Babasan Jeung Paribasa

adam lali tapel
poho ka baraya jeung poho ka lemah cai

adat kakurung ku iga
adat nu hese digantina

adean ku kuda beureum
beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur

adigung adiguna
gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana

ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan)

Saturday, December 5, 2009

Kisi-Kisi Bahasa Sunda UAS Ganjil Kelas IX

1. Carpon "Sumbangan"
2. Surat Resmi
- karangka surat resmi
3. Kecap Bilangan
- saraju
- sawidak
- salosin
- salikur
4. Kaulinan Barudak
kaulinan barudak dina mangsa baheula.
a. sorodot gaplok
b. boy-boyan
c. gatrik
5. Artikel
( Nyaeta Tulisan anu midangkeun hasil talaah atawa analisis ngeunaan hiji hal, dumasar kana fakta jeung data terus di muat dina média massa )


Latihan Soal

1. Surat anu ringkes atawa pondok disebutna.........
a. surat pribadi c. mémo
b.uleman d. surat kakuasaan
2. Carita pondok dina basa Inggris disebutna…..
a. love story c. slow story
b. rapid story d. short story
3. Nu ngabédakeun surat résmi jeung surat pribadi nyaéta surat résmi mah sok maké…
a. tanggal surat c. kop surat
b. mesin ketik d. amplop
4. Tulisan anu midangkeun hasil talaah atawa analisis ngeunaan hiji hal, dumasar kana fakta jeung data terus di muat dina média massa disebut......................
a. éséy c. carpon
b. artikel d. wawaran

No comments: