Babasan Jeung Paribasa

adam lali tapel
poho ka baraya jeung poho ka lemah cai

adat kakurung ku iga
adat nu hese digantina

adean ku kuda beureum
beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur

adigung adiguna
gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana

ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan)

Wednesday, August 13, 2008

Tatakrama

Pangajaran 5

MACA (Maca Ngilo)

Baca sing gemet!

TATAKRAMA,

SILIH HORMAT JEUNG NU LIAN

Urang song mindeng ngadéngé nu nyarita “Sing boga étika atuh ari hayang dihargaan batur mah”. Atawa”Urang Sunda mah katelah hadé tatakrama”. Naon saenyana ari étika jeung tatakrama téh? Naon bédana?

Étika asalna tina kecap ethic basa Yunani, anu pihartieunana nyaéta élmu anu nalungtik mana anu hadé jeung mana anu goréng, katut mana anu bener jeung mana anu salah tina tingkah laku manusa. Ku kituna, étika leuwih deukeut kana sawangan filsafat atawa norma, lain kana prak-prakan hirup kumbuh sapopoé. Kecap séjénna anu méh saharti jeung étika nyaéta moral, ahlak, sopan santun, budi pekerti jeung tata susila.

Ari kecap tatakrama asalna tina basa Sangsekerta, tata hartina aturan, krama hartina sopan atawa hormat. Jadi tatakrama téh ngandung harti aturan tingkah laku atawa adat kabiasaan manusa anu sopan di lingkunganana. Bédana jeung étika, tatakrama mah sipatna leuwih kongkrit. Upamana baé kumaha sakuduna urang anggah-ungguh, kumaha nyarita anu lemes, jsb.

Unggal bangsa boga tatakrama anu béda-béda gumantung kana étika anu dianut ku éta bangsa. Tatakrama bangsa Éropa béda jeung bangsa Jepang. Dina cara ngahormat upamana. Urang Éropa mah lamun ngahormat téh henteu ngarengkuhkeun awak, tapi cukup ku ngangkat suku katuhu sabeulah. Ari urang Jepang, méh sarua jeung di urang, nyaéta ngadoyongkeun awak ka jalma anu dihormat. Kitu deui dina lebah nyarita, urang Sunda boga tatakrama nyarita anu husus nyaéta anu disebut undak-usuk basa. Undak-usuk basa nyaéta tahapan-tahapan basa: basa kasar, basa sedeng (loma) jeung basa lemes.

Sok sanajan béda-béda, tatakramana di unggal bangsa téh maksudna mah sarua nyaéta pikeun silih hormat, silih ajénan, di antara sasama warga masarakat, sangkan hirup tengtrem bagja lahir jeung batin.

Jalma anu teu nyaho atawa teu maké tatakrama sok disebut “teu boga tatakrama”. Jalma anu kieu moal diajénan batur. Upamana baé ngomong kasar, haseum budi, resep ngagulkeun diri sorangan, jsb.

(tina buku Sabasa 3A pikeun kelas 9 semester ganjil kaca 73 – 74)

Diserat deui ku Hĕrni Hĕrningsih (nu ngurus blog), tina buku : Sabasa 3A (Pangajaran Basa Sunda Pikeun Siswa SMP di Kota Bogor), MGMP Basa Sunda Kota Bogor, Drs. Ahmad Hadi (Editor), Tangerang:Pamulang, citakan munggaran, Maret 2004.

Jawab Pananya di handap !

1. Terangkeun naon anu dimaksud étika téh!

2. Naon sababna étika leuwih nyindekel kana sawangan filsafat?

3. Ari anu disebut tatakrama naon? Naon bédana jeung étika?

4. Naon sabab tatakrama unggal bangs béda-béda?

5. Kumaha contona tatakrama di Éropa?

6. Naon nu dimaksud undak-usuk basa téh? Cing sebutkeun contona!

7. Terangkeun naon kagunaan tatakrama téh!

8. Cing sebutkeun conto tingkah laku jalma anu teu boga tatakrama!

9. Sebutkeun deuih conto tatakrama ka indung bapa!

10. Cing tuliskeun sapuluh kecap lemes ka batur anu hidep apal!


sumber: http://tatapakan.wordpress.com/2008/07/08/tatakrama-silih-hormat-jeung-nu-lian/

No comments: