeung mana anu salah tina tingkah laku manusa. Ku kituna, étika leuwih deukeut kana sawangan filsafat atawa norma, lain kana prak-prakan hirup kumbuh sapopoé. Kecap séjénna anu méh saharti jeung étika nyaéta moral, ahlak, sopan santun, budi pekerti jeung tata susila.

Ari kecap tatakrama asalna tina basa Sangsekerta, tata hartina aturan, krama hartina sopan atawa hormat. Jadi tatakrama téh ngandung harti aturan tingkah laku atawa adat kabiasaan manusa anu sopan di lingkunganana. Bédana jeung étika, tatakrama mah sipatna leuwih kongkrit. Upamana baé kumaha sakuduna urang anggah-ungguh, kumaha nyarita anu lemes, jsb.

Unggal bangsa boga tatakrama anu béda-béda gumantung kana étika anu dianut ku éta bangsa. Tatakrama bangsa Éropa béda jeung bangsa Jepang. Dina cara ngahormat upamana. Urang Éropa mah lamun ngahormat téh henteu ngarengkuhkeun awak, tapi cukup ku ngangkat suku katuhu sabeulah. Ari urang Jepang, méh sarua jeung di urang, nyaéta ngadoyongkeun awak ka jalma anu dihormat. Kitu deui dina lebah nyarita, urang Sunda boga tatakrama nyarita anu husus nyaéta anu disebut undak-usuk basa. Undak-usuk basa nyaéta tahapan-tahapan basa: basa kasar, basa sedeng (loma) jeung basa lemes.

Sok sanajan béda-béda, tatakramana di unggal bangsa téh maksudna mah sarua nyaéta pikeun silih hormat, silih ajénan, di antara sasama warga masarakat, sangkan hirup tengtrem bagja lahir jeung batin.

Jalma anu teu nyaho atawa teu maké tatakrama sok disebut “teu boga tatakrama”. Jalma anu kieu moal diajénan batur. Upamana baé ngomong kasar, haseum budi, resep ngagulkeun diri sorangan, jsb.

(tina buku Sabasa 3A pikeun kelas 9 semester ganjil kaca 73 – 74)

Diserat deui ku Hĕrni Hĕrningsih (nu ngurus blog), tina buku : Sabasa 3A (Pangajaran Basa Sunda Pikeun Siswa SMP di Kota Bogor), MGMP Basa Sunda Kota Bogor, Drs. Ahmad Hadi (Editor), Tangerang:Pamulang, citakan munggaran, Maret 2004.

Jawab Pananya di handap !

1. Terangkeun naon anu dimaksud étika téh!

2. Naon sababna étika leuwih nyindekel kana sawangan filsafat?

3. Ari anu disebut tatakrama naon? Naon bédana jeung étika?

4. Naon sabab tatakrama unggal bangs béda-béda?

5. Kumaha contona tatakrama di Éropa?

6. Naon nu dimaksud undak-usuk basa téh? Cing sebutkeun contona!

7. Terangkeun naon kagunaan tatakrama téh!

8. Cing sebutkeun conto tingkah laku jalma anu teu boga tatakrama!

9. Sebutkeun deuih conto tatakrama ka indung bapa!

10. Cing tuliskeun sapuluh kecap lemes ka batur anu hidep apal!


sumber: http://tatapakan.wordpress.com/2008/07/08/tatakrama-silih-hormat-jeung-nu-lian/

WAYANG GOLÉK

Pangajaran 6

MACA (Maca Bedas)

Baca galantangkeun sing merenah lentongna!

WAYANG GOLÉK

Salah sahiji kasenian Sunda anu populér di masarakat urang kiwari nyaéta wayang golék. Komo sanggeus bisa disiarkeun dina radio jeung televisi, wayang golék beuki dipikaresep baé ku balaréa, boh di kota boh di pilemburan. Lamun sakalieun aya nu hajat nanggap wayang golék, nu lalajo téh ilaharna sok tumplek ti mana-mendi. Atuh tokoh-tokoh dina pawayangan apan geus dipikawanoh pisan ku masarakat urang, upamana baé Gatotgaca, Arjuna, Bima, Dorna, Semar, Si Cépot, jeung sajabana. Ieu hiji bukti yén kasenian wayang golék téh geus raket pisan jeung batin urang Sunda.

Wayang golék téh hiji pagelaran anu mangrupa gabungan sababaraha unsur kasenian, nyaéta seni sastra (lalakon), seni karawitan (gamelan) seni swara (sindén), jeung seni gerak atawa tari (gerak-gerik wayang)

Anu jadi lulugu dina pagelaran wayang golék nyaéta dalang anu pancénna ngalalakonkeun carita. Kamahéran dalang dina ngaguar carita, ngigelkeun wayang, nepikeun palasipah atawa ngabodor, ilaharna jadi takeran dipikaresep henteuna hiji pagelaran wayang ku nu lalajo. Ku lantaran kitu, dalang téh diperedih pisan kamahéranana dina rupa-rupa widang. Asép Sunandar Sunarya upamana, dalang anu kiwari kamashur, kalandep ku balaréa téh lantaran kamahéranana dina rupa-rupa widang kasenian sarta bisa ngasongkeun hal anu anyar.

Salian ti ngigelkeun wayang, dalang ogé ngagunakeun parabot séjén nyaéta campala jeung kecrék. Campala téh sabangsa palu anu sok ditakolkeun, pikeun ngantebkeun hiji omongan atawa hiji peristiwa anu keur dilalakonkeun. Ari kecrék pikeun ngantebkeun suasana, utamana dina adegan-adegan perang tanding.

Di sagédéngeun dalang, nayagaogé nyekel kalungguhan anu penting. Apan para nayaga pisan anu nabeuh gamelan téh. Waditra kasenian anu ilahar digunakeun dina wayang golék diantarana: kendang, goong, saron, bonang, jengglong, gambang, jeung rebab,

Carita anu keur dilalakonkeun ku dalang, sok diselang-seling ku sinden, nyaéta juru kawih (tukang ngawih) anu nembangkeun lalaguan. Ilaharna lagu anu ditembangkeun ku sindén luyu jeung peristiwa anu keur dilalakonkeun, upamana baé dina peristiwa pikasediheun sindén nembangkeun lalaguan anu sedih, jsb.

Carita wayang téh asalna mah ti India, babonna tina buku Mahabarata karangan Wiyasa jeung Ramayana karangan Walmiki. Mahabarata nyaritakeun turunan Pandawa jeung Kurawa anu marebutkeun nagara warisan karuhunna, tepi ka ahirna perang campuh di Tegal Kuruséta anu kawentar Perang Baratayuda. Ari Ramayang nyaritakeun Rama jeung Sinta. Dina Ramayana aya sempalan carita anu ngalalakonkeun Sinta diculik ku Rahwana, raja nagara Aléngka. Sabada peperangan, Sinta bisa dipimilik deui ku Rama sarta dititah labuh geni (ngaduruk manéh) pikeun ngabuktikeun kasucian dirina.

Sanajan asalna ti India, wayang téh geus jadi banda budaya Sunda. Ku lantaran kitu, salaku urang Sunda tangtu baé urang kudu mili ngariksa sangkan wayang golék tetep langgeng dipikaresep ku balaréa. Sakurang-kurangna urang kudu wanoh sarta mikaresep kasenian wayang golék.

(tina buku Sabasa 3A pikeun kelas 9 semester ganjil kaca 91 – 93)

Diserat deui ku Hĕrni Hĕrningsih (nu ngurus blog), tina buku : Sabasa 3A (Pangajaran Basa Sunda Pikeun Siswa SMP di Kota Bogor), MGMP Basa Sunda Kota Bogor, Drs. Ahmad Hadi (Editor), Tangerang:Pamulang, citakan munggaran, Maret 2004.

Jawab Pananya di handap !

1. Naon buktina yén wayang golék dipikaresep ku masarakat urang?

2. Kasenian wayang golék téh mangrupa gabungan sababaraha unsur kasenian, naon baé?

3. Naon sababna dalang kudu mahér dina rupa-rupa widang kasenian?

4. Salian ti ngigelkeun wayang, dalang téh sok ngagunakeun parabot naon deuih? Naon gunana?

5. Ari nayaga naon pancénna? Waditra naon baé anu digunakeun dina wayang golék?

6. Ari sindén naon deuih pancénna?

7. Ti mana asalna carita wayang téh? Buku naon anu jadi babon (sumberna)?

8. Kumaha carana urang milu ngariksa kasenian wayang golék?

sumber: http://tatapakan.wordpress.com/2008/07/08/wayang-golek/

Monday, August 11, 2008

Carita Pondok

Di Rumah Sakit
Karya: Yan Kusdianto

Budak Kang Jaja sirikna teu unggal usik ngan ngayer waé. Tadina mah disangka meujeuhna indah. Ngan sabot diperhatikeun lila-lila mah, budak téh asa parias. Nu sasarina dihuapan ku indungna rewog ogé ayeuna mah bet cuman-cémén waé. Malah tadi isuk mah mugen pisan, ngan asup dua huap bubur ogé. Geus kitu mah atuh Kang Jaja jeung Ceu Ihat téh kaweur. Dicekokan ku ubar warung téh, weléh teu metu, anggur beuki parna katémbongna. Muntabér jigana budak téh, da sok dibarung jeung utah-utahan sagala.

“Karumahsakitkeun wé atuh!” cék Ceu Ihat bari ngaganti calana budak nu geus kapaciritan.

