Babasan Jeung Paribasa

adam lali tapel
poho ka baraya jeung poho ka lemah cai

adat kakurung ku iga
adat nu hese digantina

adean ku kuda beureum
beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur

adigung adiguna
gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana

ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan)

Sunday, September 26, 2010

Latihan Soal UTS Kelas VIII 2010

És Lilin
Es lilin mah didorong-dorong
dibantun mah dibantun ka Sukajadi
abdi isin ceuceu samar kaduga
sok sieun mah aduuh henteu ngajadi

Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandakna geuningan ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh bararingung
sok inggis mah aduuh henteu ngajadi

1. Tema kawih Sunda ”És lilin” di luhur (di atas) nya éta?
a. kamanusaan (kemanusiaan) c. kaadilan
b. kaagamaan d. keimanan
2. És lilin mah rasana..... lantaran digulaan
a. kareueut c. haseum
b. pait d. seuhah
3. Barudak keur....ngawihkeun tembang És lilin
a. ngaregepkeun c. biantara
b. ngahaleuang d. ngagukgug
3. Karangan anu tujuanana pikeun ngedalkeun hiji pamanggih jeung ngayakinkeun batur
kalawan ditétélakeun naon-naon anu jadi alesanana disebut........
a. arguméntasi c. déskripsi
b. narasi d. éksposisi
4. Karangan anu eusina nyaritakeun runtuyan kajadian ti awal tepi ka akhir disebut........
a. arguméntasi c. déskripsi
b. narasi d. éksposisi
5. Karangan anu eusina ngungkab hiji pasualan disebut........
a. arguméntasi c. déskripsi
b. narasi d. éksposisi
6. Kalimah anu gunana pikeun ngawawarkeun méré beja ka batur disebut........
a. arguméntasi c. déskripsi
b. wawaran d. Éksposisi
7. Kalimah wawaran basajan anu diwangun ku jejer jeung caritaan disebut.......
a. kalimah wawaran basajan c. lentong kalimah wawaran
b. kalimah wawaran jembar d. kalimah wawaran basa
8. Kalimah wawaran basajan anu dijembaran ku objek jeung rupa-rupa katerangan
di sebut.......
a. kalimah wawaran basajan c. lentong kalimah wawaran
b. kalimah wawaran jembar d. kalimah wawaran basa
9. Karangan pondok dina wangun lancaran disebut..........
a. éséy c. dongéng
b.méré beja d. wawaran
10.

No comments: