Babasan Jeung Paribasa

adam lali tapel
poho ka baraya jeung poho ka lemah cai

adat kakurung ku iga
adat nu hese digantina

adean ku kuda beureum
beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur

adigung adiguna
gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana

ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan)

Thursday, May 29, 2014

Latihan UKK Basa Sunda Kelas VII dan kelas VIII


Latihan UKK Bahas Sunda kelas VII 
Tahun Pembelajaran 2013-2014

  Titenan (perhatikan) soal dina teks Paguneman  ieu di handap
1 .   Arya          : Halo! Assalamu’alaikum!
   Nendi       : Wa’alaikumsalam!
   Arya         : Dupi ieu sareng Nendi?
   Nendi       : Muhun,ieu abdi nendi.
   Arya         : Nen,dupi pelajaran basa Sunda leres aya pancen (tugas) kedah ngadamel sajak?
        Nendi       : Sumuhun,pan ku Pa Rahmat tos ditetelakeun.
                         Eh,Arya mah tuda kamari  teu sakola nya,ka mana?

            Tokoh (jalma) nu keur nelepon di luhur téh....
             a. Dua budak nu kakara panggih.
             b. Babaturan sakelas.
             c. Babaturan nu geus heubeul teu panggih.
             d. Budak sakola anu beda kelas.
2. Eusi obrolan dina telepon di luhur téh....
            a. Nanyakeun ngaran guru basa Sunda.
            b. Nanyakeun babaturanan nu teu asup sakola.
            c. Nanyakeun babaturan.
            d. Nanyakeun pancen basa Sunda sabab teu sakola kamarina.
3. Dina paguneman di luhur aya kecap pancen nu hartina...
            a. nitah                        b. Tugas                      c. Ngageroan              d. Ngajak
4. Thorik          : “leres kitu bu. kelas 7 téh badé ka Ka Jakarta!
 Bu guru       : “leres, ku naon kitu?”
 Thorik          : “Hoyong ngayakinkeun bae bu, mani hoyong geura angkat!
                                                             kamana ka Jakartana téh Bu ?”
Bu guru        : “dugi ka ayeuna teu acan tangtos , ngantosan hasil rapat”
Thorik           : “kahoyong mah ka Dufan, nya Bu ?”
Bu guru        : “nya atosan bae hasil rapat, sugan luyu sareng kahoyongna”
Dumasar kana paguneman di luhur , watek ibu guru téh …..
a.         Gedé hulu        b. wijaksana    c. teu respon    d. otoritér
4. Nyarita dina telepon mah kudu ringkes ulah......
       a. jelas                                                              c. singkat
       b. gurunggusuh                      d. kaharti
5. Adjie nuju ….. Alqur’an di Mesjid Istiqlal
     Pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta………….
       a. ngaos                           c. maca
       b. ngaji                             d. nulis
 6. Kalimah anu cocok pikéun ngaléngképan paguneman di handap nya éta ...
       Didin   : “Ban, ari lémésna Ambek naon ?”
Baban  : “lémésna kéur saha, kéur diri sorangan atawa keur batur?”
Didin    : “Kéur duanana wé!”  
Baban  : “........................................................”
Didin    : “énya bénér”
   
a. “Keur sorangan mah marah, keur batur bendu    
b. “Keur sorangan mah ambek  keur batur bendu
c. “Kéur sorangan mah bendu, keur batur ambek 
       d. “Keur sorangan mah bendu, keur batur marah ”
7. Carita Pondok téh eusina mangrupa carita rékaan, atawa disebut ogé……..
a. legenda                                                       c. hikayat
b. naratif fiktif                                                           d.roman

8     8.Tokoh idola nyaéta tokoh anu.......
 a. dipikangewa                                               c. dipikahina
 b. dipikaresep                                              d. dipopohokeun
           
      9. ………………Ronaldo badé sumping (datang) ka dieu téh?
Kecap pananya dina kalimah di luhur nya éta …
 a. kunaon                                                       c. naha
 b. saha                                                            d. iraha
    10. Kalimah anu cocok pikéun ngaléngképan paguneman di handap nya éta ...
       Didin   : “Ban, ari lémésna Anggeus naon ?”
Baban  : “lémésna kéur saha, kéur diri sorangan atawa keur batur?”
Didin    : “Kéur diri sorangan!”  
Baban  : “........................................................”
Didin    : “énya bénér”
a.      Rengse                      b. enggeus          c. parantos          d. sudah

Kisi kisi Bahasa Sunda kelas 7
UKK Tahun pembelajaran 2013-2014                               

1.    Conto wacana Tokoh Idola : kang ibing  (wacana ada di naskah soal)
2.    Berbicara dina telepon
3.    Paguneman  teks ada di naskah soal
-    kecap pancen nu hartina tugas
4.    Carpon
-    Pengertian carpon :   carita rékaan anu mere kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana
                                      Parondok.
-    Carita Pondok téh eusina mangrupa carita rékaan, atawa disebut ogé naratif fiktif
-    Conto carpon Hape : Tokohna manik yang menggambarkan kesedihan (pikasediheun)
-    Unsur – unsur yang ada di carpon adalah:
        a. tokoh/palaku    b. tema carita  c. setting/latar

5.    . Contoh kalimah Undak Usuk Basa
-    Kecap ambek-bendu = marah
        “Keur sorangan mah ambek  keur batur bendu”
-    Kecap Anggeus keur sorangan nyaeta : rengse
-    Abdi neda Bubur kacang di dago Simpang
-    Adjie nuju ngaos Alqur’an di Mesjid Al Ihsan Darul Hikam
6.    Dongeng :
-    Conto dongeng fabel : sakadang peucang (naskah dongeng ada di soal )
                
7.    Wawanohan (perkenalan)
-    Contoh ngawanohkeun diri (perkenalan )
Nepangkeun, wasta pun Rakan Saputra. Pami dirorompok mah dipaparin pangnénéh nyaéta Rakan. Tempat ping gumelar di Tasikmalaya, 27 Juli 1992. Simkuring anak bungsu tina tilu sadulur.
-    Conto
a)    Wasta: Adjie Pangestu
b)    Nénéhna: Adjie   
c)    Témpat & Tanggal lahir: Bandung, 25 September 1998   
d)    Agama: Islam   
e)    Alamat: Jl. Jalan Mélati no. 15 Bandung
f)    Asal Sakola: SD Darul Hikam
-    Kecap kakasihna = ngaran (nama)
8.      Babagian Salira (anggota badan)
          - kecap patuangan dina bahasa Indonesia perut
         - kecap ramo dina bahasa Indonesia = Jari-jari
          - kecap mastaka dina bahasa Indonesia = kepala
         - basa Sunda lemesna tina kecap panon = soca
         - basa Sunda lemesna tina kecap leher = tenggek   
         - basa Sunda lemesna tina kecap huntu = waos
    



Latihan UKK bahasa Sunda Kelas VIII
Tahun Pembelajaran 2013-2014

 
Pek ku hidep pilih salahsahiji jawaban anu merenah dina soal di handap !
1.       Dudin   : “Ban, ari lémésna dahar naon ?”
     Baban  : “lémésna kéur saha, kéur diri sorangan atawa keur batur?”
     Dudin   : “Kéur duanana wé!”
     Baban  : “........................................................”
     Dudin   : “énya bénér”
Kalimah anu cocog pikéun ngaléngképan paguneman di luhur nya éta ...
a. “Keur sorangan mah émam, keur batur tuang!”     
b. “Keur sorangan mah tuang keur batur néda”
c. “Kéur sorangan mah tuang, keur batur émam!”     
d. “Keur sorangan mah néda, keur batur tuang!”

    2. Undak-usuk basa anu mérénah aya dina kalimah ...
a. Aki Ujo némbé dongkap ti sawah
b. Bapak nuju ambek ka abdi
c. Abdi bade angkat héula ka sakola
d. Bapak nuju bendu  ka abdi
     3. Meureun we ngirim surat téh dibalikeun deui da teu makě ....................
a. Materai                                      c. Kertas segel
b. Alamat tujuan                           d. Amplop surat
  1.        Pikeun ngajak jalma lian sangkan milampah pagawéan babarengan disebut kalimah paréntah.........
          a. pangajak                                           c. pangwawadi
           b. pangjurung                                          d. panyarék
  1.        Pikeun ngajurung jalma sangkan milampah pagawéan babarengan disebut kalimah paréntah.........
     a. pangajak                                                 c. pangwawadi
     b. pangjurung                                             d. panyarék
  1.         Pikeun nganjurkeun jalma lian sangkan milampah pagawéan disebut kalimah paréntah........
     a. pangajak                                                 c. pangwawadi
     b. pangjurung                                                d. panyarék
  1.       Pikeun nyarek jalma lian sangkan teu milampah pagawéan babarengan disebut kalimah paréntah.........
     a. panyarék                                                c. pangwawadi
     b. pangjurung                                                d. pangajak
  1.          Pikeun maksa jalma lian sangkan milampah pagawéan disebut kalimah paréntah.........
     a. pangajak                                                 c. pangwawadi
     b. panitah                                                    d. panyarék
  1.            Conto tina kecap kalimah paréntah pangajak nyaéta.........
     a. cik, cing, punten                                      c. ulah, teu meunang
     b. gancang, enggalkeun                                 d. hayu, yu, mangga
10. Conto tina kecap kalimah paréntah pangjurung nyaéta.........
     a. hayu, yu, mangga                                    c. ulah, teu meunang
     b. gancang, enggalkeun                              d. cik, cing, punten

