Babasan Jeung Paribasa

adam lali tapel
poho ka baraya jeung poho ka lemah cai

adat kakurung ku iga
adat nu hese digantina

adean ku kuda beureum
beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur

adigung adiguna
gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana

ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan)

Monday, March 12, 2007

Dunya Internet

NGABALADAH INFORMASI DI INTERNET
ku : Rahmat “02

Text Box:  Internet mangrupa hiji jaringan computer anu matalikeun ka sakumna nu aya di dunya. Akses Jaringan internet mangrupa jaringan internasional anu sumeber di sakumna dunya. User internet mung ngetik alamat web site anu dituju dina kotak alamat ( address ), program komputer bakal ngaakses anu di tuju. . Website eta nyadiakeun mangrupa informasi-informasi anu dipikahayang ku pangakses.

Internet lir ibarat perpustakaan dunya. Dina aplikasi internet lamun urang nalungtik jeung ngabaladah dina jero eta internet bisa dimamfaatkeun sacara optimal. Dina akses internet nyadiakeun informasi- informasi nepi ka bubuk leutikna. Henteu unggal jalma bisa ngaplikasikeun internet, aya paribasa henteu wawuh moal wanoh henteu wanoh moal bogoh henteu bogoh moal dokoh. Eta paribasa teh hiji bukti yen lamun urang arek ngalakonan kudu wawuh heula lamun geus wawuh tangtu dina prak-prakanana moal tag teg tog. Dina dunya cyber ngeunaan informasi nasional, internasional bisa ku urang ka baladah , tangtu dina ngabaladah dunya cyber kudu apal alamat web anu baris ku urang dituju.

Internét geus ngaranjing dina kahirupan manusa kiwari. Malah, di nagara deungeun mah, internét téh geus jadi salah sahiji pakakas komunikasi nu praktis tur efisién. Rupaning widang paélmuan nyebar dina internét, leuwih ngénténgkeun geusan ngundeur pangaweruh. Contona Google earth nyaeta hiji wadah paelmuan dina widang geografi anu bisa nalungtik pencitraan atawa gambaran ku satelit ngeunaan kaayaan kahirupan nu aya disakuliah alam dunya

Mun nyukcruk kana sajarahna, internét téh dipokalan ku urang Amérika. Ti dinya terus nyebar ka unggal nagara, minangka téknologi anyar dina widang komputer. Kamekaranana éstuning matak hookeun, boh ditilik ti nu makéna (netter) boh ditilik tina pajanganana (website). Dina catetan situs google, juru susud (search engine) rohangan internét, kiwari jumlah kaca dina internét téh geus leuwih ti 8 milyar.

Torojolna internét, milu mangaruhan deuih kana basa-basa nu aya di sakuliah dunya. Istilah téknologi internét saperti e-mail, website, mailing list, download, server, homepage, chatting, jeung sabangsana, mimiti ngeuyeuban kekecapan sapopoé, pangpangna keur nu biasa maké internét. Ti dinya brol wéh kamus istilah téknologi nu jumlah kecapna nepi ka rébuan éntri.

Sawatara urang Sunda, geus biasa ngagunakeun internét keur komunikasi. Situs nu maké basa Sunda gé saeutik. Bisa jadi, ieu téh lantaran pangaweruh urang Sunda kana téknologi nu kawatesan kénéh. Tapi reueus oge, basa Sunda bisa milu makalangan dina dunya cyber. Aya sawatara website nu maké basa Sunda, saperti sundanet, galura.com, mangle-online.com, cupumanik.com, urang-sunda.or.id.

Ngarah teu matak poek ngeunaan elmu cyber , urang pedar heula sawatara istilah dina internét nyaeta :

1. Internét, sistim jaringan komputer nu nyambung sakuliah dunya, maké satelit, kabel telepon atawa nirkabel. Saha baé bisa muka internét, bisa ngambah (surfing) ka mana waé, bisa ngoréhan tur ngabaladah rupaning élmu bari teu kawatesanan ku anggang.

2. Website, sok disebut situs, alamat minangka konci pikeun muka eusi internét. Upamana www.urang-sunda.or.id, www (word wide web) nuduhkeun alamat internét, urang-sunda nuduhkeun ngaran website, or.id nuduhkeun wewengkon (domain). Nu disebut domain, rupa-rupa, gumangtung ka fungsi éta situs. Aya nu disebut com (communication), edu (education), or (organization), jeung sabangsana. Unggal nagara geus boga kodeu séwang-séwangan deuih, upamana Indonésia (id), Jepang (jp), Walanda (nl), jeung sajabana.

3. E-mail, serat éléktronik (sérélék). Alamat e-mail fungsina teu pati géséh jeung nomer hapé, nyaéta pikeun silih kirim pesen. Aya leuwihna sérélék mah, lian ti pesen téks, bisa ngirim gambar, sora, jeung vidéo nu ukuranana leuwih gedé. Upamana, urang bisa ngirim naskah buku nu jumlahna 1.000 kaca dina waktu nu ngan sajorélat.

Situs web anu nyadiakeun fasilitas search enggine jeung informasi nyaeta :

1.Portal Indonesia

Astaga, Ayo.net, Bacaanku.com, Balinesia, Bolehmail, Catcha.co.id, Detik, Dewadewi, Gadogado.net, Kemana.com, Koridor, Pandawa, Satulelaki, Portal Pendidikan.com, Satunet, Terkenal, Labalaba jeung Plasa .

2.Portal Internasional

Altavista, Ultra , google, , Yahoo, Excite, Lycos, aol, MNS, Search, Snap, Goto,jeung Clusty.

Rujukan :

1. www.ilmu-komputer.com.

2. NGAMEKARKEUN BASA SUNDA DINA INTERNÉT menunang Mamat Sasmita & Mang Jamal

dina Kongrés Basa Sunda di Subang Juni 2005

1 comment:

Liezmaya said...

hmm nuhun kang elmuna...mani sakeudikpostingan teh kang tara di updatenya?

alahnepangkeun ah sareung simkuring, mangga tuh ameungan kapalih kidul :)
http://sundajava.blogspo.com