“Enya nya!... sugan si Adun bagéan jaga.” Kang Jaja ngahaminan usul pamajikanana. “Tapi, moal peuting teuing kitu?” cék kang Jaja bari ningali kana jam dingding nu geus nuduhkeun jam sabelas peuting.

Ari Adun téh amangna budak, adi pituin Kang Jaja nu digawé di rumah sakit, jadi bruder bagéan operasi. Kungsi ditugaskeun jadi mantri di Pasir Kuda, lembur nyingkur jauh mela-melu. Geus nincak taun ka-tilu jadi mantri, nuluykeun deui sakolana, nyuprih pangarti anatomi. Meunang dua taun, tuluy diangkat jadi asistén dokter.

Geus wéh, budak téh buru-buru dibawa ka rumah sakit. Biaya pengobatan mah kumaha engké baé. Da sasarina ogé – basa Ceu Ihat ngajuru – biaya ngubaran téh waragadna tina asuransi pausahaan Kang Jaja. Jeungna deuih, éstuning kajurung ku kanyaah wé indung bapana mah, sasat budak hiji-hijina.

Peuting teuing sabenerna mah rék ka rumah sakit téh. Jam sabelas peuting indit ti imah. Angkot geus mulang ka garasi, paling ogé kana ojég ngajugjug ka rumah sakit téh. Najan ongkosna dua tikeleun, dipaksakeun ogé antukna mah, diduaojégkeun. Kitu sotéh bubuhan nyaah ka budak. Kapan biasana ogé dina carita mah, arang pisan kacaturkeun budak nu bébélaan ka kolot. Aya ogé istilah ‘kanyaah kolot’, jarang aya istilah ‘kanyaah budak’.

Budak diaais ku bapana. Indungna numpak motor nu hijina deui. “Karunya budak téh, keur mah geuring, turug-turug kudu kaanginan sajajalan.” Kang Jaja ngarahuh, jakétna dirungkupkeun kana sirah budak.

Anjog ka rumah sakit geus tengah peuting. Tapi éstuning haneuteun waé. Haneuteun ku nu gering, ku nu ngalampar di koridor, ku perawat nu pasuliwer, haneuteun ku nu kaweur. Teu mikir lila deui, Kang Jaja tuluy muru ka rohang piket. Di lokét pendaptaran kasampak dua urang nu jaga nukangan,. Digeroan weléh teu ngalieuk, haré-haré baé. Duanana keur anteng ngorék komputer, nu hiji maén bonceu, nu hijina deui maén solitér. Ubar kesel digawé jigana mah. Geuning nu gering di rumah sakit téh lain pasén hungkul. Nu jaga ogé butuh ubar; ubar jangar, ubar kesel; bonceu jeung solitér.

Ku rada digorowokeun mah nu jaga téh teu burung ngalieuk, tuluy ngalayanan bari semu nundutan. Budak nu gering téh diperenahkeun di ruang anggur, kelas dua kamar nomer lima; kamar husus pasén barudak.

Ngadago teu sawatara lila teu burung datang ogé nu mariksa. Ngaluarkeun stetoskop, tuluy diantelkeun kana harigu budak.

“Muntabér.” cék nu mariksa kalem pisan, teu cara Kang Jaja jeung Nyi Ihat nu kaweur naker.

Ana kitu mah bener taksiran Kang Jaja, budak téh muntabér, muntah jeung bérak. Geus disuntik mah budak nu tadina rungak-rengik téh téh rerep meueusan, tuluy reup.

Di rohangan anggur téh aya opat blangkar, kabéh gé ngeusi. Nu ngeusina budak satepak hungkul, pada ngalempréh. Sapasén téh sok didagoan paling loba ku duaan, cék palaturan mah. Ngan nya éta atuh, Indonésia, palaturan-palaturan, nu ngarempak mani kompak. Cacak ngajeblag dina témbok ogé, éh da..haré-haré baé atuh. Sakapeung tiluan, opatan, nepika sabondoroyot diabringkeun keur nunggu pasén téh cék nu bohong téa mah.

“Nembé téh dipasihan oralit, énjing urang cék deui, ayeuna mah sina istirahat wé!” carékna bari kutrat-kotrét, tukuy gura-giru indit deui.

“Ambu mah mulang ti heula wé! Isuk ka dieu deui!” cék Kang Jaja pinuh kadeudeuh.

“Enya, atuh.” cék nyi Ihat bari ngaluarkeun dot, biskuit jeung salin budak sapuratina, keur taki-taki.

Kari kang Jaja nu nungguan budakna. Haténa éstu tagiwur, sasat budak samata wayang, diparengkeun ririwit waé. Tara parna kituna mah, sapoé dua poé ogé cénghar deui, karék ayeuna katerap panyakit nu rada pikahariwangeun téh.

“Katerap panyawat naon tuang putra téh Pa?” Ibu-ibu nu di gigireun nanya.

“Saurna mah muntabér.”

“Nuju musim jigana mah, nya? Ieu ogé, pun anak, tos aya saminggonna diopnameu téh.

“Deuh....geuning hawatos.” cék kang Jaja daria.

“Alhamdulillah ieu ogé....kadada kaduga kénéh, tiasa dah bawang dah kapas kénéh, turug-turug ti rumah sakit téh kénging potongan harga deuih. Pédah langganan kitu?”

“Komo murangkalih abdi mah Pa.” Ibu-ibu nu nunggu béh peuntas ngilu ngaréwong. “Murangkalih abdi mah, meus-meus tipes, meus-meus tipes. Bapa mah sapertosna ngaggo askés, nya? Atuh raos, abdi mah teu kénging diskon-diskon acan.”

“Murangkalih abdi mah sumawonna tos teu metu ku obat generik, kedah ku nu patén waé.” Nu nunggu gigireun jol nimpah, teu éléh géléng.

Beuki peuting nu ngecewis anggur beuki récok, nu nunggu di gigireun jeung nu dipeuntas Kang Jaja aduregeng ngomongkeun budakna séwang-séwangan. Beuki dieu beuki raéng, sagala rupa diomongkeun. Budak nu tadina tibra téh jadi gulinggasahan, rungak-rengik, tuluy nyaring. Teu lila hing wéh léwéh. Kang Jaja nyambat budakna bari semu handeudeul. Teu lila kituna mah, da budak téh tuluy reup deui, balas méncrét waé jigana mah, da bangun nu leuleus naker katempona.

Budakna geus saré deui. Lalaunan digolérkeun dina blangkar. Kang Jaja tuluy kaluar ti rohangan, maksud téh rék néang Si Adun, adina téa. Rék ménta dipindahkeun. Geus ditéangan kaditu kadieu, teu burung kapanggih ogé Si Adun téh. Kabeneran Adun karék kaluar ti rohang operasi.

“Dun!” Kang Jaja ngageroan.

“Eh, geuning kang Jaja. Aya naon ieu téh.” Adun bangun semu nu reuwas.

“Si Uji ieu téh, gering!”

“Gering naon kitu?”

”Muntabér.”

“Dimana dirawatna?”

“Di ruang anggur. Puguh kieu ieu téh Dun .... budak téh pindahkeun waé ka Kelas hiji mun bisa mah, VIP kosong kénéh teu? Tatadi akang téh néangan manéh. Tulungan atuh lah!”

“Oh, kitu? Antosan atuh sakedap nya!” teu maké lila, si Adun tuluy gura-giru nguruskeun. Meunang sapuluh menit, jol deui.

“Kumaha?” Kang Jaja mangmang.

“Bisa, ruang Flamboyan kamar nomer dua.” Bari némbongkeun formullir tandatangankeuneun.

”VIP?”

“Enya.” Duanana tuluy leumpang muru rohangan anggur, niat rék mindahkeun budak.

“Lain nanaon Dun, di ruang anggur mah gararandéng, rarécok, budak téh teu bisa saré waé. Atuh rék iraha cageurna. Jeung éta deuih, nu diomongkeuna téh teu pararuguh.”

Kacaturkeun budak téh geus dipindahkeun ka rohangan flamboyan. Tumaninah ayeuna mah, jauh mula-melu jeung rohangan anggur. Di dieu mah fasilitasna ogé kumplit; kulkas, TV, Kamar cai balersih, Full AC deuih. Susterna ogé standby waé, unggal aya pangabutuh, kari mencét bél, teu burung suster ‘cengkir gading’ téh nyampeurkeun bari imut, manis pisan.

Keuna ku paribasa, kadar teu bisa disinglar, takdir mo bisa dipungkir. Budak téh teu dikersakeun cageur cacakan rohanganana dipindahkeun ogé. Cageur henteu, parna teuing henteu, kitu wé, ngalanglayung. Nu jagana genténan, beurang ku Ceu Ihat, peuting ku Kang Jaja. Geus aya samingguna kaya kieu téh.

Dulur-dulur pada ngalongokan, aya nu bari babawaan, nu mawa jeruk, apel, susu. Béakna mah da ku nu jaga wé, bubuhan nu muntabér mah kapan pantrangan dahar buah nginum susu téh, der kalah beuki muncrut.

Poé ayeuna mah nu ngalongok téh Ceu Isoh jeung budakna. Budakna téh lalaki, umurna sapantaran jeung nu ngalempréh.

“Kumaha Kang Jaja? Budak téh sakinten?”

“Nya...kieu geuning. Tapi sukur boga adi nu digawé di dieu, nepi ka bisa diperenahkeun di dieu.”

“Sadintenna séép sabaraha kitu?”

“Nya....kirang langkung mah duaratus lima puluh.” Rébu maksudna mah. Ceu isoh bati gogodeg.

“Paingan atuh raoseun.” Panonna luak-lieuk teu daék cicing ka sakuriling. “Tuh! TV aya, kulkas aya, aya AC-an deuih, énakeun nya Jang?” cék nyi isoh ka budakna.

“Ema...ema....! Ujang gé hayang gering Ma, hayang ka rumah sakit.” Cék budak bari ngajéjéwang daster indungna.

Carita Pondok

Carita pondok atawa mindeng disingkat minangka carpon nyaéta hiji wangun prosa naratif fiktif.
Carita Pondok nyaéta carita rékaan lir enya-enya nu ukuranana parondok. Carpon medal dina taun 1920 dimajalah parahyangan salin ti éta ogé medal antologi carpon anu judulna Dogdog pangréwong dina taun 1930.
Carita pondok condong munel sarta langsung dina tujuanana dibandingkeun karya-karya fiksi anu leuwih panjang, kawas novella (dina pengertian modern) sarta novel. Alatan singgetna, carita-carita pondok hasil ngandelkeun téknik-téknik sastra kawas inohong, plot, téma, basa sarta insight sacara leuwih lega dibandingkeun jeung fiksi anu leuwih panjang. Caritana bisa mangrupa sagala rupa jenis.

Dongéng

Dongéng merupakan bagian dari khasanah sastra Sunda buhun (dulu) yang pada umumnya mengandung unsur pamohalan (tidak masuk akal). Baik pelakunya, tempat, dan waktu berlangsungnya cerita.

Di Sastra Sunda, dongéng dibagi jadi bebrapa bagian diantaranya:
1. Dongéng Fabel (sasatoan)
Dongéng yang isinya menceritakan kehidupan hewan yang tingkah lakunya seperti manusia. Contoh: Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét, Peucang Keuna ku Leugeut, dll.
2. Dongéng Parabel
Dongéng yang isinya menceritakan kehidupan manusia biasa yang tingkah lakunya tidak lazim (tidak sama dengan yang lainya). Contoh: Si Kabayan, Si Lamsijan, Abu Nawas, dll.
3. Dongéng Sagé (babad)
Dongéng yang menceritakan kepahalawanan salah satu tokoh pada zamannya. Contoh: Prabu Siliwangi, Kéan Santang , dll.Legenda (saskala)
4. Legenda
Dongéng yang menceritakan asal usul suatu tempat, hewan, atau tumbuhan. Contoh: Sasakala Gunung Tangkuban Parahu, Situ Bagendit, dll
5. Mite
Dongéng yang berkaitan dengan kepercayaan masyarakat akan mahluk halus. Contoh: Nyi Roro Kidul, Sundel Bolong dll.

Gagak hayang Jadi Merak

Jaman baheula, baheula gé baheula pisan.
Di hiji leuweung geledegan, aya dua tangkal kiara.
Éta tangkal téh kacida gedéna.
Perenahna ngaréndéng di sisi sampalan.
Ari sampalan téh paranti sato jarah nyatuan.
Éta kiara sok dipaké panonoban bangsa manuk.
Anu hiji panonoban bangsa gagak,
ari anu hiji deui panonoban bangsa merak.

Kacaritakeun di antara bangsa gagak,
aya hiji gagak ngora, gagak jalu
keur meujeuhna belekesenteng.
Ngaranna Si Candrika.
Sanajan umurna ngora kénéh,
Si Candrika mah loba onjoyna.
Awakna leuwih kuat jeung keker,
uteukna ogé leuwih pinter deuih.

Sakabéh gagak di éta leuweung
geus boga sangka yén dina hiji mangsa
Si Candrika téh bakal jadi kokolot gagak.
Gaganti kokolot gagak anu ayeuna,
anu umurna geus kacida kolotna.
Anu matak Si Candrika padangajénan,
padangalem jeung ngadama-dama.

Tapi dina hiji mangsa mah aya nu anéh,
Si Candrika téh béda ti sasari.
Anu tadina lincah luluncatan dina kiara,
ayeuna mah jadi cicingeun.
Anu tadina hégar ngelak,
malah sorana ogé sok pangtarikna,
ayeuna mah tara kadéngé sorana.
Ngabetem siga nu keur puasa nyarita.

Gawéna ngan ukur cindeten,
mencilkeun manéh di nu buni.
Kabéh bangsa gagak ngarasa héran.
Ku naon atuh Si Candrika téh?
Hiji ogé taya nu nyahoeun sabab-musababna.
Ari sababna Si Candrika teu daék betus ka sasaha,
ditanya ku itu ku ieu téh anggur ngabetem.

“Keun baé antepkeun ulah diganggu,
meureun keur mangsana mangkat birahi!”
ceuk kokolot gagak.
“Teu umum Olot,” ceuk gagak séjén.
“Anu keur mangkat birahi mah,
biasana sok leuwih motah!”
“Sing inget, Si Candrika mah lain gagak biasa,
tong disaruakeun jeung gagak biasa-biasa atuh!”

Kokolot gagak nétélakeun,
yén anu boga kaleuwihan mah,
biasana sok loba kaanéhanana.
Gagak-gagak séjén ngahaminan.
“Enya ari kitu téa mah,” cenah.
Antukna mah Si Candrika padangantep.
“Keun, engké ogé cageur sorangan!”
ceuk kokolot gagak, yakin pisan.

Padangantep téh Si Candrika taya robahna,
kalah beuki resep nyorangan.
Lamun keur cinutrun dina dahan anu suni,
gawéna ngan nyérangkeun bangsa merak.
Komo mun isuk-isuk atawa pasosoré mah,
dina mangsana bangsa manuk midang.
Panonna terus melong ka merak jalu
anu keur mébérkeun buntutna.

“Leuh, tada teuing resepna lamun aing jadi gagak.
Bulu éndah, patinggurilap mun katojo panonpoé.
Na ari aing, bulu hideung lestreng,
suku pacér pamatuk gedé, meni teu mararatut!”
ceuk Si Candrika dina jero haténa.
“Naha atuh aing téh bet jadi gagak?
Naha atuh henteu jadi merak baé?”

Tétéla Si Candrika téh hayang jadi merak.
Geus lila manéhna teu sugema ku kaayaan dirina,
anu ceuk pangrasana mah manuk goréng patut,
manuk panggoréng-goréngna saalam dunya.
Manuk pangsial-sialna salam dunya.
Tong boroning bangsa manuk deui,
malah bangsa manusa ogé loba anu teu resepeun.

Éta wé basa manéhna teu ngahaja ngaliwat ka lembur,
jelema-jelema patingjorowok,
“Ka ditu sing jauh, ka Sabrang ka Palémbang!”
Malah aya anu ditungtungan ku,
“Balikna mawa kurupuuuk!”
Nyel wé aya rasa keuheul,
aya rasa ambek ka bangsana sorangan.
“Aing kudu jadi merak!” ceuk pikir Si Candrika.

Hayang jadi merak, kudu jadi merak,
terus jadi panyileukan Si Candrika,
anu mangaruhan kana tingkah paripolahna sapopoé.
Lamun keur nyorangan,
manéhna sok nurutan paripolah merak.
Leumpang rada diaced-aced,
terus mébérkeun buntutna.
Buntutna kalah ka rancung teu puguh.

“Leuh, lamun seug aing jadi merak!”
Beuki ambek baé ka dirina,
antukna ambék ka Déwata,
anu nakdirkeun manéhna jadi bangsa gagak.
“Naha atuh aing téh bet kudu jadi gagak?
Déwata henteu adil, henteu adil!”
ceuk Si Candrika.

Hiji poé Si Candrika hiber néangan kahakanan,
bari angger mikiran kahayangna:
hayang jadi merak.
Barang ngaliwat ka hiji walungan,
manéhna nénjo baju merak,
nambru di sisi walungan.
“Lakadalah, itu geuning aya baju merak!”

Ku manéhna dideukeutan.
“Ka mana anu bogana, nya?”
Si Candrika ngomong sorangan.
Luak-lieuk euweuh sasaha.
Buru-buru baé baju merak téh disamber,
dibawa hiber ka nu jauh ti dinya.
Niatna rék dipaké ku manéhna.
Haténa kacida bungahna.

Clé dina tangkal anu suni.
Rap baju merak téh dipaké.
Tétéla logor teuing.
Waktu dicobaan dipaké hiber téh, kokoplokan.
“Kawasna mah kudu dirapet!”
Ceuk pamikirna, lamun éta baju dirapet,
tangtu bakal pageuh napelna.
Manéhna bakal laksana jadi merak.

17. Henteu talangké, manéhna ngala leugeut teureup.
Éta leugeut diulas-olés kana awakna,
tuluy diulas-ales kana baju merak téa.
Rap baju merak dipaké deui.
Pel baé napel rapet pisan.
Dicobaan dipaké hiber,
najan karasana beurat,
tapi leuwih ngeunaheun ti batan tadi.

“Laksana ayeuna aing jadi merak!”
ceuk Si Candrika, paromanna marahmay.
Clé kana dahan pangluhurna.
Terus ngahuleng mikiran lampah saterusna.
Keur kitu torojol aya gagak, clé hareupeunana.
Tétéla Si Culindra, batur ulinna ti leuleutik.
Si Culindra ngadeukeutan ka Si Candrika.

“Keur naon Sakadang Merak, hulang-huleng di dieu?”
ceuk Si Culindra nanya ka nu keur cinutrun.
Ngadéngé omongan Si Culindra kitu,
Si Candrika ngomong dina jero haténa,
“Si Culindra teu apaleun ka aing,
padahal batur ulin aing ti leuleutik.
Nyebutna ogé Sakadang Merak.
Ayeuna aing lain Si Candrika, aing merak! Merak!”

Ana pok téh Si Candrika ngomong,
“Tunya-tanya teuing atuh!”
“Pilakadar nanya, wajar wé da urang téh tatangga,”
témbal Si Culindra.
“Tatangga sih tatangga,
tapi bangsa andika mah teu pantes
cacampuran jeung bangsa merak,”
témbal Si Candrika teugeug.

Si Candrika neruskeun caritaanana,
“Sing ngarumasakeun manéh wé atuh,
boga rupa goréng patut,
bulu hideung lestreng teu béda ti areng!
Béda pisan jeung bangsa kuring mah.
Sirah dimakuta kukuncung,
buntut hurung-hérang éndah!”
Ngomong kituna téh bari ucad-aced.

“Na andika téh sombong-sombong teuing!”
témbal Si Culindra, haténa nyeri dihina kitu.
“Ari geus, da kitu buktina atuh!”
ceuk Si Candrika teugeug.
“Ngahina ka sasama mahluk!”
“Da bangsa andika mah mémang hinaeun!”
Si Culindra teu ngomong deui,
geleber baé hiber ninggalkeun Si Candrika,
anu ayeuna mah geus maké baju merak.

Si Candrika kacida bungahna.
Ceuk pikirna, “Enya, ayeuna mah,
aing téh geus jadi merak.”
Buktina Si Culindra ogé,
batur ulinna ti leuleutik, teu apaleun.
Malah nyebutna ogé Sakadang Merak!
“Aing geus jadi merak! Aing merak! Merak!”
Si Candrika igel-igelan dina dahan.
Buntutna patinggurilap katojo ku panonpoé.

Pasosoré, wanci bangsa manuk baralik.
Balik ka panonobanana masing-masing,
Si Candrika ogé balik.
Ngan ayeuna mah balikna béda.
Balikna kana tangkal kiara panonoban merak.
Lain kana kiara panonoban gagak,
anu perenahna pahareup-hareup.

Si Candrika eunteup di dinya,
ngahiji merak-merak séjén.
Mimitina mah euweuh anu ngaharu-biru,
da mémang mun diténjo saliwat mah,
Si Candrika téh méh taya bédana jeung merak séjén.
Kukuncungna, kitu deui bulu buntutna,
sarua baé jeung merak jalu lianna.

Saperti biasa, unggal soré merak-merak jalu
sok némbongkeun kamonésanana,
adu manis mébérkeun buntutna,
pangpangna pikeun ngirut merak bikang.
Hiji-hiji merak jalu ngibing,
buntutna patinggurilap éndah,
katojo panonpoé nu geus tunggang gunung.

27. Si Candrika ogé teu tinggaleun.
Malah mah aya leuwihna.
Manéhna hayang némbongkeun kabungahna,
pédah ayeuna geus jadi merak.
Bari sari-sari mupuas ka bangsa gagak,
bangsana sorangan anu dipikaijid,
pédah buluna henteu éndah.
Si Candrika leuwih motah ti merak-merak séjén.

Tayohna mah sagala tindak-tanduk Si Candrika,
disérangkeun ku kokolot merak di dinya.
Kokolot merak nyampeurkeun Si Candrika.
Pokna, “Ké heula, Lur, ari andika téh merak ti mana?”
Si Candrika kacida reuwasna,
“Ti dieu, ti ieu leuweung!” témbal Si Candrika gugup.
“Ti leuweung ieu lebah mana?” ceuk kokolot merak.
Si Candrika beuki gugup baé.

29. Pok kokolot gagak téh ngomong deui,
“Lain, Lur, salila nyunyuhun kuncung,
kuring kakara nénjo merak kawas andika.
Suku pacér, pamatuk konéng, sora serak,
henteu jauh bédana ti bangsa gagak.”
“Kuring merak Indo, puguh keur serak ieu téh!”
“Lain, andika mah lain bangsa merak!
Salila kuring nyunyuhun kuncung,
can kabéjakeun di dieu aya merak Indo!”

Si Candrika keukeuh ngaku yén manéhna merak.
Keur kitu, rob atuh merak-merak sejenna daratang,
kabéh ngaronom ka Si Candrika.
“Andika mah lain bangsa merak,
sigana mah bangsa gagak anu maké baju merak!”
ceuk kokolot merak.
“Rék ngacowkeun bangsa merak éta mah!”
ceuk merak séjén, sorana teugeug.
“Laan bajuna! Usir! Usir!” paramerak raong,
tuluy ngepung Si Candrika.

Si Candrika dipaksa kudu ngalaan bajuna.
Si Candrika nurut, bajuna rék diporosotkeun.
Tapi hésé, lantaran geus rapet pisan jeung awakna.
Kawantu dirapet ku leugeut teureup kacida lobana.
Baju Si Candrika padametot ku paramerak.
Tapi angger henteu bisa lesot,
malah henteu ungger-ungger acan.
Kalah buluna baé anu caroplok téh.

