
Ku Étti RS
Neuteup daratan sabéngbatan
bet manjang dina ingetan
lemah pangancikan kalimpudan suhunan
ti gedong petingan nepi ka tempat nyiruruk saliwatan
‘na saha nu ngagelar tanah angar?
‘na saha nu teu butuh rampidakna tatangkalan?
pulas héjo pasawahan
tingarudat di antara pulas-pulas campuran
lir papaés na lukisan nu teu miroséa aturan
Ka saha kudu talatah
nepikeun rasa ngeunaan tempat bumetah
ka saha kudu jumerit
nepikeun karisi ngeunaan bumi nu leungit
iraha kudu ngocéak
nepikeun sora haté nu ngarakacak
Neuteup daratan sabéngbatan
bet bingung nyiar pangreureuhan
paur teu tepung jeung linduk gunung
inggis teu panggih jeung kapinis meuting
neuteup daratan… ilang raratan
Cengkaréng, 16 Desember 2003
————————————
Notasi Pati
Ku halon wiletan
nu ngamadakeun lagu hirup jeung kawih pati
lebah mana nada nu mindahkeun sora
sajorélat ngawujud lagu paturay
Ku samar wirahma
nu ngawatesan réngkak raga jeung ketak nyawa
‘na iraha ketukan mindahkeun ringkang
sakedapan ngajirim ibing lekasan
Ku ipis lalangsé
nu mindingan panggung pangelaran jeung pangbalikan
beulah mana lolongkrang tempat Ajroil singkil
sakiceup janggélék ilang teuteupeun
Notasi pati nu pasti paparin Gusti
mo kabaca ku singsaha nu sakola
mo kaéjah sing diilo unggal wayah
runtuyan nada anugrah Maha Kawasa
mo karampa ku mangyuta garpu tala
da lain anggitan do-ré-mi-fa-so-la-ti
atawa sanggian da-mi-na-ti-la
éstuning élmuning tanda
tapakureun saréréa…
Bandung, 27 Désémber 2003
(sumber:http://cupumanik.com)
1 comment:
Makna sajak nya apa?
Post a Comment