Babasan Jeung Paribasa

adam lali tapel
poho ka baraya jeung poho ka lemah cai

adat kakurung ku iga
adat nu hese digantina

adean ku kuda beureum
beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur

adigung adiguna
gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana

ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan)

Sunday, October 3, 2010

Latihan Soal UTS Kelas IX 2010

Sumbangan
Waktos abdi ngasongkeun artos tilu rébu rupia, Pa guru henteu langsung nampi éta artos, malah réréncanganana téh arolohok. “ ieu téh enya rék nyumbang tilu rébu Win ? “ Pa Guru naros. Winny téh salahsahiji murid anu méré sumbangan panggedéna kanggo kalaparan di Irian Jaya. Winny asa meni rebéh irung.

1. Tema carpon ”Sumbangan” di luhur (di atas) nya éta?
a. kagoréngan jalma nu pupujieun c. kahadéan jalma nu pupujieun
b. kagoréngan jalma nu sumbangan d. kahadéan jalma nu sumbangan
2. Saha tokoh utama dina carpon ”Sumbangan” di luhur (di atas) nya éta?
a. winny c. mamah
b. pa guru d. bapa
3.Salah sahiji ciri penting dina artikel téh nyaéta......................................
a. ayana talaah ti nu nulisna c. kudu dimuat dina koran
b. patali jeung perasaan anu nulisna d. eusina nolak kana kanyataan
4. Sangkan gampang kahartina ku nu maca, basa dina artikel téh kudu...........
a. merhatikeun sopan santun c. disusun sacara ilmiah
b. ditulis dina kalimah parondok d. komunikatif
5. Tulisan anu midangkeun hasil talaah atawa analisis ngeunaan hiji hal, dumasar kana
fakta jeung data terus di muat dina média massa disebut......................
a. éséy c. carpon
b. artikel d. wawaran
6. Karangan saha artikel nu judulna “ Play station” téh nyaéta......................................
a. Azhar zakiah c. Zakiah Sq
b. Azhar Tilawah d. Taufik Faturahman
7. Babasan Sunda anu hartina (artinya) sombong nya éta (yaitu) ...
a. héjo tihang c. gedé hulu
b. panjang leungeun d. hampang birit

8. Sastra Sunda anu mangrupa carita pondok medalna dina taun 1930
anu judulna nya éta..........................
a. dog dog pangréwong c. teman duduk
b. baruang kanu ngarora d. beni balakbak
9. Kecap pananya anu pikeun nanyakeun tempat asal atawa tempat anu
ditinggalkeun nya éta…
a. sabaraha c. kumaha
b. timana d. naha
10. Arjuna bingaheun pisan ditepangkeun sareng gegentos ramana.
Kecap ramana dina kalimah di luhur sarua hartina jeung kecap … .
a. éyangna c. bapana
b. emangna d. akina