Lantaran tanagana leuwih bedas,
Si Candrika bisa leupas tina kepungan paramerak.
Geleber hiber, kalayang kakalangan sakeudeung,
clé baé dina kiara panonoban gagak.
“Aya merak, euy!” ceuk hiji gagak.
Gebeg Si Candrika ngagebek, pok ngomong,
“Kuring lain merak, kuring Si Candrika,
batur andika, bangsa gagak kénéh!”
“Ah, maenya aya bangsa gagak kukuncungan!”

Keur kitu, torojol kokolot gagak,
“Rék naon andika los-los ka dieu?
Tuh, di ditu panonoban merak mah!
Rék ngacowkeun bangsa gagak di dieu?”
Témbal Si Candrika, “Kuring lain merak, kuring gagak.
Kuring téh Si Candrika, piraku Olot poho ka kuring?”
Kokolot gagak nelek-nelek Si Candrika.
“Sorana mah enya, sora Si Candrika.
Matana, mata Si Candrika deuih,”
kokolot gagak ngahuleng salila-lila.

Sanggeus ngahuleng, pok kokolot gagak ngomong,
“Lain, andika mah lain Si Candrika.
Si Candrika mah bangsa gagak.
Buluna hideung cara bulu kuring.
Andika mah bangsa merak anu nyamur.
Andika mah rék ngacowkeun di dieu téh, nya?
Rék ngacowkeun bangsa gagak? Hayo jawab!”
Najan Si Candrika nyaritana nepi ka susumpahan,
kokolot gagak angger henteu percayaeun.

35. Torojol Si Culindra, pok ngomong semu ambek,
“Tah, ieu merak anu tadi ngahina bangsa gagak téh!”
“Culindra, kuring sobat anjeun, Si Candrika!”
“Teu bisa! Si Candrika mah bangsa gagak.
Kuring apal enya ka Si Candrika,
manéhna mah moal ngahampas bangsana sorangan!”
“Kuring Si Candrika!” ceuk Si Candrika
bari ugal-ugil rék ngalaan baju merakna,
tapi teu bisa, da geus pageuh napelna.

“Éta mah pangacow!”
“Usir! Usir!”
“Podaran wé sakalian!”
Gagak-gagak réang bari rék ngarempug Si Candrika.
Nénjo galagat kitu, Si Candrika buru-buru hiber.
Tuluy hiber teu eureun-eureun.
Wanci sareupna nepi ka sisi lembur.
Clé waé di dinya.

Si Candrika kacida nalangsana.
Diusir ti ditu ti dieu.
Ku bangsa merak teu diaku,
sumawonna ku bangsana sorangan mah.
Anu matak peurih mah
teu diaku jeung diusir ku bangsana sorangan,
bangsa gagak anu ngagedékeun manéhna.
Bangsa anu miharep ka manéhna,
sangkan dina hiji mangsa jadi kokolot gagak.

Ka mana kudu lumampah?
Ras inget ka bangsa manusa.
Manusa mah teu resepeun téh ka bangsa gagak,
ari ka bangsa merak mah kacida resepeunana.
Haténa kaubaran.
Geus gilig dina haténa,
manéhna rék nepungan bangsa manusa,
itung-itung ngabuang manéh.
Isukna, wanci haneut moyan,
Si Candrika hiber ngajugjug ka pilemburan.
Nepi ka pilemburan, clé dina hiji suhunan.
“Aya merak! Aya merak!” ceuk hiji budak.
Teu lila rob atuh jelema ka dinya,
ningali Si Candrika.
Kabéh ogé raresepeun kana merak mah.
Teu cara ka bangsa gagak.

Nyaho kitu, Si Candrika jadi loba ceta.
Ucad-aced, buntutna dibébérkeun.
“Euleuh, itu mani éndah kitu!”
“Patinggurilap nya, euy, kawas berlian!”
“Nyaho kitu silaing berlian?”
“Henteu!”
Si Candrika beuki cetaan.
Atuh puguh wé jelema téh beuki raresepeun.

Keur kitu torojol kokolot lembur,
bari mawa bedil angin.
“Halik barudak, ulah ngahalangan, urang témbak!”
“Kadé ulah keuna kana buntutna, lebar!”
“Moal atuh,” ceuk kokolot lembur bari nyengir.
Dikécéng sakeudeung,
ceplék bedil anginna dibekaskeun.
Mimisna keuna pisan kana hulu Si Candrika.

Koléang Si Candrika ragrag,
leng teu inget di bumi alam.
Barudak sarurak ramé pisan.
Teu lila ti harita, buntut merak Si Candrika
jadi papaés di tepas imah kokolot lembur.
Sakapeung aya hiji-dua anu dibawa ngapung,
dipaké bubuntut langlayangan!