Maca Sajak
Wilujeng Wengi
Karya : yayat Hendayana

Wilujeng wengi, kota bandung, wilujeng wengi
Peuting ieu kuring rék tibra saré
Lantaran ti beurang anjeung geus ngahadiahkeun
Sumanget gawe; ngahanca garapan nu can deuk réngsé
Nyaéta kamerdékaan sabangsa kuring
Sangkan leupas tina jajahan kéjo sapiring

11.   Suasana sajak di luhur ngagambarkeun ….
a. suasana bandung dina mangsa peuting            c.  suasana jalma berehan
b. suasana bandung dina mangsa beurang               d.  suasana kahirupan nu balenghar
12. Kurnia  kumaha damang ? nuhun upami damang mah. Abdi oge ayeuna mah nuju séhat. Mugia urang
      saréréa salamina aya dina kaséhatan. Amin.
      Ungkara basa di luhur sok kapanggih dina bagian …………….
a.       Bubuka surat                          c. bubuka pidato
b.       Panutup surat                          d. panutup pidato

Kisi kisi Bahasa Sunda kelas 8 
UKK Tahun pembelajaran 2013-2014                                                     

1.Pengertian Kalimah Parentah
a.Kalimah paréntah pangajak nyaéta : Pikeun ngajak jalma lian sangkan milampah pagawéan babarengan. Conto kecap : hayu, yu, mangga
Conto kalimah : Hayu, urang ngaronjatkeun hasil produk garmen dalam negri sangkan
leuwih alus batan produk garmen luar negri
b.Kalimah paréntah pangjurung nyaéta : Pikeun ngajurung jalma sangkan milampah pagawéan babarengan. Conto kecap : . gancang, enggalkeun
Kalimahna : Gancang leumpang téh, jang ! 
c.Kalimah paréntah pangwawadi nyaéta : Pikeun nganjurkeun jalma lian sangkan milampah pagawéan.  conto kecap : alusna, hadena, saena
d.Kalimah paréntah panyarék nyaéta : Pikeun nyarek jalma lian sangkan teu milampah pagawéan. Conto kalimahna :  Ulah kitu, euy !
e.Kalimah paréntah panitah  nyaéta : Pikeun maksa jalma lian sangkan milampah pagawéan.
Conto kecap : cik,cing, punten, pek
Conto kalimah : Punten, alihkeun éta méja ka palih ditu!


 Conto kecap dina kalimah paréntah
-     Aeh Bapa mangga ka ka lebet !
-     Samemeh angkat, alusna manéhna téh menta idin heula ka kolot !
-    Punten, bu, pangyimpenkeun pulpen Bapa !
-    Ulah, Sok popolotot ari ka kolot, doraka !
-    Punten, pangmésérkeun baso ka warung Ceu Umi !
2.    Undak usuk basa
a.    Makan = dahar
       “Keur sorangan mah néda, keur batur tuang!”
b.    Masuk = abus
       “Keur sorangan mah lebet, keur batur lebet!”   
c.    Bendu = marah
        Bapak nuju bendu  ka abdi
d.    Kecap enggal-enggal = gancang-gancang
e.    Kecap dayeuh = kota

3.    Surat Pribadi
        a.  Kalimah ieu dihandap nu ka asup panutup surat, nyaéta …….
           ( sakieu heula serat ti abdi, sanes waktos disambung deui)
4.    Melengkapi Sisindiran
      Conto Sisindiran :
1.    Cau naon cau naon
        Cau kulutuk di juru
        bau naon bau naon            
        bau hitut nu di juru       
2.      Meuncit meri dina rakit
           Boboko wadah bakatul
           Lain nyeri ku panykit
        kabogoh direbut batur
      
5.    Maca Sajak
Wilujeng Wengi
Karya : yayat Hendayana

Wilujeng wengi, kota bandung, wilujeng wengi
Peuting ieu kuring rék tibra saré
Lantaran ti beurang anjeung geus ngahadiahkeun
Sumanget gawe; ngahanca garapan nu can deuk réngsé
Nyaéta kamerdékaan sabangsa kuring
Sangkan leupas tina jajahan kéjo sapiring

a.Suasana sajak di luhur ngagambarkeun suasana bandung dina mangsa peuting
b.Rasa kagambar dina eta sajak nyaeta kasusah
c.Panyajak nempatkeun dirina dina posisi rahayat anu masih keneh tacan leupas tina kasusah
d.Anu dimaksud tong dipaké leutik haté ku panyajak téh kahirupan rahayat anu masih keneh
  Sangsara

 

1 comment:

Unknown said...

hatur nuhun, sangat membantu mengerjakan pr anak,tapi kalo boleh saran untuk kelas 7 nya kurang banyak (: