Babasan Jeung Paribasa

adam lali tapel
poho ka baraya jeung poho ka lemah cai

adat kakurung ku iga
adat nu hese digantina

adean ku kuda beureum
beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur

adigung adiguna
gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana

ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan)

Monday, March 12, 2007

Paribasa

1.Paribasa Wawaran Luang

Eusina ngebrehkeun pangalaman anu geus lumrah di masyarakat sarta mangrupa bahan babandingan pikeun laku lampah urang.

Contona:

  1. Adat kakurung ku iga. Hartina, adat atawa kabiasaan anu geus hese dipiceunna.
  2. Mihaphayam ka heulang. Hartina, mihape atawa titip barang ka nu geus kanyahoan teu jujur.
  1. Kokoro manggih Mulud, puasa manggih Lebaran. Hartina mang pang meungpeung.
  2. lwak nangtang sujen. Hartina, wani nyorang pibahayaeun.
  1. Hulu gundul dihihidan. Hartina, nu keur untung tambah untung.

2. Paribasa Pangjurung Laku Hade

Eusina pikeun pangjurung milampah kahadena.

Contona :

  1. Ari diarah supana, kudu dijaga catangna. Hartina, ari aya barang (banda) anu diala hasilna, kudu daek ngurusna.
  2. Ambek sadu santa budi. Hartina soleh hate
  3. Cikaracak ninggang batu, laun-Iaun jadi legok. Hartina, upama dileukeunan bari junun sagala rupa nu hese oge bakal bisa.
  4. Ka hare up ngala sajeujeuh, ka tukang ngala sajeungkal.Hartina, hirup ati-ati make itungan.
  5. Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung. Hartina nuduhkeun jelema getol digawe cape oge ngeureuyeuh we nu nu antukna bisa meunang pangupa jiwa.

3. Paribasa Panyaram Lampah Salah

  1. CuI dogdog tinggal igel. Hartina, ninggalkeun gawe baku, terus migawe pagawean nu taya hasilna.
  2. Meungpeun carang ku ayakan. Hartina, api-api teu nyaho, ngantep jelema anu migawe pagawean salah.
  3. Kawas awi sumaer di pasir. Hartina, luak-leok pikir,teu puguh tangtungan.
  4. Pupulur memeh mantun. Hartina, mentaburuhan memeh prak digawe

Sosiologi Sastra

ASPEK SOSIOLOGIS DINA NOVEL GALURING GENDING

KARYA TATANG SUMARSONO

I. Sinopsis Novel Galuring Gending

Dina Galuring Gending karya Tatang Sumarsono anu kandelna teh 336 halaman. Diterbitkeun ku PT Kiblat Buku Utama. Ditilik tina segi cover novel galuring gending aya wanoja anu keur ngibing ngajentrekeun eta teh mere ilustrasi wirehna eusi anu aya dina novel galuring gending teh ngeunaan hiji wanoja anu miboga karancagean dina seni ibing tur mere gambaran nu diangkat tina kahirupan aktual. Dina segi eusi ngagunakeun basa sunda anu matak ngeunah pikeun anu macana. Anapon Sinopsis Novel galuring Gending nayeta:

Panji teh jalma anu asalna ti lembur, nyuprih elmu di kota Bandung. Ti barang lahir Panji geus cicing jeung indung terena. Bapana Panji teh saurang pangsiunan tentara anu satuluyna jeneng jadi Kuwu salila dua entragan. Kulawarga Panji rnangrupa kulawarga gede anu asalna ti sababaraha bibit. Lanceukna nya eta Ceu Cacih, Kang Parman, Ceu Idah, jeung Kang Obing putra ti Mimih sarta Kang Girang jeung Ceu Nunung Putra ti nu lian. Sedengkeun Panji, budak bungsu anu indungna matuh di peuntas.

Sarah, wanoja kota turunan anak menak, ti leuleutik geus diajar ngibing nepi ka asup sanggar sagala. Nya tina ieu dunya Sarah meunangkeun kasenangan dunya. Hiji poe kasenangan dunya ieu teh kudu ditebus ku harga anu pangmahalna.pikeun hiji wanoja. Um Sar, guruna di sanggar, geus ngaruksak harga dirina. Ti dieu Sarah mimiti wanoh kana dunya lalaki jeung materi. Satuluyna Sarah reureujeungan jeung salasaurang pajabat di hiji instansi penting di nagri ieu. Kahirupan Sarah sarwa cukup jeung sarwa genah, nepi ka hiji waktu aya anu ngendag-ngendag kana kabagjaan anu

dirasakeun ku Sarah.

Hiji peuting Sarah diparengkeun panggih jeung Panji dina kaayaan mabok. Satuluyna Sarah dibawa ka kontrakan Panji. Nya ti dieu duanana mimiti raket. Panji hiji aktivis proreformasi anu teu panuju kana pamarentahan Ordeu Baru. Nya pamadeganana ieu anu nganteurkeun manehna kana pangberokan. Di tahan Panji nepikeun kahayangna pikeun ngawin Sarah, tapi Sarah can bisa mere respon kana ieu pangajak. Sanggeus Panji kaluar ti tahanan, manehna kudu nungguan Sarah di rumah sakit, tapi angger pangajak Panji tacan meunang jawaban. Nepi ka ahirna Panji leungit tanpa raratan samulangna nungguan Sarah di rumah sakit.

II. Aspek Sosiologis Novel Galuring Gending

Aspek sosiologis nu baris dipedar dina novel Galuring Gending nya eta aspek sosiologis kana tokoh jeung pangarangna.

A. Aspek Sosiologis Tokoh Panji

Tokoh Mangrupa hiji palaku dina alur runtuyan hiji carita. Tokoh Panji mangrupa tokoh sentral dina carita, ditilik tina kuantitasna jeung kualitasna dina runtuyan carita. Panji ngabogaan ngaran Panji Sumirat anu bisa katiten tina cutatan ieu di handap.

Dina jilid buku nu ngagoler luhureun meja aya tulisan: Panji Sumirat, SIP. Naon ari anu dimaksud SIP teh ? Jigana mah gelar sabab aya poto anjeun keur diwisuda. (kaca 144 )

Bapa Panji teh tentara anu geus ngalaman sababaraha kajadian anu tumiba dina Nagara mangsa harita. Ti barang lahir Panji geus dirorok ku indung terena anu biasa digeroan Mimih ku manehna. Di imana, Panji mangrupa budak bungsu. Bapa anu bisa digeroan Apa ku Panji boga anak tilu bibit Nya indung Panji anu pangpandeurina. Panji didik ku Bapana sacara keras ku bapana anu sakumaha yen Panji diajar sangkan bisa miboga rasa tanggung jawab kana dirina.

Kahirupan Panji loba dibeakeun di pilemburan, ku kituna Panji mangrupa dedeg anu kaitung basajan najan henteu bisa disebut kurang. Ieu gambaran kahirupan Panji teh katiten tina cutatan ieu di handap.

Lumayan rada jauh lembur peuntas the, da perenahna ampir di wates desa. ( kaca 101)

Sanajan Panji teh urang lembur manyang-munyung tapi kahayang pikeun ngabogaan elmu pangaweruh, luhur pisan. Jadi satamatna SMA, Panji neruskeun ka paguron luhur di Bandunng nepi ka meunang gelar sarjana. Sabada lulus ti paguraon luhur Panji can meunang pagawean anu antukna Panji sok tulas tulis ngeunaan naon bae anu kapanggih jeung gagasan anu aya dina sabudeureun kahirupan. Salain ti nulis ti mimiti kuliah Panji ngabogaan kasibukan sejen disababaraha organisasi najan organisasi anu diiluan ku manehna teh jauh tina naon anu ditulisna dina media citak. Kusabab manehna aktivis kungsi manehan ditewak ku pulisi saba dianggap ngarongrong kana kadaluatan nagara.

Naha pangna tepi ka ditahan, pikeun manehna mah teu matak kaget. Enya kapan bieu ge geus disebutkeun, sual eta mah geus kaasup kana itungan manehna. Teu ngarasa diteungteuingeun, jajauheun mun digebruskeun ku batur. Ieu mah resiko sorangan anu miboga teu kapanujuan kana pamadegan anu teu sajaln kana konstitusi. (kaca 245 )

Nepi ka hiji poe, Panji leungit tanpa raratan.

Panji ari anjeun aya di mana ? ( kaca 334 )

Aspek sosiologis dina tokoh Panji teh hiji jalma anu soson- soson pikeun ngahontal kana tujuan, sok sanajan naon wae akibatna tumiba ka manehna.

B. Aspek Sosiologis Tokoh Sarah

sarah tokoh wanoja anu dina carita jadi pameungkeut hate panji, mangrupa gambaran wanoja anu lahir jeung gede di kota Bandung. Ti leuletik sarah hirupna di kota. Sarha ani ngabogaan ngaran lengkep Sarah Wulandarikusumah geus diajar ngibing ku Bapana anu turunan menak. Diantara lima dulur nya ukur Sarah anu miboga bakat ngibing mah.

Sanajan turunan menak, henteu ngajadikeun sarah ngarasa agul. Kalah sabalikna, sarah ngarasa yen kamenakan geus ngaraheutan lengkah dina sagala hal. Nalika sarah nincak dina bangku kelas opat SD, manehna mimiti unggah panggung ngibing satuluyna asup sarah asup ka anggar anu dipingpin ku Um Sarino, babaturan bapana. Ti harita Sarah anu can nincak umur salikur mimiti caang bentangna, komo sanggeus Um Sadipromosikeun jabtanana. Kajongjonan manggung, sakola sarah katinggaleun, statusna SMA, Sarah teu kaburu nerusnkeun ka paguron luhur. Tungtungna panggunng mangrupa dunya anu dipilih ku sarah, dunya anu geus bisa ngahirup-hirupkeun kulawargana.

Nepi kahiji waktu sarah ngaleupaskeun hal anu kacida pentingan pikeun wanoja pikeun nebus sagala kasohoranana, anu nurutkrun manehna mangrupa konsekwensi tina gumebyarna kahirupan panggung.

Kitu anu karandapan ku kuring saraha tea. Mayungna ngaran dina akhirna kudu nyumponan kana pangabutuh Um Sar. Enya nyumponan kayahang anu jadi lalaki, anu saenyana geus diteundeun dian tempat istimewa minangka gaganti bapana ( kaca 78 )

Ti semet harita sarah anclub kana dunya anu jauh tina papagon agama anu patunggang tonggong jeung agama nepi ka manehna panggih jeung lalaki anu satuluyna ngarojong kana kahirupan ekonomi kulawargana.

Aspek sosiologis anu aya dina tokoh Sarah teh hiji gambaran wirehna sagala rupa rengkah palipolah anu teu dibarengan ku tata aturan agama bakal mengpar tur ahirna bakal nyangsarakeun kana dirina jeung kulawargana.

C. Aspek Sosiologis Pangarang

Dina Galuring Gending karya Tatang Sumarsono, katangen yen pangarang ieu novel teh ancrub kana kahirupan. Gagasan anu diangkat tina kahirupan aktual teh diolah ku parabot novel, terus disusun dina hiji pidangan novel anu karasa nyari. Katangen aya studi antropologis jeung sosiologis anu dilakukeun ku pangarang.

Dunya Internet

NGABALADAH INFORMASI DI INTERNET
ku : Rahmat “02

Text Box:  Internet mangrupa hiji jaringan computer anu matalikeun ka sakumna nu aya di dunya. Akses Jaringan internet mangrupa jaringan internasional anu sumeber di sakumna dunya. User internet mung ngetik alamat web site anu dituju dina kotak alamat ( address ), program komputer bakal ngaakses anu di tuju. . Website eta nyadiakeun mangrupa informasi-informasi anu dipikahayang ku pangakses.

Internet lir ibarat perpustakaan dunya. Dina aplikasi internet lamun urang nalungtik jeung ngabaladah dina jero eta internet bisa dimamfaatkeun sacara optimal. Dina akses internet nyadiakeun informasi- informasi nepi ka bubuk leutikna. Henteu unggal jalma bisa ngaplikasikeun internet, aya paribasa henteu wawuh moal wanoh henteu wanoh moal bogoh henteu bogoh moal dokoh. Eta paribasa teh hiji bukti yen lamun urang arek ngalakonan kudu wawuh heula lamun geus wawuh tangtu dina prak-prakanana moal tag teg tog. Dina dunya cyber ngeunaan informasi nasional, internasional bisa ku urang ka baladah , tangtu dina ngabaladah dunya cyber kudu apal alamat web anu baris ku urang dituju.

Internét geus ngaranjing dina kahirupan manusa kiwari. Malah, di nagara deungeun mah, internét téh geus jadi salah sahiji pakakas komunikasi nu praktis tur efisién. Rupaning widang paélmuan nyebar dina internét, leuwih ngénténgkeun geusan ngundeur pangaweruh. Contona Google earth nyaeta hiji wadah paelmuan dina widang geografi anu bisa nalungtik pencitraan atawa gambaran ku satelit ngeunaan kaayaan kahirupan nu aya disakuliah alam dunya

Mun nyukcruk kana sajarahna, internét téh dipokalan ku urang Amérika. Ti dinya terus nyebar ka unggal nagara, minangka téknologi anyar dina widang komputer. Kamekaranana éstuning matak hookeun, boh ditilik ti nu makéna (netter) boh ditilik tina pajanganana (website). Dina catetan situs google, juru susud (search engine) rohangan internét, kiwari jumlah kaca dina internét téh geus leuwih ti 8 milyar.

Torojolna internét, milu mangaruhan deuih kana basa-basa nu aya di sakuliah dunya. Istilah téknologi internét saperti e-mail, website, mailing list, download, server, homepage, chatting, jeung sabangsana, mimiti ngeuyeuban kekecapan sapopoé, pangpangna keur nu biasa maké internét. Ti dinya brol wéh kamus istilah téknologi nu jumlah kecapna nepi ka rébuan éntri.

Sawatara urang Sunda, geus biasa ngagunakeun internét keur komunikasi. Situs nu maké basa Sunda gé saeutik. Bisa jadi, ieu téh lantaran pangaweruh urang Sunda kana téknologi nu kawatesan kénéh. Tapi reueus oge, basa Sunda bisa milu makalangan dina dunya cyber. Aya sawatara website nu maké basa Sunda, saperti sundanet, galura.com, mangle-online.com, cupumanik.com, urang-sunda.or.id.

Ngarah teu matak poek ngeunaan elmu cyber , urang pedar heula sawatara istilah dina internét nyaeta :

1. Internét, sistim jaringan komputer nu nyambung sakuliah dunya, maké satelit, kabel telepon atawa nirkabel. Saha baé bisa muka internét, bisa ngambah (surfing) ka mana waé, bisa ngoréhan tur ngabaladah rupaning élmu bari teu kawatesanan ku anggang.

2. Website, sok disebut situs, alamat minangka konci pikeun muka eusi internét. Upamana www.urang-sunda.or.id, www (word wide web) nuduhkeun alamat internét, urang-sunda nuduhkeun ngaran website, or.id nuduhkeun wewengkon (domain). Nu disebut domain, rupa-rupa, gumangtung ka fungsi éta situs. Aya nu disebut com (communication), edu (education), or (organization), jeung sabangsana. Unggal nagara geus boga kodeu séwang-séwangan deuih, upamana Indonésia (id), Jepang (jp), Walanda (nl), jeung sajabana.

3. E-mail, serat éléktronik (sérélék). Alamat e-mail fungsina teu pati géséh jeung nomer hapé, nyaéta pikeun silih kirim pesen. Aya leuwihna sérélék mah, lian ti pesen téks, bisa ngirim gambar, sora, jeung vidéo nu ukuranana leuwih gedé. Upamana, urang bisa ngirim naskah buku nu jumlahna 1.000 kaca dina waktu nu ngan sajorélat.

Situs web anu nyadiakeun fasilitas search enggine jeung informasi nyaeta :

1.Portal Indonesia

Astaga, Ayo.net, Bacaanku.com, Balinesia, Bolehmail, Catcha.co.id, Detik, Dewadewi, Gadogado.net, Kemana.com, Koridor, Pandawa, Satulelaki, Portal Pendidikan.com, Satunet, Terkenal, Labalaba jeung Plasa .

2.Portal Internasional

Altavista, Ultra , google, , Yahoo, Excite, Lycos, aol, MNS, Search, Snap, Goto,jeung Clusty.

Rujukan :

1. www.ilmu-komputer.com.

2. NGAMEKARKEUN BASA SUNDA DINA INTERNÉT menunang Mamat Sasmita & Mang Jamal

dina Kongrés Basa Sunda di Subang Juni 2005