Babasan Jeung Paribasa

adam lali tapel
poho ka baraya jeung poho ka lemah cai

adat kakurung ku iga
adat nu hese digantina

adean ku kuda beureum
beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur

adigung adiguna
gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana

ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan)

Sunday, September 26, 2010

Latihan Soal UTS Ganjil 2010 Kelas 7

Agus : Gin, tos bérés pancén basa Sunda ngadamel kliping téh?
Gigin : Acan. Hésé milarina, Gus. Mangkaning anu diklipingkeun téh saur Pa Rahmat
kedah berita anu eusina informasi wisata di Bandung. Ari Agus kumaha, atos?
Agus : Tos bérés Agus mah tikamari gé.
Gigin : Ti mana Agus kénging sumberna?
Agus : Seueur atuh sumberna mah, Gin. Tiasa milari ka réréncangan anu langganan
koran atawa dina internet.
Gigin : Éh, enya nya. Hatur nuhun Gin

1. Jejer (tema) naon anu diangkat tina paguneman (dialog) anu réngsé di baca ku hidep ?
a. ngadamel kliping c. rék diajar internét
b. maca koran d. milari ka réréncangan
2. Nu ka asup kana tokoh paguneman di luhur nya é ta..., iwal (kecuali)
a. Agus jeung Gigin c. Gigin
b. Agus d. Kevin Rudd
3. Dina paguneman (dialog) biasana palakuna téh aya ....
a. Obama c. Hillary
b. Kevin Rudd d. lobaan
4. Ti mana Agus Kenging sumberna tina ngadamel kliping teh ………..
a. koran jeung internet c. perpustakaan jeung koran
b. hapé jeung majalah d. hapé jeung koran
5. Caritaan lir enya-enya nu miboga unsur pamohalan (tidak masuk akal), disebut ….....
a. carpon c. dongéng
b. novel d. sajak

6. Jéntrékeun (jelaskan) naon nu disebut dongéng ?
7. Sebutkeun nu ka asup kana conto dongéng Parabél (jalma biasa) ?
8. Sebutkeun nu ka asup kana conto dongéng légénda ?

No comments: